Saupama ti Sumedang rék ka Bandung, nepi ka
Tanjungsari, tangtu ngaliwat tanjakan anu kacida panjangna, nyaéta tanjakan
Cadas Pangéran. Nu matak éta tanjakan disebut kitu, rada panjang sajarahna,
malah supaya tétéla, leuwih hadé ku urang dipikanyaho, kumaha di lebah dinya kaayaanana ayeuna,
baheulana jeung baheula pisan. Dina waktu ieu
carita dituIis, kaayaan lebah dinya geus kacida bédana jeung baheula, lantaran
jalan heubeul mah (tonggoheun jalan nu ayeuna) geus teu dipaké, kusabab nanjakna netek teuing. Ayeuna mah nanjan nanjak
kénéh oge, beunang diliwatan mobil, tur sisina make gili-gili beton, teu matak
inggis tiguling kana jurang Cipelés nu sakitu gurawésna.
Baheula mah dina jalan heubeul tea taya petana beunang
diliwatan mobil. Kira-kira dina taun 1900 waktu tacan aya mobil di Pulo Jawa,
lolobana nu ngaliwat ka dinya téh leleumpang. Mimiti tanjakan
netek di lebah Pamucatan. Baheula jelema nu ngaliwatan ka Pamucatan jaman Harita. Biasana indit ti dayeuh Sumedang subuh-subuh. Ari nepi
ka Pamucatan kahar eureun, kudana sina ngareureuh. Nu tumpakna sok tarurun,
sasarap heula, boh muka
bebekelan boh barang beuli di warung. Inditna deui ti
dinya kahar téh sok didayung, nyaéta disorong ku dua jelema pangdayungna kénca katuhu dipaké nahan kikiping, supaya rada kateueul, jadi matak rada
hampang karasana ku kuda sajeroning ngadeger kahar bari luut-leet kesang. Lamun engké geus méakkeun tanjakan, kahar téh eureun
deui, dayungna dilaanan. Nu ngadayung diburuhan, saketip saurangna. Masana
maranéhna sok ngadaragoan kahar nu ti Bandung rék ka Sumedang, sabab mudun ogé
kudu didayung, sangkan kikiping rada katahan di hareup, jadi kuda teu asa
disurungkeun ku kahar.
Ari népi ka Pamucatan, kakara dayung dilaan (dipucat),
supaya kahar bisa ngagorolong deui, tur ku dana bisa lumpat sakarepna. Ku
carita nu geus kasebut di luhur, urang geus bisa ngajawab ka nu nanya, naon
sababna nu matak lembur di lebah dinya dingaranan Pamucatan. Ari kareta Pangagung, komo kahar pos, tara didayung ku
jelema cara kahar nu teu sakumaha beuratna. Èta mah di Pamucatan kudana sok diganti ku munding, nyaéta nu leuwih bedas tur leuwih bisa
nanjak mudun. Tadi di tonggoh (di tungtung
tanjakan tea) sabot kahar urang eureun, lamun urang ngareret ka sisi jalan,
dina cadas nu nangtawing, tangtu awas kana marmer nu ditaplokkeun di dinya
sarta ditulisan kieu "Dibobokna dina taun 1811. Jasa
Pangeran Kusuma Dinata jeung Raden. Demang Mangku Praja. Dipigawe ti 26
Nopember nepi ka 12 Maret.
Teu kudu dijujut deui, éta marmer jadi katerangan,
naon sababna nu matak éta tanjakan ditelahkeun Cadas Pangeran, nyaéta
pangemut-ngemut ka Kangjeng Pangeran Kusuma Dinata, nu gedé jasana. Ari
panjangna carita, sakumaha nu ditulis di handap ieu. Ti jaman baheula pisan antara Sumedang-Bandung geus
aya jalan, tapi jalan leutik baé, henteu beunang disorang ku kahar. Rajeun aya
tutumpakan, jaba ti kuda ngan ukur tandu atawa joli. Waktu Tuan Besar Daendles
meréntah muka jalan pos ti Anyér ka Banyuwangi, Cadas Pangéran kudu dibobok,
najan cadas sakitu teuasna ogé kudu didungkar, kudu diratakeun
sangkan beunang diliwatan ku kahar pos. Jaman harita
taya lembur nu deukeut-deukeut ka dinya, lantaran sapanjang jalan ngan cadas
baé, taya tanah pikeboneun, sumawonna pisawaheun, da teu aya caina, aya ogé
walungan Cipelés téa, lain unggah-unggahkeuneun, tina sakitu handapna, sasat
aya di suku punting. Ari éta Tuan Besar kacida pisan kerasna tur barangasan,
malah nelah Jendral Masgalak, asal tina Marsekalek, reh anjeunna kungsi meunang
pangkat Maarschalk di tanah Prasman.
Para bupati nu wewengkonna kasorang ku jalan pos anu
kasebut di luhur geus diparéntah, kudu ngeprik rahayatna, migawé éta jalan, bari diancam ku hukuman, mun teu anggeus
dina waktuna dironda ku Tuan Besar. Kangjeng Pangéran Kusuma Dinata geus
nimbalan abdi-abdi nu jarauh, bubuara ka lebah Cadas Pangeran, satungtung
migawe jalan. Ku anjeunna kauninga, yen ta pagawéan téh
kabina-bina beuratna, wantuning cadas teuas, ari parabot ngan ukur pacul jeung
linggis, turug-turug hésé dahareun hésé inumeun, katambah ku loba maung. Henteu kurang nu maot ditekuk maung. Aya oge nu maot
langlayeuseun atawa lantaran gering teu diubaran. Najan kitu
Kangjeng Pangeran teu rasa majar kumaha, da kumawula Abdi-abdi nu dikerid ka dinya di lemburna ninggalkeun anak pamajikan jeung
ninggalkeun pakaya. Sawah mah sawahna
nepi ka gamblung, henteu kagarap. Cindekna muka jalan meubeut niculit nyusahkeun ka Kangjeng Pangéran ku
anjeun saponggawa remen kapaksa kulem di leuweng, waktu ngaronda jeung bari
ngagumbirakeun abdi-abdina.
Kocap dina hiji poe Kangjeng Pangéran diiring ku
papatihna Radén Demang Mangku Praja katut Priyayi nu séjén, geus sayagi baris
nampi Jenderal Masgalak alias Jenderal Guntur, nu ngersakeun ngaronda. Ti kajauhan
kénéh Tuan Besar geus kaciri merengutna, rehing jalan tacan ngabulungbung,
tacan nyumponan kahoyongna.
Saenyana Kangjeng Pangéran geus
kenging wartos, yen geus réa para priyayi anu geus meunang sesendu ti Tuan
Besar, kitu deui tina nal kabengisan Tuan Besar disarebut Ranggawayang, urat
ngangkang dina tarang, pangaruh jelema bedang, ambekna sakulit bawang, sakecap
kadua gobang. Èta kabéh Kangjeng Pangéran geus uningaeun tapi anjeunna teu
gimir, barang amprok tuluy manggut tanda hormat aya di lebah nu aya marmer téa. Tuan Besar nyodorkeun panangan tengen maparin tabé,
ari ku Kangjeng Pangeran ditampi ku panangan kiwa, sabab panangan tengen mah
dianggo nyepeng landéan keris, nu geus digilirkeun ka payun.
Lir gaang katincak wiwilanganana ngambekan Para priyayi
Sumedang ratug lir tutunggulan, mangrisikeun
mangreuwaskeun ku ketak Kangjeng Pangeran. Ieu-ieu geus
teu samar, sakurang-kurangna gé bakal aya gelap saleser, nyaéta gentra Jendral
Masgalak, da meureun aya nu ngunghak.
Tuan Besar teu teras maparin tabé, teras baé merong ka
Kangjeng Pangéran. Tungtungna paperong-perong, semu hoyong silih jug-jugan
jajatén. Kangjeng Pangéran katara dina rarayna, yen pinuh ku kayakinan, niat
ngabélaan bebeneran. Anjeunna rumaos geus nohonan kawajiban samistina, tur
kagungan raos wajib ngabélaan rahayatna. Tapi sajeroning kitu, anjeunna hoyong
mintonkeun kahormatan salirana. Kebeneran Tuan Besar emut dikajatnikaan salira. Anjeunna teu teras bendu, lir
keuna ku pileumpeuhan Kangjeng Pangeran. Pok anjeunna mariksa
"Regen,
naon maksud anjeun nu matak nampanan tabé ku panangan kiwa ?"
Kangjeng Pangeran henteu, galideur, jongjon mencrong kana pameunteu Tuan Besar. Pok anjeunna
ngawalon
“Kangjeng Tuan, Jisim kuring sanes mungpang kana
timbalan, sanes henteu gaduh karep digawe satemenna, mung nyuhunkeun timbangan, lantaran padamelan jisim kuring
langkung abot batan nu sanes. Taya untupan
pikengingeun pangadilan ti Kangjeng Tuan, sim kuring hayang mintonkeun, langkung suka maot nandangan hukuman, ti batan kenging dipaksa
ngalampahkeun anu teu surup jeung hate. Jisim suka disebat jelema
baha, batan dituding rayat pribadi
nu tanpa dosa."
"Naon anu
jadi kabeurat téh, cik carioskeun, kaula hayang ngadengé."
Paralak ku Pangawulaan dicarioskeun, sakumaha banggana
nu garan cadas anu sakitu teuasna, ari parabot ngan ukur pacul jeung linggis,
katambah lebah dinya téh taya jelema nu matuh, jadi kapaksa ngadatangkeun nu
digawé ti nu jarauh, cul anak-pamajikanana jeung pakayana. Ku Tuan Besar kamanah, yen tétéla kendorna éta
pagawéan lain tina kurang temen kapalana,
tapi lantaran banggana. Harita kenéh anjeunna ngadawuhan ajidanana, supaya
ngirimkeun sawatara serdadu golongan seni, dibahanan parabot keur nugar cadas
jeung keur ngancurkeun batu hirup nu kacida teuasna.
Kangjeng Pangeran kawidian metakeun jelema saperluna,
ulah nepi ka jadi kabalangsakan, asal ngeureuyeuh nepi ka anggeus. Sanggeus nibankeun paparéntahan Tuan Besar nyodorkeun
deui pananganna, maparin tabé. Ayeuna mah ku Pangawulaan ditampanan ku panangan
tengen, rengkuh sakumaha adat biasa ka pangagung saluhureun. Saparantos tatabéan teras baé Tuan Besar jengkar deui
rék ngaronda ka Cirebon.
Sasakala II karangan R. Satjadibrata.
No comments:
Post a Comment