Thursday, May 5, 2016

Biografi Dewi Sartika


IBU Dewi Sartika dilahirkeurnana tanggal 4 Desember 1884 di kota Bandung. Ibuna Nyiraden Radjapermas, ari ramana Raden Somanagara, Patih Bandung duanana turunan para bupati anu tedak-tumedak ti jaman Dipati Ukur keneh nepi ka perang dunya kadua
Ibu Dewi Sartika katelahna ku jalma rea mah Agan Dewi. Agan teh sesebutan ka wargi-wargi dalem anu landes boh prya boh wanita,ari putra-putra dalem disebutna mun priya aom,mun wanita juag. Dina ka tompernakeun abad ka-19 wanita Sunda masih dikungkung ku adat istiadat kuna anu turun-tumurun ti jaman ka jaman. 
Wanita harita taya deui ancoanana ngan pikeun jadi patih goah", tegesna ngurus dahareun jeung sumujud ka salaki, supaya runtut-raut lambat-lambut nya laki rabi.
Rupa-rupa elmu jeung kapinteran, saperti maca, nulis, ngitung jste. Pikeun awewe mah basana teu perlu, da moal jadi juru tulis.

Sanajan harita di unggal-unggal dayeuh geus aya sakola kabupaten hiji, tapi muridna lalaki wungkul, da awewe mah teu meunang loba codeka cenah. Ngan ngaji anu dimeunangkeun teh, kitu oge nu ngaraji teh ngan anak menak atawa nu beunghar sarta ngajina di saimahna-saimahna diadon ku guru ngaji.Sapoe-poe teh barudak awewe nu geus rada gede kudu nguprek di imah bae, sagawe-gawe nu sakira perlu pibaringeun. Ana rajeun indit-inditan, lamun dibawa ku kolotna. Cacampuran jeung pamuda babadanana dianggap kalakuan nu goreng kabina-bina

Upama nindak kana rumaja putri, komo lamun geus rek dikawinkeun mah, parawan-parawan kudu bae dipingit, teu meunang bijil ka buruan-buruan acan. Kitu biasana di kota. Ari di pasisian, lantaran kaayaan hirup kumbuh beda deui, arang-arang aya nu dipingit teh, ngan cacampuran, sumawonna sakola mah teu meunang.
Upama aya wanita nu bisa maca nulis teh alam harita mah kacida anehna, teu beda jeung budak ngora buta huruf dina jaman ayeuna. Ari nu sok aya wanita bisa maca, nulis ngan di bangsa menak, tapi lain diajar di sakola, diajar di imah da bisi guyur salelembur ear sajajagat, ari sakola mah.
Kitu kaayaanana masarakat wanita di Pasundan dina waktu Ibu Dewi dilahirkeun. Ti keur leutikna keneh geus katembong, yen Ibu Dewi ngabogaan sipat nu langka kapanggih di barudak awewe jaman harita. Sajaba ngoprek jeung tetelepek, resep ka nu anyar-anyar, aya sumelap sipat-sipat pamingpin deuih.

Rama Ibu Dewi, Raden Somanagara tea kaasup ka menak anu resep kana kamajuan boh pikeun awewe boh pikeun lalaki. Ku anjeunna kamanah, yen pangarti teh sarat mutlak pikeun kamajuan sewang-sewangan jeung kamajuan masarakatJaba ti eta anjeunna tingali deuih, yen masarakat wanita Sunda disengker ku adat kuno. Sing saha anu kaluar tina eta sengkeran tangtu diaromongkeun, disebut nirca tina kaSundaan, teu mustahil disebut nyorang paharaman. Tapi sanajan kitu awahing nyaah ka putra, Ibu Dewi disakolakeun ka sakola Walanda. Di sakolana Ibu Dewi kaasup kana murid maju, saregep jeung dipikaresep ku babaturanana, anak-anak Walanda.

Sanggeus ramana pupus, Ibu Dewi diurus ku uana ti ibuna, nya eta Patih Aria Cicalengka. Didikan kaSundaan utama nu dihanca di kapatihan Bandung, diteruskeun di kapatihan Cicalengka. Jaba ti eta Ibu Dewi sok diwurukan paham-paham barat ku nyonya asisten residenBeuki gede beuki tembong bae, yen Ibu Dewi teh ngabogaan bakat pikeun ngatik barudak, sarta karep nu cengeng kana hayang maju. Di pipir gedong kapatihan anjeunna sok mindeng pisan sasakolaan,ngajar maca nulis ka anak-anak badega kapatihan, malah sakecap-kecapeun basa Walanda. Ari minangka borna panto kandang kareta, nulisna ku areng, minangka sabakna beubeulahan kenteng, nulisna ku areng deuih.

Sanajan disebutna sasakolaan sarta ngajarna jeung dialajarna bari ulin, ku sabab aya topek bawa ngajadi di nu jadi guruna, teu burung aja hasilna. Sababaraha urang anak-anak rencang nu barisaeun maca jeung nulis. Ku kituna atuh dieuleuh-euleuh ku urang dayeuh, anak gandek bisa maca nulis, tur guruna budak umur 10 taun. Da umumna mah istri-istri priyayi oge loba anu ti barang aya pikiran hideng oge, Ibu Dewi ujug-ujug katarik bae ku pagawean guru, basana resep. Komo sanggeus sok sasakolaan mah, geus ngarasakeun hasil pagaweanana, kana jadi guru teh beuki manteng bae.




No comments:

Post a Comment