Thursday, May 5, 2016

Dongeng Si Kabayan Ngala Lauk

Geus sababaraha peuting Si Kabayan ngadenge beja,yen tatangga-tatanggana lalintarna aruntung bae. Manehna pohara kabitaeunana, tapi teu boga pakakas.

Sanggeus mikir sakeudeung,manehna manggih akal, tuluy nyarita ka pamajikannana.

"Teung, engke peuting Akang rek ngala lauk ka walungan, kabita ku batur aruntung bae."

 "Majar rek ngala lauk ? Na, rek ku naon ngalana? Teu boga heurap teu boga useup!" tembal pamajikannana haseum.

 "Tong rea omong, maneh nyaho engke peuting dahar jeung beuleum lauk we. Kadieukeun wedang pamere mitoha teh!"




Sajarahna Cadas Pangeran



Saupama ti Sumedang rék ka Bandung, nepi ka Tanjungsari, tangtu ngaliwat tanjakan anu kacida panjangna, nyaéta tanjakan Cadas Pangéran. Nu matak éta tanjakan disebut kitu, rada panjang sajarahna, malah supaya tétéla, leuwih hadé ku urang dipikanyaho, kumaha di lebah dinya kaayaanana ayeuna, baheulana jeung baheula pisan. Dina waktu ieu carita dituIis, kaayaan lebah dinya geus kacida bédana jeung baheula, lantaran jalan heubeul mah (tonggoheun jalan nu ayeuna) geus teu dipaké, kusabab nanjakna netek teuing. Ayeuna mah nanjan nanjak kénéh oge, beunang diliwatan mobil, tur sisina make gili-gili beton, teu matak inggis tiguling kana jurang Cipelés nu sakitu gurawésna.

Baheula mah dina jalan heubeul tea taya petana beunang diliwatan mobil. Kira-kira dina taun 1900 waktu tacan aya mobil di Pulo Jawa, lolobana nu ngaliwat ka dinya téh leleumpang.  Mimiti tanjakan netek di lebah Pamucatan. Baheula jelema nu ngaliwatan ka Pamucatan jaman Harita. Biasana indit ti dayeuh Sumedang subuh-subuh. Ari nepi ka Pamucatan kahar eureun, kudana sina ngareureuh. Nu tumpakna sok tarurun, sasarap heula, boh muka

Biografi Dewi Sartika


IBU Dewi Sartika dilahirkeurnana tanggal 4 Desember 1884 di kota Bandung. Ibuna Nyiraden Radjapermas, ari ramana Raden Somanagara, Patih Bandung duanana turunan para bupati anu tedak-tumedak ti jaman Dipati Ukur keneh nepi ka perang dunya kadua
Ibu Dewi Sartika katelahna ku jalma rea mah Agan Dewi. Agan teh sesebutan ka wargi-wargi dalem anu landes boh prya boh wanita,ari putra-putra dalem disebutna mun priya aom,mun wanita juag. Dina ka tompernakeun abad ka-19 wanita Sunda masih dikungkung ku adat istiadat kuna anu turun-tumurun ti jaman ka jaman. 
Wanita harita taya deui ancoanana ngan pikeun jadi patih goah", tegesna ngurus dahareun jeung sumujud ka salaki, supaya runtut-raut lambat-lambut nya laki rabi.
Rupa-rupa elmu jeung kapinteran, saperti maca, nulis, ngitung jste. Pikeun awewe mah basana teu perlu, da moal jadi juru tulis.

Silsilah Ngaran Patempatan Di Tatar Sunda

Oléh-oléh Priangan dilingkung gunung
Majalaya, Soréang, Banjaran Bandung…..


Sempalan lagu “Borondong Garing” di luhur téh ngandung déskripsi sawatara ngaran tempat nu aya di Tatar Sunda. Demi nataan ngaran-ngaran tempat téh ilaharna sok disebut toponimi. Nurutkeun kajian folklore, toponimi téh bagian tina élmu onomastika (onomastics), anu ulikanana ngawengku di antarana baé: méré ngaran jalan, ngaran atawa jujuluk jalma, ngaran kadaharan, ngaran bubuahan kaasup asal-usul (legénda) ngaran hiji tempat dumasar kana ‘sajarah’ ngajanggélékna.
Nataan ngaran tempat tangtu bakal loba rambat kamaléna lantaran ngajujut ngaran tempat mah teu cumpon ku nyawang ngan tina hiji aspék baé. Nya sawadina kudu dijujut deuih rupa-rupa informasi nu nyampak disatukangeun kaayaan éta tempat. Kumaha pakuat-pakaitna antara ngaran tempat jeung éta informasi? Ilustrasi di handap saeutikna baris méré gambaran anu écés.

Etnopedagogi Dalam “Kaulinan Barudak”

Arus globalisasi laksana air bah, terus menggerus dan menjebol langsung pada perubahan perilaku dan kebiasaan masyarakat. Akibatnya, masyarakat kita termasuk salah satu yang tidak bisa berbuat banyak, terutama menimpa dunia anak-anak. Anak-anak kita sedang kehilangan dunianya.
Lontaran keprihatinan itu muncul dari para orang tua, pendidik serta pemerhati dunia anak-anak, setelah mengamati perilaku kehidupan anak-anak sekarang dalam bermain, sangat lain dengan pola kehidupan orang tua mereka semasa kanak-kanak. Menurut pengamatan dan penilaiannya, permainan anak-anak sekarang ini tidak mendidik dan cenderung ke arah sikap yang konsumtif dan individualistis.
Anak-anak tempo dulu sangat tertantang oleh alam dan lingkungan hidupnya berada. Mereka mampu memanfaatkan apa yang ada di lingkungannya. Sebagai akibatnya, mereka harus kreatif, selalu siap menghadapi tantangan dan rintangan yang muncul setiap saat.

REFORMULASI KURIKULUM BASA SUNDA DUMASAR BUDAYA


  1. Kurikulum atikan di Indonésia terus barobah geusan ngaluyukeun diri kana robahna
kamekaran paélmuan katut pameredih panéka jaman. Ari robahna kurikulum téh rata-rata antara 6–10 taun. Bédana kurikulum téh pangpangna dina lebah titincakanana, nya éta dumasar kana jejer bahan, sistem unit, téma, jeung kompeténsi. Kurikulumna teu goréng alias geus hadé, da anu héngkérna mah lebah prakna, praktékna, atawa impleméntasina.
Dina awal kamerdikaan Indonesia, kurikulum nu mimiti dipaké di sakola-sakola di Indonesia nya eta Kurikulum 1947. Ieu kurikulum teh disampurnakeun taun 1950, anu tuluy diganti ku 1958 kalayan dipake nepi ka taun 1964. Najan ari resmina mah dilaksanakeun taun 1965.

Model Pangajaran Ngaregepkeun

MODEL PANGAJARAN NGAREGEPKEUN
BERBASIS BUDAYA LOKAL
ku : Dingding Haerudin

A. Bubuka

Kiwari masarakat Indonesia kakara eungeuh deui kana budayana sorangan. Komo sanggeus budayana diaku ku nagara tatangga mah. Sabenerna, nagara urang (Indonesia), lembur urang (Jawa Barat), kampung urang (tatar Sunda) kawéntar ti baheula mibanda rupa-rupa ragam seni-budaya nu unik, sarta moal matak kéder saupama dibandingkeun jeung budaya deungeun-deungeun.
Kitu ogé di unggal lembaga atikan, mimit ti TK, SD, SMP, nepi ka SMA matéri perkara seni jeung budaya lokal teu kungsi leupas natrat ayana dina kurikulum. Ngan naha kiwari dianggap penting nepi ka diéksplisitkeun perlu ngalaksanakeun pendidikan berbasis budaya lokal?
Nilik kana kaayaan atikan kiwari, laasna raga katineung murid kana budayana lantaran teu kungsi nyaho kana ajén-ajén nu aya dina éta budaya. Lantaran kitu, murid samemena pisan narima budaya deungeun nu nembrak sarta babari kacangkingna. Tingpucunghul sakola-sakola nu dilabélan standar internasional sawadina mah kudu bisa némbongkeun rupa-rupa kaunggulan seni budaya lokal nu unik bertaraf internasional.