Friday, February 17, 2023

CONTO-CONTO TEKS PAGUNEMAN SINGKAT


1. Contoh Percakapan 1

 

Percakapan ini dilakukan dengan teman.

 

1. Hera: "Yayu atos ngerjakeun PR Basa Sunda teu acan?" (Yayu sudah mengerjakan PR Bahasa Sunda, belum?)

Yayu: "Atos. Ari Héra atos teu acan?" (Sudah. Hera sendiri sudah, belum?)

Hera: "Teu acan abdi mah hilap." (Belum, aku lupa.)

Yayu: "Kumaha wéh, ké Ibu Guru bendu gera." (Gimana dong, nanti Ibu Guru marah, lagi.)

Hera: "Muhun wios wé diseuseulan ogé rumaos teu acan ngerjakeun." (Ya sudah nggak apa-apa dimarahin juga, karena memang aku salah belum mengerjakan.)

Yayu: "Énjing mah kerja kelompok sareng abdi gera ngambéh teu hilap deui." (Besok-besok kerja kelompok denganku supaya nggak lupa lagi.)

Hera: "Muhun hayu." (Iya, ayo siap.)

 

2. Contoh Percakapan 2

 

Percakapan ini dilakukan antara kakak laki-laki dengan adik laki-laki.

 

Eja: "Panganterkeun aing ka pasar, Dén! Motor aing di béngkél." (Tolong antar aku ke pasar, Den! Motorku ada di bengkel.)

Deden: "Naha can dicokot kénéh, A? Geuning lila." (Kenapa belum diambil, Kak? Lamanya.)

Eja: "Aing loba kerjaan pisan. Can kacekel éta motor." (Aku sedang banyak sekali pekerjaan. Belum bisa mengurus motor.)

Deden: "Nya atuh ké heula. Aing madang heula." (Iya sebentar, aku makan dulu.)

 

3.Contoh Percakapan 3

 

Percakapan ini dilakukan antara guru dan muridnya saat pelajaran basket.

 

Arif: "Pa, acan sugan?" (Pak, belum selesai?)

Pak Irfan: "Lima menit deui." (Lima menit lagi.)

Arif: "Geuning lila pisan sih, Pa?" (Lama sekali, Pak?)

Pak Irfan: "Manéh mah, ari sakeudeung protes, dibéré lila protes." (Kamu ini, kalau sebentar protes, lama juga protes.)

Arif: "Da asa teu anggeus-anggeus, Pa." (Rasanya kok tidak selesai-selesai, Pak.)

 

4. Contoh Percakapan 4

 

Percakapan ini dilakukan antara orang tua dan anak perempuannya.

 

Yuni: "Bah, tos dahar teu acan?" (Pak, sudah makan, belum?)

Bapak: "Encan." (Belum.)

Yuni: "Badé dihuapan ku tétéh?" (Mau disuapi Kakak?)

Bapak: "Teu kudu. Bapa hoyong bubur sop." (Tidak usah. Bapak ingin bubur sup.)

Yuni: "Nya muhun ké, tétéh milari tukang bubur sop heula ka hareup nya, Bah." (Baiklah, nanti Kakak cari tukang bubur sup ke depan dulu ya, Pak.)

 

5. Contoh Percakapan 5

 

Percakapan ini dilakukan antara teman yang seusia.

 

Dédén "Geuleuh teuing aing mah ka si Dudung téh!" (Menyebalkan sekali Dudung!)

Yuni: "Naha naha naha? Geuning ujug-ujug kitu sih?" (Kenapa, kenapa, kenapa? Kok tiba-tiba begitu, sih?)

 

6. Contoh Percakapan 6

 

Percakapan ini juga dilakukan antara teman seusia.

 

Hesti: "Néng, dupi ari di kampung Enéng pami HUT Bandung sok aya lomba-lomba tara?" (Neng, kalau di kampungmu saat HUT Bandung ada perlombaan, nggak?)

Enéng : "Osok, mung tara saramé dinu sanésna, da nu ngiringanna tara seueuran." (Ada, tapi nggak semeriah di tempat lain, karena pesertanya nggak banyak.)

Hesti: "Naha? Teu raramé panginten lomba-lombana?" (Kenapa? Apakah lombanya nggak seru?)

Eneng: "Ah da nu ngaramékeun mah pamaénna rék sakumaha teu ramé lombana gé, Hés. Panginten teu level ngiringan nu karitu téh." (Yang meramaikan lomba itu adalah pemainnya, mau apa pun lombanya, Hés. Nah mungkin banyak yang merasa nggak level ikut lomba seperti itu.)

Hesti: "Muhunnya da pidunya wé orang kota mah. Tapi ari saur abdi mah, ngeusi acara HUT Bandung téh mending ku sholawatan sasarengan, maos yasin sasarengan, ngadu'a sasarengan, teras merogramkeun ngarencanakeun Bandung ka hareupna sangkan leuwih alus." (Iya ya, orang kota lebih suka di rumah. Tapi kalau kata aku sih mengisi HUT Bandung lebih baik dengan sholawat bersama, yasinan bersama, berdoa bersama, lalu membuat program rencana untuk Bandung yang lebih baik ke depannya.)

Eneng: "Muhun ogé nya daripada ku hura-hura teu puguh mah, duit hambur, Allah teu suka, lingkungan bala, alah satuju pisan abdi mah." (Iya juga, daripada perayaan nggak jelas, boros, Allah nggak suka, lingkungan jadi kotor, aku setuju sama kamu, Hes.)

 

7. Contoh Percakapan 7

 

Ucup: "Kunaon kamari teu sakola, Jun?" (Kenapa kemarin kamu nggak masuk sekolah, Jun?)

Jujun: "Kamari kuring téh nyeri beuteung euy." (Kemarin aku sakit perut.)

Ucup: "Nyeri beuteung pédah kunaon? Tambarakan teuing atuda Jujun mah." (Sakit perut kenapa? Sembarangan banget sih kamu, Jun.)

Jujun: "Ah teu pira jajan baso tuluy nginum cai és kamari téh." (Kemarin cuma jajan bakso terus mimum es.)

Ucup: "Meureun lada teuing basona nya? Jaba deuih ayeuna téh keur usum ngijih." (Sepertinya baksonya terlalu pedas, ya? Ditambah sekarang lagi musim hujan.)

Jujun: "Enya puguh lada teuing basona." (Iya nih, sepertinya baksonya terlalu pedas.)

 

8. Contoh Percakapan 8

 

Percakapan ini dilakukan antara orang dewasa dalam kesempatan resmi.

 

Moderator: "Kumaha numutkeun pangemut Kang Ujang patali sareng rencana urang badé ngawangun tempat wisata téa?" (Bagaimana menurut Kang Ujang terkait rencana kita mau bikin tempat wisata di kampung kita?)

Ujang: "Hatur nuhun tos maparin waktos. Pangemut sim kuring mah kalintang saé na kumargi tiasa ningkatkeun kagiatan pamuda di lembur urang." (Terima kasih atas waktunya. Menurut saya sangat bagus karena bisa meningkatkan pendapatan pemuda di kampung kita.)

Moderator: "Dupi saur Kang Asép kumaha, satuju atanapi henteu?" (Kalau menurut Kang Asep bagaimana, apakah setuju atau tidak?)

Asep: "Haturnuhun tos dipasihan waktos kanggo ngiring sasangem. Abdi oge panuju mung kedah diemutkeun deui waragadna moal cekap ku sakedik. Badé ti mana milarian biayana da upami ngandelkeun iuran warga mah tos jelas bakal lami ka ngawujud." (Terima kasih telah diberi kesempatan berbicara. Saya juga setuju tapi harus dipikirkan biayanya pasti besar. Dari mana biaya sebesar itu karena jika mengandalkan iuran warga saja jelas akan lama terwujud.)

 

9. Contoh Percakapan 9

 

Percakapan ini dilakukan antara kakek dan cucunya.

 

Dudung: "Ki, didieu mah sabudeureun bumi téh meni seueur tatangkalan. Malah itu di buruan ogé meni seueur pepelakan, Ki." (Ki, di lingkungan sekitar rumah banyak pepohonan. Itu juga di halaman rumah banyak tanaman, Ki.)

Aki: "His, geus kitu kuduna, Cu. Urang kudu milu ngarawat lingkungan sabudeureun. Mikanyaah tutuwuhan jeung sasatoan. Sabab, tutuwuhan jeung sasatoan teh kalintang mangpaatna pikeun urang." (Memang sudah seharusnya, Cu. Kita harus ikut merawat lingkungan dan sekitarnya. Merawat tumbuhan dan hewan. Karena tumbuhan dan hewan banyak manfaatnya untuk kita.)

Dudung: "Naon waé mangpaatna, Ki?" (Apa saja manfaatnya, Ki?)

Aki: "Hawa didieu karasa ku hidep sakieu segerna. Éta téh lantaran di sabudeureun urang loba tutuwuhan. Hidep ogé di dieu bisa ngadahar bungbuahan, kari ngala tina tangkalna. Rupa-rupa sayuran kari ngala." (Udara yang kita hirup jadi terasa segar. Itu karena di sekitar kita banyak tumbuhan. Kamu juga bisa makan buah-buahan yang langsung dipetik dari pohonnya. Macam-macam sayuran juga tinggal petik.)

 

10. Contoh Percakapan 10

 

Percakapan ini dilakukan masih antara kakek dan cucunya.

 

Dudung: "Ari mangpaat hayam sajabina ti tiasa diemam dagingna naon, Ki?" (Kalau manfaat ayam selain dimakan dagingnya apa, Ki?)

Aki: "Tadi isuk-isuk, naon nu ngalantarankeun hidep hudang?" (Tadi pagi apa yang membangunkanmu?)

Dudung: "Hayam jago kongkorongok, Ki. Jadina abdi kagugahkeun." (Ayam jago yang berkokok, Ki. Jadinya saya terbangun.)

Aki: "Tah, éta salahsahiji mangpaatna ngukut hayam, Dung." (Nah, itu salah satu manfaat memelihara ayam, Dung.)

Dudung: "Oh, muhun, muhun." (Oh, iya iya.)

Soal B.Sunda Dongeng

 Soal B.Sunda Dongeng


Baca sempalan dongéng ieu di handap!


Anéhna, teu lila ti tas nginum cai dina batok anu taya lian cai kahampangan raja, Wayungyang langsung kakandungan. Malah teu lila ti harita Wayungyang téh ngalahirkeun. Anakna awéwé. Ku saliwatan katénjo, pigeuliseun éta budak téh. Bubuhan anak raja. Éta orok téh tuluy dirorok ku wayungyang tur dibéré ngaran dayang Sumbi.


1. Saha nu ngarorok Dayang Sumbi téh?

a. Jin

b. Siluman

c. Wayungyang

d. Si Tumang


Monyét Jeung Kuya Balap Melak Cau

Hiji Poé, Sakadang Kuya keur moyan di sisi wahangan. Sabot kitu, torojol sobatna, Sakadang Monyét nyampeurkeun bari ngomong.“Éh, Sakadang Kuya, urang balap melak cau yu!, urang bareng melak binihna, nu pangheulana buahan éta nu meunang.” Sakadang Kuya ngawalon, “Na aya kitu binihna?” “Aya, nu kuringmah binihna gé jantung cau, ngarah babari jadi buahna.” Ceuk Sakadang Monyét.


Ngadéngé Sakadang Monyét nyarita kitu, Sakadang Kuya mikir, tapi teu loba nyarita. Sanggeus asak badami, bral duanana muru ka kebon. Sakadang Monyét tuluy melakkeun jantung cau. Ari anu dipelak ku sakadang kuya mah tangkal cau anakna.


Sanggeus sababaraha waktu lilana, Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét arindit ka kebon rék néang pepelakanana. Kasampak tangkal cau anu dipelak ku Sakadang Kuya geus gedé, malah geus aya jantungna, tangtu sakeudeung deui bisa kaala buahna. Ari jantung cau nu dipelak ku Sakadang Monyét mah boro-boro jadi tangkal. Waktu Sakadang Monyét ngoréhan taneuh lebah pepelakan manéhna, kasampak jantung cau téh geus buruk.


2. Saha sobat sakadang kuya téh?

a. Monyet

b. Maung

c. Peucang

d. Ajag


3. Naon anu dipelak ku sakadang Monyét?

a. Jantung cau

b. Tangkal cau anakna

c. Cauna

d. Siki cau


4. Di mana kuya jeung monyét melak cauna?

a. Sawah

b. Walungan

c. Wahangan

d. Kebon


5. Cau saha anu pangheulana buahan téh?

a. Monyet

b. Kuya

c. Dua-duana

d. Teu aya nu buahan


6. Lalakon sakadang Kuya jeung sakadang Monyét dina dongéng di luhur kaasup kana unsur intrinsik, nyaéta….

a. Jejer

b. Latar

c. Palaku

d. Galur


7. Runtuyan kajadian dina carita anu ngawangun hiji lalakon nepi ka ngaleunjeur disebut unsur…..

a. Jejer

b. Latar

c. Palaku

d. Galur


8. Idé, gagasan, atawa poko pikiran anu ngajiwaan carita disebut ….

a. Jejer

b. Latar

c. Palaku

d. Galur


9. Carita rékaan anu dikarang dina wangun basa lancaran kalawan sumebarna sacara lisan téh disebutna…

a. Carpon

b. Novél

c. Sajak

d. Dongéng


10. Salah sahiji ciri karangan dongéng téh nyaéta ….

a. Palakuna jin jeung siluman

b. Témana ngeunaan kahirupan raja

c. Loba ditulis dina buku atawa majalah

d. Dina eusi caritana loba nu pamohalan


11. Dongéng anu eusina nyaritakeun sasatoan kalawan paripolahna saperti manusa disebut….

a. Sage

b. Fabél

c. Parabél

d. Legénda


13. Dumasar eusina, “Nyi Roro Kidul” kaasupna kana wanda dongéng …..

a. Sage

b. Parabél

c. Legénda

d. Mite


  1. Dongéng “Si Kabayan, Baridin, Kaspo" kaasup kana conto dongéng ....

a.    pabel

b.    parabel

c.    sagé

d.    babad

e.    mitos 


  1. Di handap ieu mangrupa conto dongéng anu nyaritakeun kahirupan jalma di masarakatna jeung sajarahna, nya éta ....

a.    Prabu Kéan Santang

b.    Pangéran Diponegoro

c.    Ki Bagus Rangin

d.    Pangéran Antasari

e.    Nyi Roro Kidul


Jawablah pertanyaan di bawah ini dengan benar!


  1. Apa tujuan diceritakan dongeng?
  2. Bagaimanakah manfaat mendengarkan dongeng?
  3. Perhatikan semua gambar itu, apakah kalian menemukan dongeng yang sangat berkesan? Jelaskan manfaat yang kalian temukan?
  4. Bagaimanakah kondisi pendengar dongeng itu pada umumnya, dan di lingkungan sekitarmu khususnya? Apakah ada perubahan?
  5. Bagaimana peranan dongeng mempengaruhi terhadap karakter seseorang?

TEKS KAKAWIHAN BARUDAK SUNDA

 1. Permainan Tradisional Sunda “Cingciripit”


Cingciripit ini biasanya dilakukan oleh-anak-anak sebelum memulai permainan untuk menentukan urutan dalam bermain atau menentukan siapa yang menjadi eméng (kucing).

Cara melakukan cingciripit: Anak-anak berkumpul membentuk lingkaran, kemudian salah seorang diantara mereka (biasanya) orang yang ‘dituakan’ dalam kelompok membuka telapak tangan, kemudian satu persatu anak meletakan jarinya di tangan tersebut, mereka akan ngawih (bernyanyi) bersama dengan syair.


Lirik Lagu Cingciripit:


Cing ciripit Tulang bajing kacapit
Kacapit ku bulu paré
Bulu paré sesekeutna
Jol pa dalang mawa wayang
Jrék-jrék nong, Jrék-jrék nong.


Ketika lagu hampir berakhir, pemain bersiap-siap untuk mengangkat jarinya, karena bila jari tertangkap oleh tangan si pemimpin tadi maka dia kalah dan menjadi eméng atau kucing.


2. Permainan Tradisional Oray – Orayan


Permainan Oray-orayan (ular-ularan) adalah permainan yang riang dan memadukan unsur gerakan dan suara, permainan tradisional sunda ini biasa dimainkan oleh banyak anak.


Lirik Lagu Oray-Orayan:

Oray orayan, luar léor mapay sawah,
Entong ka sawah, Paréna keur sedeng beukah.

Orang-orayan
Luar-léor mapay kebon
Entong ka kebon, di kebon loba nu ngangon.

Mending gé ka leuwi, di leuwi loba nu mandi
Saha anu mandi
Anu mandina pandeuri.

riririri … Jleepp (bulan dan bintang menangkap mangsanya)


Ketika berada di ujung lagi, pada syair “riririririri …. “ kedua pemain yang menjadi gerbang tadi akan menurunkan tangannya dan menangkap seorang pemain.


  1. Permainan Tradisional “Endog – Endogan”


Tak ada yang menjadi kucing dalam permainan sunda dengan lagu dan tangan sebagai media bermainnya ini. cara memainkannya yaitu tangan ditumpuk mengepal menyerupai telur, kemudian pemain yang minimal terdiri 2 orang bernyanyi bersama.


Endogendogan peupeus hiji pre. Endogendogan peupeus hiji pre.
Endogendogan peupeus hiji pre. Endogendogan peupeus hiji pre.


Ketika sampai di syair “pree” tangan yang tadinya dikepal di tembrakan dari yang paling bawah, setelah semua tangan tidak ada yang mengepal, kemudian anak-anak melanjutkan nyanyian lagi dengan syair;

“Goleang-goleang mata sapi Bolotot. “

Biasanya anak-anak menanyikan lirik terakhir sambil memegang dan membelalakan matanya.


  1. Paciwit-ciwit Lutung


Permaian ini merupakan permainan saling mencubit punggung tangan hingga membentuk tumpukan/susunan tangan yang meningkat (vertical). Biasa dilakukan secara berkelompok 4-6 orang. Pada permainannya tangan mereka dipusatkan ketengah lingkaran dan disusun keatas dengan mencubit satu sama lain.


Paciwit-ciwit lutung

Si lutung pindah ka luhur

Paciwit-ciwit lutung

Si lutung pindah ka luhur


  1. Perepet Jengkol


Permainan perepet jengkol merupakan lagu Permainan Sunda yang dinyanyikan oleh laki-laki atau perempuan tiga orang, memegang tangan saling memebelakangi temannya masing-masing, kaki kanannya diangkat ke betis dianyamkan hingga kuat, masing-masing tangan dilepaskan kemuadian meloncat-loncat memutar ke arah kiri sambil tepuk tangan.


Perepet Jengkol Jajahean

Kadempet kohkol

Jejeretean


  1. Ucang-ucang angge


Ucang-ucang anggé merupakan permainan yang dinyanyikan oleh seorang anak sambil ucang-ucangan mengayunkan kedua kakinya duduk di kursi atau golodog, kakinya diayun-ayunkan ke depan ke belakang beberapa kali.


Ucang-ucang angge

Mulung muncang ka parangge

Digogog ku anjing gede

Anjing gede nu pa lebe

Ari gog, gog cungungung


  1. Tong malia tong  


merupakan salah satu lagu permainan tradisional Sunda. Permainan ini ramainya dimainkan oleh sekitar lima orang anak atau lebih. Permainan ini hampir sama seperti halnya permainan 'ucing sumput' atau disebut petak umpet dalam bahasa Indonesia. Perbadaannya dalam permainan ini yang menjadi kucing harus sujud membungkuk di tengah anak-anak lain yang duduk mengelilingi si kucing. Dimana tangan anak-anak lainnya nanti akan bergiliran memindahkan sebuah benda, biasanya sejenis batu kerikil atau biji-bijian. Mereka akan menyanyikan lagu 'Tong malia tong' sejalan dengan mereka bergiliran memindahkan kerikil/biji dari tangan satu ke tangan lain.

 

Lirik lagu Tong Malia Tong

 

Tong mali maliatong bedegong

Kayu manis disangkana ora sombong

Sombong rinci-rinci

Sombong rinci-rinci


Hingga lagu habis, yang menjadi kucing bangun dan menebak di tangan mana krikil/biji itu berada. Jika tebakan anak yang menjadi kucing benar, maka anak yang memegang krikil/biji yang menjadi kucing selanjutnya. Tapi jika tebakan anak yang menjadi kucing salah, maka ia akan tetap menjadi kucing. Kejujuran sangatlah diperhatikan dalam memainkan permainan ini. Disamping itu, anak-anak dapat meningkatkan rasa kebersamaan dan kepekaan dengan orang sekitar mereka.


  1. Lirik Lagu Pacici Cici Putri


Pacici-cici putri

Serelek kembang sapatu

Ma epon- ma epon

Lamun hayang kembang naon? (Kembang cau)

Mang ucup-mang ucup

Palay kembang cau

Kabogohna anu bau


LATIHAN SOAL BASA SUNDA X

 Pilihlah salah satu jawaban yang benar dari pilihan jawaban yang tersedia!

  1. Kawih téh nyaéta ….

A.  Kumpulan lagu-lagu sunda

B.  Gabungan dua unsur seni nyaéta seni musik jeung seni sastra

C.  Jenis lagu sunda nu teu kaiket ku ketukan

D.  Lagu-lagu sunda nu bisa dipirig maké kecapi suling


  1. Bédana kawih jeung tembang nyaéta ….

A.  Kawih mah sawiletan aya opat ketuk sedengkeun tembang mah bebas

B.  Kawih mah dinyanyikeun ku sinden sedengkeun tembang mah ku Alok

C.  Kawih mah bisa dinotasikeun sedengkeun tembang mah teu bisa

D.  Kawih mah hasil karya seniman baheula sedengkeun tembang mah hasil karya seniman ayeuna


Perhatikeun kawih di handap! Pikeun No 3 - 5

Malati di Gunung Guntur


Sanggian          : Mang Koko

Rumpaka         : Wahyu Wibisana


Malati di gunung Guntur

Seungitna sungkeman ati

Bodas sésétraning rasa

Jadina dadi mumunggang

Leuweung larangan

Malati di gunung Guntur

Hanjakal henteun dipetik

Béja geus aya nu boga

Ngahaja melak di dinya

Para guriang


  1. Judul kawih di luhur nyaéta ....

A.  Leuweung Larangan                                    C.  Biheung Kadongkang

B.  Malati di Gunung Guntur                            D.  Duka Kunaon


  1. Rumpaka kawih di luhur téh karyana ….

A.  Wahyu Wibisana                                         C. Mang Koko jeung Wahyu Wibisana

B.  Mang Koko                                                 D. Yayat S                     


  1. Jumlah engang dina padalisan kahiji pada kahiji kawih di luhur nyaéta ….

A.  lima                     B.  genep                         C. tujuh                           D. dalapan


  1. Tujuan tina sawér nyaéta ….

A.  ajaran agama                                                C. tata cara rumah tangga

B.  papatah keur pangantén                             D.   tanda kanyaah ti kolot


  1. Nu teu ka asup barang-barang nu sok diawurkeun dina sawér nyaéta ….

A.  béas                     B. cikur                            C.  duit                            D. koneng


  1. Puisi sawér téh sok ditembangkeun dina acara ….

A.  lebaran                 B. milangkala                  C.  munggahan                D.  nikahkeun


  1. Puisi sawér umumna ngandung ….

A.  lalakon                 B. papatah                       C. sabab                          D. tokoh


  1. Purwakanti tina sa’ir sawér téh rumusna ….

A.  a-a-a-a                  B. a-b-a-b                        C. a-a-b-b                        D. a-b-b-a


Baca wacana kapahlawanan di handap ieu! Pikeun No 11 – 14


Déwi Citraresmi atawa Dyah Pitaloka téh putri Sunda anu geulis kawanti-wanti, éndah kabina-bina, katurug-turug pribadina hadé tata, hadé basa, tur hadé tingkah paripolahna. Anjeuna téh putra cikal Prabu Maharaja ti Karajaan Kawali.

Hiji waktu, Déwi Citraresmi dilamar ku Prabu Hayam Wuruk ti Karajaan Majapahit. Lantaran niatna pikeun nambah babarayaan, éta panglamar téh ditampi ku Raja Kawali. Sang putri bakal ditikahkeun ka Raja Majapahit.


  1. Poko pikiran utama dina paragraf kahiji nyaéta ....

A.  Déwi Citraresmi atawa Dyah Pitaloka téh putri Sunda anu geulis kawanti-wanti

B.  katurug-turug pribadina hadé tata

C.  hadé tingkah paripolahna

D.  anjeuna téh putra cikal Prabu Maharaja ti Karajaan Kawali


  1. Poko pikiran utama dina paragraf kadua nyaéta ....

A.  Prabu Hayam Wuruk Raja ti Majapahit          

B.  Sang putri bakal ditikahkeun ka Raja Majapahit

C.  Déwi Citraresmi dilamar

D.  lantaran niatna pikeun nambah babarayaan


  1. Kecap cikal nu aya di wacana di luhur hartina ....

A.  budak pangleutikna                                      C. budak nunggal

B.  budak panengah                                           D. budak pangageungna


14.    Eusi dina wacana kapahlawanan nyaéta ….

A.  mimiti sajarah lahirna, riwayat atikan

B.  kalungguhanana, riwayat atikan, lobana kakayaan

C.  mimiti sajarah lahirna, riwayat atikan, kalungguhanana, jasa-jasana

D.  mimiti sajarah lahirna, riwayat atikan, ngaran pamajikanana, jasa-jasana


II.      Jawablah!


Teu honcewang sumoreang

Tekadna pahlawan bangsa

 

Cadu mundur pantrang mulang

Mun maksud tacan laksana

 

Berjuang keur lemah cai

Lali rabi tur tegang pati

Taya basa menta pamulang tarima lklas rido keur korban merdeka

 

Sinatria danalaga

 

  1. Naon tema kawih di luhur teh?
  2. Saha nu nyanggi eta kawih?
  3. Perkara naon wae nu dicaritakeun dina eta kawih?
  4. Keur saha pahlawan bajuang teh? Ngabela naon?
  5. Kumaha tekadna pahlawan teh?
  6. Hal naon wae nu karasa ku hidep sabada ngahaleuangkeun kawih di luhur?