Thursday, May 5, 2016

Sajak Sunda


Sajak Budak Angon
Ku Toni Lesmana

Di pangangonan
Kuring
Jadi taneuh nu diseuseup jukut
Jadi jukut nu diremus domba
Jadi domba nu direcah maung
Jadi maung nu digorogot waktu

Jadi waktu nu diangon ku Anjeun
Anjeun, Anjeun, geulak-gelik, luhureun tonggong panonpoé
Niup suling pinuh kasimpé, pinuh timburu
Di dieu, aya angin nu satia ka kuring
Di langit, saha nu satia ka anjeun?



Haréwos Bojong
Ku Hadi Faturrohman

Dina tungtung peuting
Basa hujan teu jadi datang
Aya haréwos na jeroning haté
Teu apal saha-sahana
Teu nyaho rupana
Teu inget di mana kungsi panggih jeung manéhna
Tapi éta haréwos
Lir sora galura di sagara
Éstu matak ketir
Éstu matak gimir
Sok sanajan ngan ukur haréwos
Nu matak ahéngna
Éta sora kungsi jadi ciri
Lamun kuring keur nandangan kanyeri
Najan ukur bari ngaharéwos

April 2007



Matri Asih
-keur Riskawati
Ku Dhipa Galuh Purba

Tanggkal kamuning téh dipelak
Dina ati, jungjunan
Kasono nu sering adug-lajer
Hoyong metik kembangna
Nyeuseup wangi angin-anginan
Pasini téh dibeungkeut
Dina ati, jungjunan
Pageuh, hamo udar
Dadak-dadakan
Kaasih nu salawasna
Nganteng
Hoyong maheutkeun
Lalakon cinta
Urang patri
Najan dibeuleum ku widi
Dikeclakan cimata
Pageuh
Weweg
Seja sumerah ka Ajawajala
Geusan tumut kana kersa-Na
Ranggon Panyileukan, 10 Rajab 1426 H


Haté Tunggara
Ku Eulis

Dinten ieu, panon poé soék
Langit hideung, nyandak cipanon anu ngembeng
Haté ngajerit maratan langit
Ngocéak maratan jagat
Anjeun téh aya di mana
Didieu, dipangumbaraan abdi, sedih nyandak tunggara.

Dinten ieu, jalan panjang tos kabuka
Kantun urang tiasa ngaléngkahna
Nyandak mangrébu carita, nyancak rasa haté
Anu tunggara sareng haté nu gondéwah.

Pangumbaraan, Januari 3-2008

No comments:

Post a Comment