Thursday, May 5, 2016

Dongeng Pun Boncel


"Tenjo ku sia, naha eta rarapen ngabayak diantep bae? Naha eta nu nguyumbang teu diberesihan? Ngedul siah, henteu geten kana ingon-ingon! Kumaha lamun eta kuda gering?"

"Teu acan bae juragan, apan abdi teh nembe dongkap pisan tas ngarit."

"Wah siah ngalawan bae si ka  dunungan teh, kalah ka hakan bae, ari kana gawe ngedul! Sia moal dibere nyatu ku aing!!!"

"Unggal dinten oge disapuan ku abdi, dalah ayeuna oge bade disapuan deui." sanggem pun Boncel.

Dinten eta yaktos pun boncel henteu dipasihan barang teda, ngongkrong teu kararaban sangu  saremeh.

Enjingna sabada meresihan gedogan pun Boncel mios deui bari manggul sundung bade ngarit ka reuma.

Ku margi kosong beuteung, teu acan kararaban katedaan, manehna ngaraos nahnay nanjak ka pasir teh. Barang dongkap ka mumunggang, gek diuk handapeun waru ngareureuhkeun heula kacape.

Pikirna ngerik taya hinggana, ras emut kana kamalaratan indung-bapana kawuwuh ari gaduh dunungan ku teu aya pisan tinimbanganana.
Sangkeloh bae pun Boncel ngagolehe kana canir, sirahna diganjel ku leungeun mencrong ka langit ningal mega nu pating arudat bodas.

Teu karasaeun deui reup bae manehna sare.
Duka sabaraha jam lamina emut-emut soteh pedah kaclakclakan cai hujan.

Korejat pun Boncel hudang, bari gasak-gisik sarta culang-cileung semu reuwas. Kop kana arit bade ngarit, nanging nembe oge ngalengkah breg teh hujan ageung pisan sapertos anu dicicikeun ti langit teh sayaktosna.

Tungtungna salingker manehna kana handapeun tangkal waru tea ngarah rada iuh.

Nanging ku margi hujan sakitu ngagebretna, atuh papakeanana teu kantos lami parantos rancucut dugi ka mucicid tiriseun. 

Wanci asar hujan teh teu acan raat keneh bae. Pun Boncel teu kinten bae bingungeunana rehing teu acan kenging jukut sakeupeul-keupeul acan.

Dina emutanana moal lepat bakal disisa deui kudununganana. Ku margi kitu harita pun Boncel pikirna gilig bade minggat sakaparan-paran, reh teu aya panginten ari kana wangsul ka dununganana mah deui.

Enggalna carios pu Boncel mios ngantunkeun eta tempat.

Parantos harieum beungeut teh neker keneh bae manehna nanjak dina jalan satapak. Sakapeung mabal totorobosan kana sela-sela dapuran kaso. Emutanana kop badak kop maung henteu ngemutkeun kacape, henteu ngemutkeun kasieun. Suku kacugakan ku jaruju teu diraos tina hayang geura tebih inggis aya nu nyusul.

Barang parantos reup magrib taya panginten tiasa laju lumakuna, tina teu teurang ka mana nya pileoseun, kawantos asruk-asrukan dini bala. Tungtungna reg pun Boncel ngarandeg ngarahuh ambekanana bawaning ku ripuh peurih beuteung teu puguh raraosanana.

Kaleressan manehna mendak ranggon sisi reuma.
Atuh teu kinten bae atoheunana, enggal unggah kana ranggon bade mondok di dinya.

Rebun-rebun keneh pisan pun Boncel parantos mios deui leumpangna totorobosan turut-turut leuweung majeng ngetan. Dina emutanana ka mana bae pibraseuhanana mah sok mun ulah kasarung wangsul deui ka urut tadi bae.

Barang keur jongjon leumpang lebah lengkob kakuping aya anjing manting ngengkengan ti katebihan, haok paninggaranana hawar-hawar.

Pun Bocel reg ngarandeg bari neges-neges kamana tujuan udagan eta anjing.

Wuwuh lami wuwuh caket sora anjing teh rupina parantos kana mumunggang pisan kantun sagorempaleun deui ka lebak eta lengkob teh.

Pun Boncel taki-taki, nyekelan gegendir tangkal kopi.
Tetela mencek teh lumpatna kalebah manehna da puguh liliwatanana.

Haok Boncel mili ngahaok, "Huuuu! Huuu...huuu..waah ... waah!"

Atuh beng deui mencek teh balik deui teu daekeun ngalagena, nyalingker kana tunggul. Atuh ger bae mogok nyamberan anjing.

Ngan alusna anjingna parelit,mantingna deui teu daekeun ngalagena, nyalingker kana tunggul. Atuh ana disamber teh jleng nyingcet.

Nenjo seukeutna sihung mencek, moal salah sakali nyambar oge lamun keuna beuteung atawa kana kekemplongna eta anjing matak budal-badil eusi beuteungna da tangkal tepus mah rarampung siga dicacar ku parang seukeut bae.

Kabeneran dina keur meujeuhna mencek ngopepang, jol paninggaran dongkap ngurumuy ti nu bala.

Barang mencekna nenjo jelema,cul anjing,serepet nyamber paninggaran tea, nanging rikat nyingcet, bari habek puhu ceuli mencek teh diteunggeul ku gegendir. Atuh bru bae nambru terus diburu ku anjing tea gabrug ditekuk.

Sanggeus kitu mah lekek bae dipeuncit ku paninggaran.

Keur kitu kurunyung pun Boncel nyampeurkeun bari omongna. "Euleuh mani sakitu ranggahna paingan anjing teu wanieun narajang!"

"Enya jang, meni ledug kitu urut mogokna oge."
"Ku kuring dipegatna mah mana balik deui oge ieu mencek teh. Tadina mah rek mabal ka ditu ka lebak. " Sanggem pun Boncel .

"Ari ujang anu ti mana bet hideng mang megatkeun udagan emang?"
"Tebih rorompok mah ti Kandangwesi!"
"Ambu-ambu na mana lampar-lampar teuing?" ceuk paninggaran bari neuteup, ayeuna nu matak aya di dieu keur naon?"

"Puguh kapider, kuring teh parantos dua dinten asruk-asrukan!"
"Karunya teuing atuh meureun can barangdaharnya?
"Teu acan iwal ti pupucukan mah."
"Karunya,pek geura dadaharan atuh kadinyah! Tah timbelna mah gede jeung sambel bubuk!"



No comments:

Post a Comment