"Tenjo ku sia, naha eta rarapen ngabayak diantep bae? Naha eta nu nguyumbang teu diberesihan? Ngedul siah, henteu geten kana ingon-ingon! Kumaha lamun eta kuda gering?"
"Teu acan bae juragan, apan abdi teh nembe dongkap pisan tas ngarit."
"Wah siah ngalawan bae si ka dunungan teh, kalah ka hakan bae, ari kana gawe ngedul! Sia moal dibere nyatu ku aing!!!"

Dinten eta yaktos pun boncel henteu dipasihan barang teda, ngongkrong teu kararaban sangu saremeh.
Enjingna sabada meresihan gedogan pun Boncel mios deui bari manggul sundung bade ngarit ka reuma.
Ku margi kosong beuteung, teu acan kararaban katedaan, manehna ngaraos nahnay nanjak ka pasir teh. Barang dongkap ka mumunggang, gek diuk handapeun waru ngareureuhkeun heula kacape.
Pikirna ngerik taya hinggana, ras emut kana kamalaratan indung-bapana kawuwuh ari gaduh dunungan ku teu aya pisan tinimbanganana.