Kiwari urang boga salam nasional nu mangrupa pekik Merdéka bari nonjokeun peureup ka luhur. Salam anu ngagedurkeun sumanget para pahlawan bangsa dina mangsa revolusi fisik, enggoning ngarebut kamerdekaan bangsa Indonesia. Eta salam nasional téh diciptakeun ka Oto Iskandar Dinata, salasaurang pahlawan nasional nu asalna ti Tatar Sunda.Tangtu baé, jasa Oto Iskandar Dinata téh lain ngan sakitu-kituna. Perjoangan jeung ketakna dina ngabéla bangsa jeung lemah caina, natrat katembong dina lalakon hirupna. Umpana baé dina mangsa anjeunna jadi anggota Volksraad (Dewan Rayat). Di dinya sora Oto Iskandar Dinata harus kadengena, ngabongkar sagala kateureugeujeugan pamarentah kolonial Walanda. Bagian pidatona anu kawéntar nyaéta basa anjeunna nyabit-nyabit kamerdekaan bangsa Indonesia teh rék karana dipaksa atawa henteu, teu saeutik gumantung kana sikep Walanda sorangan. Tapi kuring percaya, bangsa Walanda cukup sadar. Tangtuna oge moal hésé milih hiji ti antara dua: mundur atawa diusir.




