Thursday, May 5, 2016

Dongeng Si Kabayan Ngala Lauk

Geus sababaraha peuting Si Kabayan ngadenge beja,yen tatangga-tatanggana lalintarna aruntung bae. Manehna pohara kabitaeunana, tapi teu boga pakakas.

Sanggeus mikir sakeudeung,manehna manggih akal, tuluy nyarita ka pamajikannana.

"Teung, engke peuting Akang rek ngala lauk ka walungan, kabita ku batur aruntung bae."

 "Majar rek ngala lauk ? Na, rek ku naon ngalana? Teu boga heurap teu boga useup!" tembal pamajikannana haseum.

 "Tong rea omong, maneh nyaho engke peuting dahar jeung beuleum lauk we. Kadieukeun wedang pamere mitoha teh!"






"Cokot bae ku sorangan, tuh deukeut pago !" tembal pamajikannana merengut keneh.
 
Reup peuting Si kabayan indit ka jalan tempat liliwatan tatangga-tatanggana nu tas ngarala lauk. manehna eureun handapeun tangkal caringin gede.Tuluy ditaranjang, awakna dibalur ku wedang. Sanggeus rata, tuluy manehnaa gugulingan dina kapuk bawana ti imah. Geus kitu tuluy nyumput.

Teu lila ti harita, brul jelema-jelema anu tas ngarala lauk teh ngaleut ka lebah dinya. Waktu abrulan liwat lebah handapeun tanggal caringin, jleng Si Kabayan luncat ka tengah jalan bari igel-igelan. Puguh bae jelema-jelema  anu narenjo aya mahluk bodas luncat ka tengah jalan teh, paburisat laluncatan bari tingjarerit, cul kana bawaan.

" Jurig ! Aya jurig !"
  
Kalawan riweuh jeung teu weleh imut sorangan Si Kabayan mulungan lauk anu ngabayak sapanjang jalan, nepi ka pinuh sasarung.

Geus kitu tuluy buru-buru balik da sieuneun aya nu nganyahokeun, sieuneun katohiyan nipuna. 

Peuting eta Si Kabayan untung kacida.

No comments:

Post a Comment