Thursday, May 5, 2016

Model Pangajaran Ngaregepkeun

MODEL PANGAJARAN NGAREGEPKEUN
BERBASIS BUDAYA LOKAL
ku : Dingding Haerudin

A. Bubuka

Kiwari masarakat Indonesia kakara eungeuh deui kana budayana sorangan. Komo sanggeus budayana diaku ku nagara tatangga mah. Sabenerna, nagara urang (Indonesia), lembur urang (Jawa Barat), kampung urang (tatar Sunda) kawéntar ti baheula mibanda rupa-rupa ragam seni-budaya nu unik, sarta moal matak kéder saupama dibandingkeun jeung budaya deungeun-deungeun.
Kitu ogé di unggal lembaga atikan, mimit ti TK, SD, SMP, nepi ka SMA matéri perkara seni jeung budaya lokal teu kungsi leupas natrat ayana dina kurikulum. Ngan naha kiwari dianggap penting nepi ka diéksplisitkeun perlu ngalaksanakeun pendidikan berbasis budaya lokal?
Nilik kana kaayaan atikan kiwari, laasna raga katineung murid kana budayana lantaran teu kungsi nyaho kana ajén-ajén nu aya dina éta budaya. Lantaran kitu, murid samemena pisan narima budaya deungeun nu nembrak sarta babari kacangkingna. Tingpucunghul sakola-sakola nu dilabélan standar internasional sawadina mah kudu bisa némbongkeun rupa-rupa kaunggulan seni budaya lokal nu unik bertaraf internasional.

Satemenna atikan anu didadasaran ku budaya lokal téh nyangkaruk dina pangajaran basa Sunda mah. Diajar basa Sunda sarua jeung diajar budaya, nya kitu deui diajar budaya Sunda kudu weruh kana basana. Basa Sunda téh bagian tina budaya Sunda, sabab lamun teu aya basana moal aya budayana, nya kitu deui sabalikna.
Model pangajaran basa Sunda berbasis budaya lokal salah sahijina dirojong ku digunakeunana basa Sunda jadi basa panganteurna. Basa panganteur nu dipaké pikeun nepikeun pangajaran sabenerna mah gedé pangaruhna kana prosés ngawangun karakter murid.
Di saluareun pangajaran basa Sunda, materi-materi pangajaran séjénna cenderung ngamadhab kana élmu pangaweruh ‘murni’ nu suméndér kana kapentingan kognitif. Siswa narima pangaweruh tur teu nyoba ngagali deui kearifan budaya lokal  nu satemenna bisa diaworkeun dina sistem pembelajaran.
Lantaran kitu. Perlu pisan inovasi pembelajaran berbasis budaya lokal, pangpangna dina pangajaran basa Sunda sangkan bisa numuwuhkeun kareueus murid kana élmu jeung beungharna budaya bangsana sorangan.  Atuh leuwih ti éta bisa ngarojong kana ngaronjatna hasil diajar sarta napak dina budayana, tur teu tinggaleun jaman.

B. Matéri Pangajaran Kaparigelan Ngaregepkeun

Ngaregepkeun mangrupa salah sahiji tina opat aspék (caturtunggal) kaparigelan makéna basa. Dina harti sapopoé, kagiatan ngaregepkeun téh aya kalana sok dipacorokeun jeung kagiatan ngadéngékeun. Tapi mun seug dilelekan, tétéla aya bédana antara ngadéngé jeung ngaregepkeun téh. Hartina lamun ngadéngé mah can tangtu ngaregepkeun, sedengkéun ari ngaregepkeun mah tangtu baé kudu ngadéngé éta sora.
Kondisi anu ngarojong kana lumangsungna pangajaran ngaregepkeun
  1. Reseptivitas (Reseptivityi)
·   Kondisi reseptif ngadatangkeun rasa aman jeung pikeun murid dina ngébréhkeun responna kana wacana anu diregepkeunana.
·   Guru sawadina narékahan sangkan murid sadar yén koméntarna dipiharep pisan, ditarima, jeung diajénan.
·   Ngabina sikep gotong royong silih deudeul pangaweruh ku cara ngawangun jeung nepikeun réspon.

  1. Saheulaanan (kesementaraan/tentativeness)
·   Guru jeung murid pada-pada sadar jeung narima pamadegan saheulaaneun;
·   Anggota kelas kudu siap tur réla ngébréhkeun réspon nu can dipikayakin ku dirina séwang-séwangan.
·   Kagiatan menerkeun réspon mangrupa kagiatan inteléktual.

  1. Kadariaan (keseriusan/rigor)
·   Murid kudu miboga karep mikir kalawan daria;
·   Ngaregepkeun, nimbang-nimbang  pamadegan batur, ngimpleng,  mutolaah, nyindekkeun mangrupa dinamika nu kudu lumangsung di kelas;
·   Numuwuhkeun sikep toleransi dina narima pamadegan batur nu teu sapuk jeung dirina.

  1. Gawé bareng (kerjasama/cooperation)
·   Gawe bareng mutlak dilakukeun;
·   Unggal anggota kelas dipiharep ngarasa tengtrem salila nyaritakeun respon di jero kelas;

  1. Teks regepan anu luyu (suitable Literature)
·         luyu jeung karakteristik murid;
·         kudu babari ngondang respons;
·         babari dipaluruhna.

Kompetensi Dasar aspék kaparigelan ngaregepkeun upama diranjing-ranjing ti mimiti SD nepi ka SMA ngawengku bahasan, berita radio/tv, carita pondok, carita rakyat, carita wayang, dongeng guguritan, hutbah, kakawihan, kawih/tembang, menanggapi dengan perbuatan, nasihat, paguneman, paréntah, pengumuman (wawaran), penjelasan narasumber, pesan langsung jeung tina telepon, pidato, puisi sawér, pupujian, siaran radio,  atau televisi, sora basa
Sabada dipasing-pasing dumasar jenjang atikanana, kabéhna kurang leuwih aya 36 kali, anu ngawengku ieu di handap.

Kompetensi Dasar Ngaregepkeun (SD/MI, SMP/MTS, SMA/K/MA)

No.
Kompetensi Dasar
SD
SMP
SMA
1.                   
sora basa
1
-
-
2.                   
tata cara atau tata tertib belajar
1
-
-
3.                   
menanggapi dengan perbuatan
1
-
-
4.                   
nasihat
1
-
-
5.                   
perintah  (parentah) sederhana
1
-
-
6.                   
pesan langsung/telepon 
1
-
-
7.                   
penjelasan dari narasumber dan cara hidup sehat
2
-
-
8.                   
pengumuman/wawaran
1
-
-
9.                   
guguritan
1
-
-
10.               
kakawihan
2
-
-
11.               
berita radio/TV
1
-
-
12.               
siaran radio atau televisi
-
-
1
13.               
carita pondok
1
-
-
14.               
bahasan (kebersihan-pakaian, kesehatan-makanan)
bahasan  tentang jenis-jenis  kesenian daerah
2
1
-
15.               
dongeng
3
1
1
16.               
hutbah
-
1
-
17.               
carita wayang  
-
-
1
18.               
kawih
-
2
1
19.               
kawih/lagu-lagu
-
1
-
20.               
kawih/tembang  
-
-
1
21.               
paguneman
-
1
1
22.               
pidato
-
1
1
23.               
sawer
-
1
-
24.               
pupujian
-
1
-
25.               

19
10
7

Di luhur katangén yén unggal matéri teu sarua jumlahna, aya nu ngan sakali, aya ogé nu nepi ka lima kali. Hal éta téh lantaran dibagi kana opat aspék kaparigelan basa, sajaba ti ngaregepkeun, aya nu diasupkeun kana aspek nyarita, maca, jeung nulis.
Kabéh matéri di luhur téh satemenna mah geus némbongkeun ajén budaya lokal.

Conto: Ngaregepkeun Sora Basa

a - é - i - o - u - e - eu

Hurup vokal di luhur upama disebutan sahurup-sahurup tangtu teu ngandung harti. Sangkan ngandung harti, éta sora vokal téh bisa  diréndéngkeun jeung sora vokal séjénna, kayaning ieu di handap.

a-a      

é-é
u-u  

u-u

eu-eu

a-i
i-eu
é-a

u-a
u-u
i-eu   a-a




i-eu   a-i




a-a   eu-eu




i-eu   u-a   a-i



i-eu   é-a  u-a  a-i

                                                                                                                                                Conto sora basa di luhur geus narékahan sangkan némbongkeun kearifan lokal, nya éta nataan istilah-istilah anu aya di masarakat Sunda.
aa, ai, ua, éa (kecap sulur), ieu (kecap panuduh), eueu (kecap pagawéan). Upama dibarung jeung konsonan tangtu ngandung harti kecap ngandung harti kecap anu séjén deui, kayaning ieu di handap.
a
 
 


a          à                    c-u-k
ia
 
 


i           à                    m-a-h
ua
 
 


u          à                    d-a-ng
éa
 
 


é          à                    n-t-o-g
oa
 
 


o          à                    r-a-y
ea
 
 


e          à                    n-d-o-g
euoa
 
 


eu        à                    p-a-n

Sumber: Lugina Basa Kelas 1

Conto: Ngaregepkeun Kakawihan

Regepkeun, tuluy pék kawihkeun bari petakeun jeung babaturan sakumaha kabiasaan di lembur hidep!

trangtrangkolentrang
trangtrangkoléntrang
si londok paéh nundutan
tikusruk kana durukan
mesat gobang kabuyutan

kakawihan trangtrangkoléntrang biasana dikawihkeun sababaraha kali sababaraha balik bari ngadagoan hujan raat.
ucang angge
ucang-ucang anggé
mulung muncang di papanggé
digogog ku anjing gedé
anjing gedé nu mang lebé
anjing leutik nu ki santri
ari gog, gog cungungung.

kakawihan ucang anggé dikawihkeun bari diuk, suku anu ngawihna ditumpakan ku budak, terus diucang-ucang.

oray-orayan
oray-orayan
oray naon?
oray bungka!
bungka naon?
bungka laut!
laut naon?
laut dipa!
dipa naon?
di pandeuri,
ri . . .  ri . . . ri . . . ri . . . .


Sumber: Lugina Basa Kelas 2


Conto: Ngaregepkeun Bahasan Kabersihan

 Bebersih Sakola


nu kudu bersih jeung séhat téh lain awak wungkul.
tapi kelas jeung lingkungan sakola ogé kudu bersih.
kitu saur bu guru tuti di sakola.
bu guru ngabagi tugas kelompok kabersihan.
sakabéh murid dibagi jadi genep kelompok.
unggal kelompok boga tugas saminggu sakali.
poéna geus ditangtukeun.
dinda kaasup anggota kelompok lima.
anggotana aya lima urang.
lia, ida, wati, jeung arif sakelompok jeung dinda.
kelompok dinda mah kabagéan poé jumaah.

dinda saparakanca unggal jumaah kudu datang pangisukna.
saméméh bél asup diajar, kelas kudu geus beresih.
dinda jeung arif kabagian ngelapan kaca.
lia, ida, jeung wati mah kabagian sasapu jeung ngepél.
alat kabersihan geus disadiakeun di sakola.
taplak méja, pot kembang, jeung elap pél sadia dina lomari.

kabéh murid kudu ngajaga kabersihan kelas.
unggal murid teu meunang miceun runtah dimana waé.
saha anu miceun runtah sakarepna.
éta jalma hartina teu ngahargaan ka nu beberesih.
kabersihan pangkal kaséhatan.
kitu saur bu guru tuti.

Sumber: Lugina Basa Kelas 2


Conto: Ngaregepkeun dongéng


dongéng  lutung buluna hideung


hiji poé si kuda sébra jeung si lutung keur ngalobrol.
“tung, bulu si merak mah mani alus nya!” ceuk si kuda sébra.
“enya euy, kuring gé resep pisan nempona!” jawab si lutung
“hayang teu boga bulu alus siga si merak?” si kuda sébra nanya.
“nya puguh wé, kumaha carana?” si monyét haget pisan.
“ah urang pulas wé, lutung mulas kuring, ké kuring mulas lutung!” ceuk si kuda sébra.
“di mana cétna?” si lutung nanyakeun deui.
“urang ménta wé ka pa tani, meungpeung pa tani ayeuna keur ngecét saungna, sugan aya sésana!” témbal si sébra.
duana ngajugjug saung pa tani.
“pa tani, aya kénéh cétna, ménta kuring? ceuk si monyét.
“béak, ngan nyésa gé nu hideung.” jawa pa tani bari mikeun cét hideung ka si lutung.
“keun baé nu hideung gé!” ceuk si kuda sébra geus teu sabar.
mimiti si lutung nu mulas si kuda sébra. bulu si kuda sébra belang, warnana bodas jeung hideung, alus pisan.
giliran si lutung dipulas. tapi, basa nyokot cét, aya nu nyoco kana sukuna. si kuda sébra reuwaseun, atuh wadah cét nu keur digégél téh lésot.
cétna bahé pisan kana awak si lutung. nya ti harita bulu si lutung warnana hideung.



Sumber: Lugina Basa Kelas 2


Conto: Ngaregepkeun Pupujian

Ibadah Ulah Campoléh

Éling-éling dulur kabéh
Ibadah ulah campoléh
Beurang peuting ulah weléh
Bisina kaburu paéh

Karasana geus sakarat
Hanjakal kaliwat-liwat
Hanteu ngalampahkeun salat
Ka ibadah the sok hélat

Kaduhung kaliwat langkung
Hanteu nyembah ka Yang Agung
Dina kiamat ka (ku) bingung
Urang téh teu meunang embung

Diiring ku malaikat
Sakur jalma nu dilaknat
Di dunya lampah maksiat
Tara ngalampahkeun solat

Malaikat ngiring sadaya
Ngiringkeun ka naraka
Nyandak jalma nu disiksa
Kana solat lalawora

Méméh diiring si jalma
Diranté heula leungeunna
Dibeulitkeun kana awakna
Ti naraka ranté nyandakna

Malaikat kabéh neunggeulan
Jaba nitah henteu ngeureunan
Ku tina banget siksaan itu
Dugikeun ajurna badan

Paéh henteu hirup henteu
Sanajan dugi ka surup
Nu matak kudu nasarup
Ibadah kudu nasauf

Ieu sair geus sayagi
Kenging nukil tina kurtubi
Urang kudu masing kaharti
Ibadah kudu gumati.
Sumber: Rineka Basa Kelas 7



Conto: Ngaregepkeun Sawér

Sawér Pangantěn
Dina galindeng kidung
Indung sumeja wawarti
Regepkeuneun keur duaan
Nu geus réngsé jatukrami
Baris ngojayan sagara
Enggoning meuntas jaladri
Sangkan hidep teu kapahung
Rumah tangga répéh rapih
Sing bisa silih ajénan
Jauhan pundung berewit
Peupeujeuh ulah guguan
Kana wartos tacan pasti
Sing merenah nya mitutur
Ngomong sing maké pamikir
Mun hidep silih élédan
Bakal manjangkeun kaasih
Lir kembang reujeung seungitna
Nyambuang ti saban wanci
Mangsana napsu ngaberung
Masing bisa nahan diri
Ulah nuturkeun amarah
Bisi kaduhung di ahir
Mending milih jalan sabar
Sangkan hidep henteu rugi
Sipat salah mah geus tangtu
Da bongan kasebat jalmi
Tapi ulah papajangan
Kudu gancang sadar deui
Bari ménta pangampura
Kedal tina ati wening
Rejeki sing bisa ngatur
Sing jeujeuh najan saeutik
Komo ninggang dilobana
Milik datangna babari
Ulah dipaké awuntah
Poma masing rikrik gemi
Mun jaga enggeus dikobul
Diparengkeun lahir bayi
Hidep kagungan turunan
Masing hadé dina ngatik
Mangkadé tong lalawora
Putra téh amanat gusti                                  Sumber: Rineka Basa Kelas 8

 

 

 

Conto:  Ngaregepkeun Kawih

           

BANDUNG

(Sanggian Mang Koko)

 

1.

Bandung … Bandung ….

Bandung nelah Kota Kembang

Bandung … Bandung ….

Sasakala Sangkuriang

 

Dilingkung gunung

Heurin ku tangtung

Puseur kota nu mulya Parahyangan

Bandung … Bandung ….

Pada muru dijarugjugan

 

2.

Bandung … Bandung ….

Tingrunggunuk nyanding gunung

Bandung … Bandung ….

Dipasieup Cikapundung

 

Di Bandung mungpung

Ngadon reureuh di kota, nyinglar kabingung

Bandung … Bandung ….

Pangbeberah nu nandang wuyung



Sumber: Pamager Basa Kelas 9


Conto:  Ngaregepkeun Basa jeung Eusi Siara Televisi

 

GOLÉMPANG

UT:      Haturan, wilujeng sumping sareng wilujeng wengi, hatur nuhun kana kasumpinganana ka studio.
Ano:    Sami-sami. Sawangsulna hatur nuhun kana pangangkirna.
Eulis : Wilujeng wengi.
UT:      Rupina badé ka Pa Ano  heula. Seueur anggota masarakat, anu kagungan anggapan, yén basa Sunda téh hésé. Dugi ka maranéhna, milih sasauran ku basa Indonesia, batan ngagunakeun basa Sunda. Tah, naha leres basa Sunda téh hésé?
Ano:     Namina ogé anggapan, tangtos teu acan kantenan leresna. Malih cék sim kuring mah, éta anggapan téh lepat kabina-bina. Ayeuna sim kuring badé naros ka Pa Uus, hég waler sing jujur. Numutkeun Pa Uus, sesah mana sasauran nganggo basa Sunda, sareng ngagunakeun basa Inggris atanapi Arab?
UT:      Kumargi sim kuring mah urang Sunda, kantenan sesah kénéh sasanggem ku basa Inggris sareng basa Arab.
Ano:    Saleresna basa Sunda téh, henteu sesah teu sing, utamana pikeun urang  Sunda. Cenah éta di masarakat aya anggapan, majar basa Sunda hésé, éta mah mung raraosan. Biasana pédah dina Sunda, aya nu disebat tata krama basa. Undak-usuk disebatna, upami kapungkur mah. Aya basa lemes, aya basa  kasar. Padahal asal dibiasakeun, dijamin henteu hésé teu sing.
UT:      Kumaha pamendak Bu Eulis?
Eulis : Nu mawi éta nu kedah diusahakeun ku urang téh. Ngarobih sikep                    sabagéan urang Sunda, supados ulah aya emutan, yén basa Sunda téh hésé. Sapertos nu nembé disaurkeun ku Pa Ano. sim kuring rada ngartos sareng tiasa nyanggem ku basa Inggris. Tapi, numutkeun pangalaman, angger baé langkung gampil nyanggem ku basa Sunda. Nya kitu deui dibandingkeun sareng basa Indonésia, tetep langkung lancar ngagunakeuin basa Sunda. Margi tos biasa téa.
Ano:    Leres, da basa mah sanés apalkeuneun, namung anggoeun. Sareng naha dikinten urang Sunda nu sasauran ku basa Indonésia, basa Indonésiana laleres kitu. Malih apan létah urang Sunda kasohor, sesah upami diajak mamalayuan téh. Bénten sareng urang Jawa atanapi urang sabrang.
UT:      Janten ari kitu mah, majar basa Sunda sesah téh, henteu leres?.
Eulis:   Lepat pisan. Sakali deui, asal dibiasakeun, basa naon-basa naon ogé, tinangtos bakal gampil.
UT:      Namung ayeuna mah geuning, ulah di kota, di pilemburan ogé, ngawitan seueur nu nyariosna mamalayuan.
Eulis : Leres. Contona di lembur sim kuring. Nanging punten moal disebatkeun, lembur naon-lembur naonna mah. Seueur barudak aralit, niru-niru urang Batawi. Nggak mau, pengin makan, biarin, cenah. Da éta panginten dipirucaan sepuh-sepuhna.
Ano:    Janten émut kana dongéng réréncangan. Aya urang lembur, didamel di Jakarta. Teu acan pati lami, nembé sataun jalan. Waktos mulang lebaran, siga nu tos hilap pisan kana basa Sunda. Nyarita sareng sasaha téh, teu weléh nurutan Si Mandra. Elu, gué, sareng sajabina. Kacaturkeun piénjingeun manéhna wangsul deui ka kota, ditaros ku tatanggana. Iraha ka Jakarta deui? Jawabna téh: bésok. Ditaros deui, rék wayah naon? Kumaha pokna?  Bésok-bésok.
UT:      Maksadna mah panginten isuk-isuk.
Ano:    Leres.
UT:      Tadi disebatkeun, pangna dianggap hésé téh, kumargi aya tata krama basa téa. Sarieuneun lepat rupina. Batan lepat mending ngagunakeun basa Indonésia. Utamina barudak ngora. Kumaha pamendak Bu Eulis?
Eulis : Naha ari dina basa Indonésia, basa Inggris, sareng basa Arab, teu aya tata krama basa kitu? Aya, aya pisan. Contona dina basa     Indonésia. Mustahil ka presidén nyebat lagi makan atanapi tengah tidur. Pasti nyebat téh lagi bersantap. Tengah istirahat. Sarengna deui jumlahna ogé, da henteu seueur-seueur teuing. Moal aya satai kukuna, upami dibandingkeun sareng ngapalkeun robahna kecap dina basa Inggris atanapi Arab.
AK:      Ah, nya éta atuh, urang Sunda mah sakapeung sok rada héngkér. Gampil éléhan.
Eulis:   Rupina kedah aya kampanye husus. Nyebarkeun pamlét: saur saha basa Sunda hésé!
UT:      Aéh, teu karaos, parantos ampir sajam. Kumargi kitu, kanggo samentawis, wangkongan téh urang pungkas. Ka payun urang sambung deui. Hatur nuhun.         


Sumber: Pamager Basa Kelas 10
  
C. Model Pangajaran Ngaregepkeun

a) Kompetensi Dasar
Menyimak basa jeung eusi siara televisi

b) Indikator
1.      Menyimak isi siaran televisi
2.      Menceritakan kembali isi siaran televisi;
3.      Menjelaskan beberapa hal penting dalam isi siaran televisi;
4.      Menyampaikan pendapat terhadap isi siaran televisi;
5.      Mengomentari bahasa pengantar yang digunakan dalam siaran televisi;
6.      Membuat ringkasan isi siaran televisi.

c) Tujuan Pembelajaran
Setelah pembelajaran selesai diharapkan siswa dapat menceritakan kembali isi siaran televisi; menjelaskan beberapa hal penting dari isi siaran televisi; menyampaikan pendapat terhadap isi siaran televisi; mengomentari bahasa pengantar yang digunakan dalam sisran radio, dan meringkas isi siaran televisi. 

d) Langkah-langkah Pembelajaran

Orientasi informasi tentang siaran televisi
 
Mendengarkan kaset/naskah siaran televisi yang dibacakan
 
 









 

Latihan
1.      Menyimak isi siaran televisi
2.      Menceritakan kembali isi siaran televisi;
3.      Menjelaskan beberapa hal penting dalam isi siaran televisi;
4.      Menyampaikan pendapat terhadap isi siaran televisi;
5.      Mengomentari bahasa pengantar yang digunakan dalam siaran televisi;
6.      Membuat ringkasan isi siaran televisi.

 
Evaluasi
dan
Tindak Lanjut
 
 














D. Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (Rpp)
            Ieu di handap salah sahiji conto RPP kaparigelan basa Sunda pikeun siswa kelas X.

RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN (RPP)
Satuan Pendidikan                : SMA
Mata Pelajaran                      : Bahasa Sunda
Materi Pokok                         : Siaran radio atau televisi
Kelas/Semester                     : X/1
Alokasi Waktu                       : ... x pertemuan (jam pelajaran)

STANDAR KOMPETENSI
10.1 Mampu menyimak memahami, dan menanggapi berbagai wacana lisan yang berupa pidato dan siaran radio atau televisi.

KOMPETENSI DASAR
10.1.2 Menyimak bahasa dan isi siaran radio atau televisi (rekaman)

INDIKATOR
1.      Menyimak isi siaran televisi
2.      Menceritakan kembali isi siaran televisi;
3.      Menjelaskan beberapa hal penting dalam isi siaran televisi;
4.      Menyampaikan pendapat terhadap isi siaran televisi;
5.      Mengomentari bahasa pengantar yang digunakan dalam siaran televisi;
6.      Membuat ringkasan isi siaran televisi.

I. TUJUAN PEMBELAJARAN
         Siswa mampu menyimak, menceritakan, menjelaskan, menyampaikan pendapat, mengomentari bahasa, dan meringkas siaran televisi.

II. MATERI PEMBELAJARAN
         Golémpang.

III. DESAIN PEMBELAJARAN
A.      Pendekatan Pembelajaran
§ Pendekatan Kompetensi Komunikatif
§ Pendekatan Kontekstual
B.      Metode Pembelajaran
§  Metode diskusi
§  Metode Eklektik
C.      Teknik pembelajaran
§  Teknik Penugasan
§  Teknik Resitasi
§  Teknik Latihan
IV. KEGIATAN BELAJAR MENGAJAR
A.      Kegiatan Awal
§ Guru bertegur sapa dan mengabsen.
§ Guru mengadakan apersepsi dan memotivasi siswa untuk belajar lebih giat.
§ Guru mengkondisikan siswa ke dalam situasi belajar mengajar yang menyenangkan.
B.      Kegiatan Inti
§  Siswa menyimak isi siaran televisi
§  Siswa menceritakan kembali isi siaran televisi;
§  Siswa menjelaskan beberapa hal penting dalam isi siaran televisi;
§  Siswa menyampaikan pendapat terhadap isi siaran televisi;
§  Siswa mengomentari bahasa pengantar yang digunakan dalam siaran televisi;
§  Siswa membuat ringkasan isi siaran televisi.
A.      Kegiatan Akhir
§  Menyimpulkan dan menegaskan materi yang dipelajari.
§  Mengadakan postes.
§  Menjelaskan kegiatan lanjutan, termasuk penugasan.
§  Menutup pembelajaran.


V. MEDIA PEMBELAJARAN (Alat dan Sumber Pembelajaran)
§  Buku Pelajaran Pamager Basa Kelas X, Drs. Taufik Faturohman, Spk.
§  Buku Pelajaran Gentra Basa Sunda X, Drs. Dingding Haérudin, M.Pd.
§  Buku Pelajaran Santika Basa X,  Drs. Dede Kosasih, M.Si, spk.
§  Kamus Basa Sunda R.A Danadibrata.
§  MP3/ VCD/rekaman televisi


VI. EVALUASI (PENILAIAN)
            Evaluasi selama kegiatan belajar mengajar dilakukan pada saat proses belajar mengajar, dengan format penilaian yang telah disediakan.

a.  Tehnik Penilaian
·      Praktek dan simulasi
·      Response
·      Latihan dan Tugas
b. Jenis Tagihan   : Tugas Individu
c.  Instrumen         : Lembar Kerja

Instrumen Penilaian Kognitif
No
Indikator

Soal
1
Menceritakan kembali isi siaran televisi;

Caritakeun deui ku basa hidep sorangan eusi siaran televisi anu tadi diregepkeun!

2
Menjelaskan beberapa hal penting dalam isi siaran televisi;

Aya sabaraha hal anu dianggap penting dina acara Golempang tadi téh. Cing tataan naon waé jeung jelaskeun ku hidep!

3
Menyampaikan pendapat terhadap isi siaran televisi;

Kumaha ceuk pamadegan hidep eusi pedaran nu dibandungan tadi téh. Cing jelaskeun!

4
Mengomentari bahasa pengantar yang digunakan dalam siaran televisi;

Kumaha koméntar hidep ngeunaan basa anu dipaké ku nu paguneman dina acara Golempang tadi téh? Cing jelaskeun!

5
Membuat ringkasan isi siaran televisi.

Tulis tingkesan tina eusi nu aya dina Golémpang tadi!



Instrumen Penilaian
No
Aspek
Sub-aspek
Peunteun
1.
Nyaritakeun deui
Lancar
Sedeng
Teu lancar

2.
Hal penting
Lengkep
Sedeng 
Teu lengkep

3.
Komentar kana eusi
Merenah
Sedeng
Teu merenah

4.
Komentar kana basa
Bener
Sedeng
Teu bener

5.
Nuliskeun tingkesanana
Ringkes – lengkep (tata tulisna bener –sedeng  – kurang)
Ringkes – teu lengkep (tata tulisna bener –sedeng  – kurang)
Panjang – lengkep (tata tulisna bener –sedeng  – kurang)
Panjang – teu lengkep (tata tulisna bener –sedeng  – kurang)

Jumlah
50 – 100



                                                            Mengetahui

                                                                                                                       
Kepala Sekolah,                                                         Guru,


................................                                                            ..............................
NIP                                                                              NIP



No comments:

Post a Comment