Friday, May 6, 2016

Biografi Oto Iskandar Dinata


Kiwari urang boga salam nasional nu mangrupa pekik Merdéka bari nonjokeun peureup ka luhur. Salam anu ngagedurkeun sumanget para pahlawan bangsa dina mangsa revolusi fisik, enggoning ngarebut kamerdekaan bangsa Indonesia. Eta salam nasional téh diciptakeun ka Oto Iskandar Dinata, salasaurang pahlawan nasional nu asalna ti Tatar Sunda.

Tangtu baé, jasa Oto Iskandar Dinata téh lain ngan sakitu-kituna. Perjoangan jeung ketakna dina ngabéla bangsa jeung lemah caina, natrat katembong dina lalakon hirupna. Umpana baé dina mangsa anjeunna jadi anggota Volksraad (Dewan Rayat). Di dinya sora Oto Iskandar Dinata harus kadengena, ngabongkar sagala kateureugeujeugan pamarentah kolonial Walanda. Bagian pidatona anu kawéntar nyaéta basa anjeunna nyabit-nyabit kamerdekaan bangsa Indonesia teh rék karana dipaksa atawa henteu, teu saeutik gumantung kana sikep Walanda sorangan. Tapi kuring percaya, bangsa Walanda cukup sadar. Tangtuna oge moal hésé milih hiji ti antara dua: mundur atawa diusir.

Thursday, May 5, 2016

Dongeng Si Kabayan Gede Bohong


Dina hiji poe wanci pasosore balik ti karebon Si Kabayan jeung Si Iteung aruplek ngawangkong (ngobrol) paduduaan dijero dapur bari nungguan asak sangu.

Bari ngobrol Si Iteung ngasur-ngasur suluh kana jero hawu. Ari Si Kabayan nyarande kana bilik dapur. Leungeuna nyekelan cangkir seng dieusi cai kopi. Dina biwirna napel udud daun kawung. Siga anu keur ngararasakeun kacape.

Keur aruplek ngawangkong ngaler-ngidul, Si Iteung nanya ka Si Kabayan.

"Kang Kabayan, cenah bejana baheula akang kungsi kuliah ? naha enya eta teh?"

"Is, nya puguh we atuh Iteung. Kieu-kieu oge pendidikan mah ku kami dinomer hijikeun." Ceuk Si Kabayan.

"Kuliah dimana kang, kami mah asa cangcaya akang baheula kungsi kuliah?" ceuk Si Iteung bari ngerungkeun tarangna bangun anu teu percaya kana omongan salakina.

Dongeng Si Kabayan Hitut

Anggapan Walanda hitut teh kasehatan. Lamun teurab, teu sopan. Kocapkeun Si Kabayan hayang ngabuktikeun eta perkara. Pok nyarita ka babaturanana ; 
"Cenah ku urang Walanda mah hitut teh dipuji dibagus-bagus. Lamun teurab dianggap teu sopan ?".
"Ari kitu maneh rek kumaha?" Ceuk babaturanana.
"Kuring rek ngabuktikeun bener henteuna, kabeneran di urang aya Walanda kontrak." Ceuk Si Kabayan.


Enya bae, sorena Si Kabayan katembong leumpang babarengan jeung Tuan Walanda kontrak.
Tapi samemehna, Si Kabayan bebekelan heula keur pihituteun. Dahar oge ngahaja poe eta mah lain sangu, tapi kakacangan sabangsa suuk jeung polong. Lian ti eta oge ngahaja ka pamajikannana nitah pangulubkeun hui, anu leuwih kawentar disebut kapsul Malangbong atawa karbit Walasari. Aya oge anu nyebut dodol gebos kana hui teh. Tapi anu pangsohorna mah istilahna teh sordot, kusabab ari sor disuguhkeun ari DOT we... sada dina bujur.

Kocapkeun ti barang leumpang, Si Kabayan geus dedegeng bae ngadedetkeun bujurna supaya hitut. Enya bae, kusabab geus disadiakeun ti anggalna, bujur Si Kabayan disada tarik pisan. "DUUUUUUUUUUT ..." 

Dongeng Pun Boncel


"Tenjo ku sia, naha eta rarapen ngabayak diantep bae? Naha eta nu nguyumbang teu diberesihan? Ngedul siah, henteu geten kana ingon-ingon! Kumaha lamun eta kuda gering?"

"Teu acan bae juragan, apan abdi teh nembe dongkap pisan tas ngarit."

"Wah siah ngalawan bae si ka  dunungan teh, kalah ka hakan bae, ari kana gawe ngedul! Sia moal dibere nyatu ku aing!!!"

"Unggal dinten oge disapuan ku abdi, dalah ayeuna oge bade disapuan deui." sanggem pun Boncel.

Dinten eta yaktos pun boncel henteu dipasihan barang teda, ngongkrong teu kararaban sangu  saremeh.

Enjingna sabada meresihan gedogan pun Boncel mios deui bari manggul sundung bade ngarit ka reuma.

Ku margi kosong beuteung, teu acan kararaban katedaan, manehna ngaraos nahnay nanjak ka pasir teh. Barang dongkap ka mumunggang, gek diuk handapeun waru ngareureuhkeun heula kacape.

Pikirna ngerik taya hinggana, ras emut kana kamalaratan indung-bapana kawuwuh ari gaduh dunungan ku teu aya pisan tinimbanganana.

Dongeng Si Kabayan Ngala Lauk

Geus sababaraha peuting Si Kabayan ngadenge beja,yen tatangga-tatanggana lalintarna aruntung bae. Manehna pohara kabitaeunana, tapi teu boga pakakas.

Sanggeus mikir sakeudeung,manehna manggih akal, tuluy nyarita ka pamajikannana.

"Teung, engke peuting Akang rek ngala lauk ka walungan, kabita ku batur aruntung bae."

 "Majar rek ngala lauk ? Na, rek ku naon ngalana? Teu boga heurap teu boga useup!" tembal pamajikannana haseum.

 "Tong rea omong, maneh nyaho engke peuting dahar jeung beuleum lauk we. Kadieukeun wedang pamere mitoha teh!"




Sajarahna Cadas Pangeran



Saupama ti Sumedang rék ka Bandung, nepi ka Tanjungsari, tangtu ngaliwat tanjakan anu kacida panjangna, nyaéta tanjakan Cadas Pangéran. Nu matak éta tanjakan disebut kitu, rada panjang sajarahna, malah supaya tétéla, leuwih hadé ku urang dipikanyaho, kumaha di lebah dinya kaayaanana ayeuna, baheulana jeung baheula pisan. Dina waktu ieu carita dituIis, kaayaan lebah dinya geus kacida bédana jeung baheula, lantaran jalan heubeul mah (tonggoheun jalan nu ayeuna) geus teu dipaké, kusabab nanjakna netek teuing. Ayeuna mah nanjan nanjak kénéh oge, beunang diliwatan mobil, tur sisina make gili-gili beton, teu matak inggis tiguling kana jurang Cipelés nu sakitu gurawésna.

Baheula mah dina jalan heubeul tea taya petana beunang diliwatan mobil. Kira-kira dina taun 1900 waktu tacan aya mobil di Pulo Jawa, lolobana nu ngaliwat ka dinya téh leleumpang.  Mimiti tanjakan netek di lebah Pamucatan. Baheula jelema nu ngaliwatan ka Pamucatan jaman Harita. Biasana indit ti dayeuh Sumedang subuh-subuh. Ari nepi ka Pamucatan kahar eureun, kudana sina ngareureuh. Nu tumpakna sok tarurun, sasarap heula, boh muka

Biografi Dewi Sartika


IBU Dewi Sartika dilahirkeurnana tanggal 4 Desember 1884 di kota Bandung. Ibuna Nyiraden Radjapermas, ari ramana Raden Somanagara, Patih Bandung duanana turunan para bupati anu tedak-tumedak ti jaman Dipati Ukur keneh nepi ka perang dunya kadua
Ibu Dewi Sartika katelahna ku jalma rea mah Agan Dewi. Agan teh sesebutan ka wargi-wargi dalem anu landes boh prya boh wanita,ari putra-putra dalem disebutna mun priya aom,mun wanita juag. Dina ka tompernakeun abad ka-19 wanita Sunda masih dikungkung ku adat istiadat kuna anu turun-tumurun ti jaman ka jaman. 
Wanita harita taya deui ancoanana ngan pikeun jadi patih goah", tegesna ngurus dahareun jeung sumujud ka salaki, supaya runtut-raut lambat-lambut nya laki rabi.
Rupa-rupa elmu jeung kapinteran, saperti maca, nulis, ngitung jste. Pikeun awewe mah basana teu perlu, da moal jadi juru tulis.