Wednesday, June 21, 2023

MATERI BAHASAN TRADISI SUNDA



KOMPETENSI DASAR

3.1. Menganalisis isi, struktur, dan unsur kebahasaan teks bahasan tradisi Sunda.

4.1. Membuat dan menyajikan bahasan tentang tradisi Sunda dalam bentuk karangan, infografi, atau film dokumenter sederhana dengan memperhatikan kaidah bahasa Sunda.


TUJUAN PEMBELAJARAN

Setelah selesai mempelajari materi pada bagian ini, peserta didik diharapkan dapat menjelaskan isi, struktur, dan unsur kebahasaan teks bahasan tradisi Sunda, serta mampu membuat dan menyajikan bahasan tentang tradisi Sunda dalam bentuk karangan, infografi, atau film dokumenter sederhana dengan memperhatikan kaidah bahasa Sunda.


A. PEDARAN


1. Bagbagan Bahasan

Bahasan atawa pedaran téh nyaéta tulisan anu medar rupa-rupa informasi, kalawan dilengkepan ku fakta-fakta séjénna. Boh pedaran hasil panalungtikan, boh pedaran pangalaman sorangan. Tangtuna, méré pangaweruh anyar anu gedé mangpaatna keur anu

maca.

Biasana dina bahasan mah lain baé medar pamanggih hiji tokoh, tapi dumasar kana pangalaman pribadi. Éta dua hal téh kacida pentingna dina tulisan bahasan mah. Pamanggih hiji tokoh bisa disebut penting, lantaran teu sagawayah. Bisa dibuktikeun ku hasil panalungtikan di lapangan, sarta dilengkepan ku sumber tulisan séjénna (buku, koran, atawa majalah).

Istilah séjén pikeun karangan bahasan téh disebutna éséy. Sabenerna, bahasan méh sarua jeung artikel, boh cara nulisna boh eusina. Tapi, bahasan mah medar hiji hal kalawan nyosok jero (objéktif), jeung bisa dibaca iraha baé teu kasengker ku waktu. Ari artikel mah leuwih tandes némbongkeun pamanggih anu nulisna (subjektif), jeung kasengker waktu lantaran medar hal-hal anu anyar (aktual).

Bahasan tradisi Sunda téh medar ngeunaan sagala rupa unak-anik tradisi Sunda anu hirup di lingkungan urang Sunda. Tradisi téh adat kabiasaan anu turun tumurun dilakonan ku masarakat sarta diwariskeun ti generasi ka generasi kalawan tatalépa, boh ku lisan boh ku paripolah.

Teu sakabéh kabiasaan disebut tradisi, lantaran ari tradisi mah boga ciri-cirina. Ari ciri-ciri tradisi téh di antarana dilaksanakeun dina waktu anu geus maneuh, boga tujuan anu tangtu, kapanggihna di hiji lingkungan masarakat, patalina jeung kapercayaan (réligi), jeung diwariskeunana kalawan turun tumurun.


a. Jenis Tradisi Sunda

Tradisi Sunda téh rupa-rupa jenisna. Aya tradisi anu patalina jeung siklus kahirupan, ti mimiti lahir nepi ka maot. Contona adat ngariksa anu nyiram, adat ngariksa anu reuneuh (kaasup tradisi opat bulanan jeung tradisi tujuh bulanan atawa tingkeban), adat ngariksa anu ngajuru, adat ngariksa orok (kaasup tradisi ékahan jeung méré ngaran budak), adat mulasara bali, adat nyundatan pikeun budak lalaki jeung gusaran pikeun budak awéwé, adat ngawinkeun, jeung adat kapapaténan (tradisi miéling jalma anu geus maot ti mimiti tiluna, tujuhna, saratus poéna, jeung sataun maotna atawa mendak).

Aya tradisi anu patalina jeung kaagamaan (réligi), pangpangna dina bulan-bulan anu tangtu. Contona dina bulan Mulud aya tradisi Muludan (miéling lahirna Kangjeng Nabi

Muhammad saw.), dina bulan Rajab aya tradisi Rajaban (miéling Isro Mi'raj Kangjeng Nabi Muhammad saw.), dina bulan Muharam aya tradisi Muharaman (mapag taun anyar Islam), dina bulan Romadon aya tradisi salila ngalakonan ibadah puasa (munggah, ngabuburit, mamaleman, nganteuran, nyieun kupat, nepi ka lebaran), dina bulan Rayagung aya tradisi ngawinkeun lantaran ieu bulan dianggap hadé pikeun ngalaksankeun nikah, jeung sajabana.

Aya tradisi anu patalina jeung adat anu mandiri di hiji kelompok atawa komunitas masarakat adat. Contona tradisi ngolah sampeu jadi kadaharan poko di Kampung Cireundeu (Cimahi), tradisi Jaroh ka makam luluhur di Kampung Dukuh (Garut), tradisi ngajaga kaberesihan jeung tempat susuci di Kampung Naga (Tasikmalaya), jeung sajabana. Aya ogé tradisi anu patalina jeung peristiwa alam atawa kajadian penting, contona tradisi Cingcowong atawa tradisi ménta hujan di Luragung (Kuningan), tradisi hajat bumi atawa salametan lembur, tradisi ruwatan bumi atawa tulak bala pikeun kasalametan sarta nyinglar rupa-rupa bahla, jeung réa-réa deui.


b. Wangun Tradisi Sunda

Ari wangun tradisi Sunda téh aya tilu rupa, nyaéta tradisi dina wangun upacara adat (sérémoni), tradisi dina wangun norma hirup (kaasup hukum, aturan, larangan, pacaduan, jeung kapamalian), sarta tradisi dina wangun palsapah hirup (perlambang atawa simbol).

Tradisi dina wangun upacara adat téh nyaéta tradisi ritual budaya di hiji lingkungan masarakat anu waktuna geus maneuh. Tujuanana pikeun ngébréhkeun rasa sukur ka Gusti Anu Maha Suci. Contona tradisi Sérén Taun di Kampung Ciptagelar (Sukabumi), tradisi Ngalaksa di Rancakalong (Sumedang), tradisi Séba di Kanékés Baduy (Banten), tradisi Hajat Laut di Cirebon, tradisi Moros di Kampung Dukuh (Garut), tradisi Nyangku di Panjalu (Ciamis), jeung sajabana.

Tradisi dina wangun norma hirup mah nyaéta aturan anu kudu dipilampah jeung diéstokeun ku hiji lingkungan masarakat anu tangtu. Contona pacaduan teu meunang ngaruksak leuweung di Kampung Naga (Tasikmalaya), teu meunang ngawangun imah témbok di Kampung Mahmud (Bandung), teu meunang nabeuh goong di Kampung Pulo (Garut), jeung sajabana.

Ari tradisi dina wangun palsapah hirup mah nyaéta tradisi anu mangrupa wujud barang, jenis, itungan, jeung wama anu tangtu, di hiji lingkungan masarakat anu kudu disurahan atawa ditapsiran. Éta wujud barang téh minangka perlambang atawa simbol anu pinuh ku ajén-inajén. Contona imah di Kampung Pulo (Garut) anu jumlahna kudu genep suhunan ditambahan ku hiji masjid, rupa-rupa bentuk suhunan imah di kampung adat, rupa- rupa motif tur beulitan iket, jeung sajabana.


c. Mangpaat Tradisi Sunda

Tradisi téh bagian tina budaya. Ari unsur budaya téh aya tujuh nyaéta basa anu digunakeun, pangaweruh, sistem kamasarakatan atawa organisasi sosial, pakakas jeung téknologi tradisional, pakasaban atawa pagawéan, kaagamaan, jeung kasenian.

Cindekna, mangpaat diajar tradisi Sunda téh urang bakal apal kana éta tujuh unsur budaya anu pinuh ku ajén-inajén (kaarifan lokal), anu teu kapanggih di masarakat modéren. Upamana baé ajén silaturahmi, silih hargaan jeung sasama, tuhu kana aturan jeung hormat ka pamingpin, sarta miara hubungan manusa jeung alam.

Tradisi ogé lain ukur pikeun kaperluan ritual atawa kapercayaan. Kiwari tradisi téh diamangpaatkeun pikeun kagiatan wisata jeung ngaronjatkeun ékonomi kréatif. Upamana baé urang bisa nyonto ka Bali, anu tradisina geus jadi komoditi pariwisata keur ngaraharjakeun masarakatna sarta ngadatangkeun dévisa nagara.



2. Struktur Bahasan

Struktur tulisan bahasan diwangun ku tilu bagian, nyaéta bubuka, eusi, jeung panutup. Geura tengetan pedaranana di handap.

a. Bubuka

Bagian bubuka nerangkeun naon-naon nu rék dipedar, atawa nyaritakeun perkara séjén anu patalina jeung bahasan pikeun babandingan.

b. Eusi

Bagian eusi nyaritakeun inti bahasan kalawan gemet, jelas, jeung dilengkepan ku data-data (faktual). Leuwih hadé dirojong ku référénsi bacaan, pamanggih hiji tokoh, jeung potrét objék tulisan bahasan.

c. Panutup

Bagian panutup mah minangka pungkasan tulisan bahasan. Bisa ku kacindekan, harepan ka hareupna, jeung nyaritakeun kaayaan kiwari.


3. Wangun Bahas an

Nurutkeun eusina, wangun tulisan bahasan téh aya opat rupa, anu sok disebut PADÉN (Persuasi, Arguméntasi, Déskripsi, Éksposisi, jeung Narasi). Sangkan leuwih paham, tengetan pedaranana di handap.

a. Pérsuasi

Pérsuasi téh tulisan anu eusina uar pangajak nepi ka bisa dipercaya, sarta ngahudang kasadaran anu maca pikeun milampah hiji pagawéan anu dianggap aya mangpaatna. b. Argumentasi

Argumentasi téh tulisan anu nerangkeun bener henteuna hiji perkara anu dirojong ku alesan-alesan anu kuat, bari diwuwuhan ku opini (sawangan atawa pamadegan) pribadi, dumasar data jeung fakta sangkan katarima ku anu maca.

c. Déskripsi

Déskripsi téh tulisan anu ngagambarkeun objék, tempat, atawa kajadian kalawan jéntré luyu jeung kanyataan, nepi ka anu maca bisa ngarasakeun langsung éta kajadian anu digambarkeun dina tulisan.

d. Éksposisi

Éksposisi téh tulisan anu eusina ngajéntrékeun tur medar hiji objék, prosésna, léngkah-léngkahna, tujuanana, jeung mangpaatna.

e. Narasi

Narasi téh tulisan anu nyaritakeun situasi atawa kaayaan ti mangsa ka mangsa kalawan ngaruntuy (kronologis), boh dumasar kana runtuyan waktu boh dumasar kana runtuyan kajadian.


4. Nulis Bahasan

Nurutkeun Hér Suganda, wartawan senior anu ahli nulis bahasan, lamun hayang tapis nulis bahasan urang kudu réa maca, tatanya ka ahlina, jeung prakna nulis. Beuki réa maca kalawarta atawa buku, bakal beuki réa ogé inspirasi jeung kabeungharan kecap anu kacangkem. Tong poho dibarengan ku muka Kamus Basa Sunda sangkan henteu salah harti jeung bener nuliskeun kekecapanana.


Sangkan hidep babari dina ngamimitian nulisna, ieu aya léngkah-léngkah nulis bahasan. Geura tengetan pedaranana di handap.

a. Nangtukeun téma

Tangtukeun téma anu dipikaresep, pedaranana henteu lega teuing, sarta sumber jeung bahan bacaan babari dipaluruh. Upamana, nulis bahasan ngeunaan tradisi anu aya di sabudeureun hidep.

b. Nangtukeun tujuan

Tangtukeun tujuan tulisan bahasan sangkan puguh jeung mangpaat pikeun anu maca. Upamana, tujuan tulisan téh pikeun méré informasi, nambahan pangaweruh, méré solusi kana hiji masalah, ngawanohkeun atawa promosi budaya, jeung sajabana.

c. Ngumpulkeun bahan

Kumpulkeun bahan atawa informasi anu ngarojong tulisan. Carana mah bisa ngaliwatan wawancara ka narasumber, maca buku, majalah, koran, atawa internét. Hadéna dilengkepan ogé ku potrét, boh potrét narasumber, boh potrét objék tulisan bahasan.

d. Nyusun rangkay tulisan

Susun rangkay tulisan dumasar kana struktur tulisan bahasan (bubuka, eusi, jeung panutup) katut bahan anu geus dikumpulkeun.

e. Nulis tulisan bahasan

Prak éta rangkay tulisan téh mekarkeun jadi tulisan bahasan anu lengkep, gunakeun basa anu komunikatif, jeung eusina matak ngirut.

f. Nuliskeun judul

Tuliskeun judul anu sakirana matak ngirut jeung ngahudang kapanasaran. Judul téh kudu ngawadahan téma tulisan, singget henteu panjang teuing (spésifik), jeung henteu matak nimbulkeun masalah (provokatif).

No comments:

Post a Comment