Thursday, May 5, 2016

REFORMULASI KURIKULUM BASA SUNDA DUMASAR BUDAYA


  1. Kurikulum atikan di Indonésia terus barobah geusan ngaluyukeun diri kana robahna
kamekaran paélmuan katut pameredih panéka jaman. Ari robahna kurikulum téh rata-rata antara 6–10 taun. Bédana kurikulum téh pangpangna dina lebah titincakanana, nya éta dumasar kana jejer bahan, sistem unit, téma, jeung kompeténsi. Kurikulumna teu goréng alias geus hadé, da anu héngkérna mah lebah prakna, praktékna, atawa impleméntasina.
Dina awal kamerdikaan Indonesia, kurikulum nu mimiti dipaké di sakola-sakola di Indonesia nya eta Kurikulum 1947. Ieu kurikulum teh disampurnakeun taun 1950, anu tuluy diganti ku 1958 kalayan dipake nepi ka taun 1964. Najan ari resmina mah dilaksanakeun taun 1965.

Dina wengkuan waktu 1950-1968 dua kali robah kurikulum keur SMP jeung opat kali keur SMA. Kurikulum SMP robah ku munculna Kurikulum 1962 (Rencana Pelajaran SMP Gaya Baru) jeung Kurikulum 1967 anu dipake taun 1968. Kurikulum SMA robah ku munculna Kurikulum 1952, Kurikulum 1961 (Kurikulum SMA Gaya Baru), Kurikulum 1964 (Separated subject curriculum), jeung Kurikulum 1968 (Correlated subject curriculum). Kurikulum 1968 tuluy disarungsum jadi Kurikulum 1975 (integrated curriculum organization). Kurikulum 1975 dipake tur disampurnakeun 1984 (Kurikulum 1975 yang Disempurnakan) nepi ka teu eces bedana.
Dumasar amanat GBHN minangka Tap MPR No. II/MPR/1983 anu negeskeun yensistem atikan perlu diluyukeun kana kabutuh pangwangunan di sagala widang, lahir Kurikulum 1984. Dina ieu kurikulum aya struktur program inti anu wajib jeung pilihan. Kurikulum basa, kaasup basa Sunda, disusun dumasar unit (maca, kandaga kecap, struktur, nulis, pragmatik, jeung apresiasi basa-sastra).
Dirobahna jeung disampurnakeunana kurikulum teh can bisa ngundakkeun ajen atikan. Pikeun ngungkulan kahengkeran tina kurikulum samemehna, nya disusun deui Kurikulum 1994. Tim panyusun kurikulum meunang pamairan ti Badan Pertimbangan Pendidikan Nasional (BPPN). Aya sawatara istilah anu dirobah, di antarana wae, tujuan instruksional diganti jadi tujuan pembelajaran. Dina ieu kurikulum aya hengkerna boh nu sipatna horisontal boh vertikal antareusi kurikulum. Tumpang tindih horisontal ebreh ku dibalikan deui jejer pedaran (pokok bahasan) antara widang studi nu hiji jeung widang studi sejenna. Tumpang tindih vertikal ebreh ku dibalikan deui eusi mata pelajaran antarjenjang atikan nepi ka karasa ngabosenkeun.
Kurikulum 1994 dipake nepi ka munculna Kurikulum 2004, anu disusun taun 2003 kalawan sesebutan Kurikulum Berbasis Kompetensi (KBK). Kurikulum 2004 (Standar Isi) disarungsum taun 2006 jadi Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan (KTSP). Dina ieu kurikulum dibedakan antara kurikulum nasional (Kurnas) dan kurikulum muatan lokal (Mulok).
Mapag taun 2014 katembong bakal robah deui kurikulum teh, anu cenah bakal dirarancang tur dipake taun 2013. Kumaha ari kurikulum Mulok basa jeung sastra Sunda? Sigana perlu reformulasi jeung reposisi.
2. Kurikulum Basa jeung Sastra Sunda (rek naon wae ngaranna KBK, SKKD, atawa
KTSP), salila ini nyarande kana raraga kurikulum nasional basa Indonesia, anu eusina opat aspek kaparigelan basa (ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis) anu dasarna teknologi, informasi, jeung komunikasi (TIK). Ieu teh karasana hengker lantaran eusi kurikulum kurang nyunda nepi ka karasa kendonesen. Upamana wae, aya kompetensi dasar (KD) “Musikalisasi puisi”, anu teu pati ngeunteungkeun kandaga budaya Sunda, beda jeung “gending karesmen”.
            Sigana kurikulum basa jeung sastra Sunda (satuluyna: Kurikulum BSS) lain ngan ukur kudu disarungsum, tapi perlu direformulasi jeung direposisi kalawan nuansa anyar, nya eta dumasar budaya Sunda. Palebah dieu, henteu ngaleungitkeun ciri has basa Sunda, nya eta karigelan basa, tapi nambahan eusi (substansi) budaya pikeun ngalengkepan kecap pagawean dina kompetensi dasar (baca: mun ieu istilah masih dipake keneh).
            Kahengkeran sejen dina SKKD BSS, nya eta ayana KD diskusi jeung mimpin rapat. Diskusi lain bahan ajar, tapi mangrupa metode atawa teknik pangajaran. KD saperti kitu ngawatesanan jeung megatan guru pikeun ngayakeun inovasi dina mekarkeun model jeung metode pangajaran. Ari sababna, bahan naon wae bisa dilaksanakeun make diskusi. Jadi, anu pentingna lain soal diskusina, tapi bahan naon anu rek didiskusikeun atawa dirapatkeun. Kitu deui, kalungguhan murid dina kagiatan diskusi/rapat teu kudu jadi KD, tapi nyamuni wae naha murid teh jadi pamimpin, panumbu catur, girang serat, atawa anggota diskusi/rapat.
3. Dumasar kana hasil ulikan tur pamairan ti para praktisi di lapangan, sigana Kurikulum BSS perlu direformulasi dumasar budaya Sunda. Carana bisa angger make SK jeung KD aspek basa tapi dilengkepan ku substansi budaya. Upamana wae, KD “ngaregepkeun rumpaka kawih” karasa nyabeulah lantaran teu muncul “ngahaleuangkeun kawih” minangka kagiatan nyarita. Padahal dina prak-prakanana ngajar di sakola, boh dina silabus jeung RPP boh dina prungna ngajar, guru teh henteu ngan sakadar ngajarkeun ngaregepkeun rumpaka kawih, tapi mimindengna mah jeung ngahaleuangkeuanan. Ku kituna, sangkan KD-na hiji, anu ngawengku aspek ngaregepkeun jeung nyarita, bisa dipake KD basa lisan (“Ngaregepkeun jeung Ngahaleuangkeun Rumpaka Kawih”). Tapi, lamun “rumpaka kawih” rek ditempatkeun minangka wangun sastra ugeran (puisi), bisa wae dipake KD anu uansana pangalaman sastra (apresiasi jeung ekspresi sastra) nepi ka rumusan KD-na jadi “Apresiasi jeung Ekspresi Rumpaka Kawih”. Lamun rumusan KD ieu nu dipake, biasa ngawengku opat aspek basa sakaligus, nya eta kagiatan reseptif (ngaregepkeun atawa maca) jeung kagiatan produktif (nyarita atawa nulis). Palebah dieu mah gumantung puseur panitenna, naha museur kana kagiatan lisan atawa kagiatan tulis.
            Pilihan KD anu bisa dipake pikeun “rumpaka kawih”, di antarana wae:
1)Kaparigelan basa lisan:
“Ngaregepkeun jeung ngahaleuangkeun rumpaka kawih”
2)Keterampilan berbahasa tulis:
“Maca jeung nulis(keun) rumpaka kawih”.
            Nuansa budaya sejenna dina kagiatan basa, upamana wae, KD “Maca bahasan” bisa dilengkepan substansi budaya saperti “Maca bahasan ngeunaan kampung adat Sunda” atawa “Ngabahas kampung adat Sunda”. Ngan, KD saperti kitu masih karasa nyabeulah lantaran teu ngagambarkeun kagiatan siswa anu gulangkep (resiprokatif). Pikeun ngarobahna kudu ditangtukeun naha puseur kagiatanana basa lisan atawa rek basa tulis. Pilihan KD-na anu bisa dipake, di antarana wae:
1) Kaparigelan basa lisan:
“Ngaregepkeun jeung ngabahas ngeunaan kampung adat Sunda”
2) Kaparigelan basa tulis:
“Maca jeung nulis(keun) bahasan ngeunaan kampung adat Sunda”
            Ku ayana dadasar budaya Sunda, kurikulum BSS bakal karasa nyunda. Jaba ti eta, gulangkep deui, nya ngajarkeun basa Sunda nya ngajarkeun budaya Sunda. Malah bisa disebutkeun yen pangajaran basa Sunda teh, hakekatna pangajaran budaya Sunda.
            Pikeun ngareformulasi Kurikulum BSS dumasar budaya Sunda, tangtu perlu wincikan kandaga seni-budaya Sunda minangka cikal bakal eusi (substansi) anu bakal ngeusian aspek basa Sunda. Peupeujeuh, perlu dititenan yen obyek atawa panglengkep katransitifan KD basa teh ulah nyebut ngaran seni-budaya kalawan spesifik, tapi kudu umum nepi ka guru BSS di wilayah Jawa Barat mana wae bisa ngajarkeun bahan ajar luyu jeung lingkunganana. Upamana wae, KD: “Ngabahas seni tradisional Sunda” atawa “Ngabahas seni tradisional Sunda tina awi”. Ku cara kitu, guru bisa milih bahan ajar seni tradisional Sunda mana wae asal bahanna tina awi. Conto sejenna, KD: “Nyangkem jeung ngaragakeun kaulinan barudak”.
Aya sawatara Standar Kompetensi (SK) jeung KD anu bisa dipilih patali jeung kaparigelan basa. Kahiji, kagiatan basa lisan, rumusan SK-na bisa: “Murid nyangkem jeung ngebrehkeun rasa, pikiran, jeung kahayang kalawan lisan ngaliwatan ngaregepkeun jeung nyarita(keun) ngeunaan…. Ari KD-na bisa ngaregepkeun jeung nyaritakeun/ngahaleuangkeun (kawih/tembang, guguritan, wawacan, kakawihan, pupujian); ngaregepkeun jeung nyaritakeun dongeng (fabel, parabel, legenda, mite); ngaregepkeun biantara jeung biantara ngeunaan kagiatan sakola; ngaregepkeun jeung ngabahas pacabakan masarakat Sunda; ngaregepkeun jeung ngaragakeun (drama pondok Sunda, gendeng karesmen); ngaregepkeun jeung ngagunakeun tatakrama bahasa Sunda. Kadua, kagiatan basa tulis, rumusan SK-na bisa: “Murid nyangkem jeung ngebrehkeun rasa, pikiran, jeung kahayang kalawan tulisan ngaliwatan maca jeung nulis(keun) ngeunaan…. Ari KD-na bisa maca(keun) jeung nulis(keun) (sajak, carita pondok, penggelan carita pantun); maca jeung nulis(keun) bahasan (kadaharan eung inuman tradisional Sunda, imah tradisional Sunda, kesenian tradisional Sunda, lingkungan alam Sunda, awak, tutuwuhan). Cag, ah!

Yayat Sudaryat*
Dosen Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

FPBS UPI Bandung

No comments:

Post a Comment