Thursday, May 5, 2016

Silsilah Ngaran Patempatan Di Tatar Sunda

Oléh-oléh Priangan dilingkung gunung
Majalaya, Soréang, Banjaran Bandung…..


Sempalan lagu “Borondong Garing” di luhur téh ngandung déskripsi sawatara ngaran tempat nu aya di Tatar Sunda. Demi nataan ngaran-ngaran tempat téh ilaharna sok disebut toponimi. Nurutkeun kajian folklore, toponimi téh bagian tina élmu onomastika (onomastics), anu ulikanana ngawengku di antarana baé: méré ngaran jalan, ngaran atawa jujuluk jalma, ngaran kadaharan, ngaran bubuahan kaasup asal-usul (legénda) ngaran hiji tempat dumasar kana ‘sajarah’ ngajanggélékna.
Nataan ngaran tempat tangtu bakal loba rambat kamaléna lantaran ngajujut ngaran tempat mah teu cumpon ku nyawang ngan tina hiji aspék baé. Nya sawadina kudu dijujut deuih rupa-rupa informasi nu nyampak disatukangeun kaayaan éta tempat. Kumaha pakuat-pakaitna antara ngaran tempat jeung éta informasi? Ilustrasi di handap saeutikna baris méré gambaran anu écés.

Etnopedagogi Dalam “Kaulinan Barudak”

Arus globalisasi laksana air bah, terus menggerus dan menjebol langsung pada perubahan perilaku dan kebiasaan masyarakat. Akibatnya, masyarakat kita termasuk salah satu yang tidak bisa berbuat banyak, terutama menimpa dunia anak-anak. Anak-anak kita sedang kehilangan dunianya.
Lontaran keprihatinan itu muncul dari para orang tua, pendidik serta pemerhati dunia anak-anak, setelah mengamati perilaku kehidupan anak-anak sekarang dalam bermain, sangat lain dengan pola kehidupan orang tua mereka semasa kanak-kanak. Menurut pengamatan dan penilaiannya, permainan anak-anak sekarang ini tidak mendidik dan cenderung ke arah sikap yang konsumtif dan individualistis.
Anak-anak tempo dulu sangat tertantang oleh alam dan lingkungan hidupnya berada. Mereka mampu memanfaatkan apa yang ada di lingkungannya. Sebagai akibatnya, mereka harus kreatif, selalu siap menghadapi tantangan dan rintangan yang muncul setiap saat.

REFORMULASI KURIKULUM BASA SUNDA DUMASAR BUDAYA


  1. Kurikulum atikan di Indonésia terus barobah geusan ngaluyukeun diri kana robahna
kamekaran paélmuan katut pameredih panéka jaman. Ari robahna kurikulum téh rata-rata antara 6–10 taun. Bédana kurikulum téh pangpangna dina lebah titincakanana, nya éta dumasar kana jejer bahan, sistem unit, téma, jeung kompeténsi. Kurikulumna teu goréng alias geus hadé, da anu héngkérna mah lebah prakna, praktékna, atawa impleméntasina.
Dina awal kamerdikaan Indonesia, kurikulum nu mimiti dipaké di sakola-sakola di Indonesia nya eta Kurikulum 1947. Ieu kurikulum teh disampurnakeun taun 1950, anu tuluy diganti ku 1958 kalayan dipake nepi ka taun 1964. Najan ari resmina mah dilaksanakeun taun 1965.

Model Pangajaran Ngaregepkeun

MODEL PANGAJARAN NGAREGEPKEUN
BERBASIS BUDAYA LOKAL
ku : Dingding Haerudin

A. Bubuka

Kiwari masarakat Indonesia kakara eungeuh deui kana budayana sorangan. Komo sanggeus budayana diaku ku nagara tatangga mah. Sabenerna, nagara urang (Indonesia), lembur urang (Jawa Barat), kampung urang (tatar Sunda) kawéntar ti baheula mibanda rupa-rupa ragam seni-budaya nu unik, sarta moal matak kéder saupama dibandingkeun jeung budaya deungeun-deungeun.
Kitu ogé di unggal lembaga atikan, mimit ti TK, SD, SMP, nepi ka SMA matéri perkara seni jeung budaya lokal teu kungsi leupas natrat ayana dina kurikulum. Ngan naha kiwari dianggap penting nepi ka diéksplisitkeun perlu ngalaksanakeun pendidikan berbasis budaya lokal?
Nilik kana kaayaan atikan kiwari, laasna raga katineung murid kana budayana lantaran teu kungsi nyaho kana ajén-ajén nu aya dina éta budaya. Lantaran kitu, murid samemena pisan narima budaya deungeun nu nembrak sarta babari kacangkingna. Tingpucunghul sakola-sakola nu dilabélan standar internasional sawadina mah kudu bisa némbongkeun rupa-rupa kaunggulan seni budaya lokal nu unik bertaraf internasional.

Sajak Sunda


Sajak Budak Angon
Ku Toni Lesmana

Di pangangonan
Kuring
Jadi taneuh nu diseuseup jukut
Jadi jukut nu diremus domba
Jadi domba nu direcah maung
Jadi maung nu digorogot waktu

Tuesday, May 3, 2016

Latihan Soal 2 Basa Sunda SMA Kelas XI


LATIHAN SOAL 2
SMA KELAS XI
TAHUN PELAJARAN 2015-2016

 

                             Pilihan Ganda
            Pilih salasahiji jawaban anu pangbenerna!
            
1. Kumaha pola engang (suku kata )kecap gram?
A. KKVK
D. VVK
B. KVK   
E. VVV
C. VKK



2. Rucat(pisahkan)kecap ‘déngékeun’ dumasar (berdasarkan) engangna…
A. Dén-gé-keun
D. Dé-ngé-ke-un
B. Déngé-keun
E. Déngé-keun
C. Dé-ngé-keun



  1. Anu kaasup Pahlawan Istri ti Jawa Barat nya eta….
A. R.a. kartini
D. Ibu sud
B. Déwi sartika
E. Patimura
C. Cut nyak  dien



  1. Kanggo saheulaan artos hasil lélang disimpen dina kas OSIS. Perkawis badé iraha éta artos disumbangkeun ka parakorban longsor di Garut, ngantos piunjuk ti Bapa Kapala.
Sakitu rupina laporan ti pihak Panata Calagara Bazar & Lélang OSIS SMA Negerei 16 Bandung. Hatur nuhun kana perhatosanana.
Sempalan wacana di luhur kaasup ka nu bagian naon dina laporan kagiatan?
A. Bubuka
D. Judul
B. Eusi
E. Téma
C. Panutup



  1. Nyanghareupan poé ahir manusa bakal ditanyakeun ngeunaan amalna di dunya.
Kecap ahir ngandung basa serepan ti basa ....
A. Sunda
D. Belanda

B. Jawa
E. Cina
C. Arab





  1. Niténan eusi, basana, cara/pola nulisna, malah ilustrasi jeung sisi artistikna mangrupa (merupakan) salasahiji pagawéan….

A. Ngarésénsi buku
D. Ngoméntaran buku
B. Maca buku
E. Nyieun biografi
C. Nulis buku

Latihan Soal 2 Basa Sunda SMA Kelas X


LATIHAN SOAL 2
SMA
TAHUN PELAJARAN 2015-2016

 

                Pilihan Ganda
            Pilih salasahiji jawaban anu pangbenerna!



1.       Kedah kumaha ngungkulanana? Rupina éta mah tiasa dibahas ku grup sanés. Sim kuring saparakanca mah, mung badé ngawatesanan dugi kadinya.
Tarjamahkeun kecap ngungkulanana ka nu basa Indonesia!
A. Mengusahakan
D. Menambahkan
B. Memikirkan
E. Membaca
C. Mengatasinya



2.       Mana kalimah anu ngandung harti konotatif(injeuman)?
A. Imah kuring mah butut.
B. Dasar manéh mah bodo!
C. Mangga linggih di saung butut abdi.
D. Kuring diajar basa sunda.
E. Ucing téh mani lucu.

3.       Mana kalimah anu ngandung harti dénotatif?
A. Mangga linggih di saung butut abdi.
B. Dasar manéh mah gede hulu!
C. Imah kuring mah butut.
D. Maling nu éta mah pan panjang leungeun
E. Kuring sok ngajadi leutik burih

4.       “Naon da abdi mah jalma tuna harta jeung tuna harti, teu kabeuli nanaon!”
Kalimah di luhur ngandung harti ..........
A. Dénotatif
D. Pasif
B. Konotatif
E. Aktif
C. Persuasif



5.       Masarakat Désa Sukaluyu mangrupakeun masarakat anu ............. digawé jeung resep kabersihan.
Lengkepan kalimah diluhur!
A. Rajin
D. Hirup
B. Males
E. Diajar
C. Kerja


6.       Disebut naon kagiatan ngabadamikeun masalah pikeun néang(mencari) mana nu bener?

A. Diajar
D. Maca
B. Nulis
É. Latihan
C. Sawala