Friday, February 17, 2023

Soal B.Sunda Dongeng

 Soal B.Sunda Dongeng


Baca sempalan dongéng ieu di handap!


Anéhna, teu lila ti tas nginum cai dina batok anu taya lian cai kahampangan raja, Wayungyang langsung kakandungan. Malah teu lila ti harita Wayungyang téh ngalahirkeun. Anakna awéwé. Ku saliwatan katénjo, pigeuliseun éta budak téh. Bubuhan anak raja. Éta orok téh tuluy dirorok ku wayungyang tur dibéré ngaran dayang Sumbi.


1. Saha nu ngarorok Dayang Sumbi téh?

a. Jin

b. Siluman

c. Wayungyang

d. Si Tumang


Monyét Jeung Kuya Balap Melak Cau

Hiji Poé, Sakadang Kuya keur moyan di sisi wahangan. Sabot kitu, torojol sobatna, Sakadang Monyét nyampeurkeun bari ngomong.“Éh, Sakadang Kuya, urang balap melak cau yu!, urang bareng melak binihna, nu pangheulana buahan éta nu meunang.” Sakadang Kuya ngawalon, “Na aya kitu binihna?” “Aya, nu kuringmah binihna gé jantung cau, ngarah babari jadi buahna.” Ceuk Sakadang Monyét.


Ngadéngé Sakadang Monyét nyarita kitu, Sakadang Kuya mikir, tapi teu loba nyarita. Sanggeus asak badami, bral duanana muru ka kebon. Sakadang Monyét tuluy melakkeun jantung cau. Ari anu dipelak ku sakadang kuya mah tangkal cau anakna.


Sanggeus sababaraha waktu lilana, Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét arindit ka kebon rék néang pepelakanana. Kasampak tangkal cau anu dipelak ku Sakadang Kuya geus gedé, malah geus aya jantungna, tangtu sakeudeung deui bisa kaala buahna. Ari jantung cau nu dipelak ku Sakadang Monyét mah boro-boro jadi tangkal. Waktu Sakadang Monyét ngoréhan taneuh lebah pepelakan manéhna, kasampak jantung cau téh geus buruk.


2. Saha sobat sakadang kuya téh?

a. Monyet

b. Maung

c. Peucang

d. Ajag


3. Naon anu dipelak ku sakadang Monyét?

a. Jantung cau

b. Tangkal cau anakna

c. Cauna

d. Siki cau


4. Di mana kuya jeung monyét melak cauna?

a. Sawah

b. Walungan

c. Wahangan

d. Kebon


5. Cau saha anu pangheulana buahan téh?

a. Monyet

b. Kuya

c. Dua-duana

d. Teu aya nu buahan


6. Lalakon sakadang Kuya jeung sakadang Monyét dina dongéng di luhur kaasup kana unsur intrinsik, nyaéta….

a. Jejer

b. Latar

c. Palaku

d. Galur


7. Runtuyan kajadian dina carita anu ngawangun hiji lalakon nepi ka ngaleunjeur disebut unsur…..

a. Jejer

b. Latar

c. Palaku

d. Galur


8. Idé, gagasan, atawa poko pikiran anu ngajiwaan carita disebut ….

a. Jejer

b. Latar

c. Palaku

d. Galur


9. Carita rékaan anu dikarang dina wangun basa lancaran kalawan sumebarna sacara lisan téh disebutna…

a. Carpon

b. Novél

c. Sajak

d. Dongéng


10. Salah sahiji ciri karangan dongéng téh nyaéta ….

a. Palakuna jin jeung siluman

b. Témana ngeunaan kahirupan raja

c. Loba ditulis dina buku atawa majalah

d. Dina eusi caritana loba nu pamohalan


11. Dongéng anu eusina nyaritakeun sasatoan kalawan paripolahna saperti manusa disebut….

a. Sage

b. Fabél

c. Parabél

d. Legénda


13. Dumasar eusina, “Nyi Roro Kidul” kaasupna kana wanda dongéng …..

a. Sage

b. Parabél

c. Legénda

d. Mite


  1. Dongéng “Si Kabayan, Baridin, Kaspo" kaasup kana conto dongéng ....

a.    pabel

b.    parabel

c.    sagé

d.    babad

e.    mitos 


  1. Di handap ieu mangrupa conto dongéng anu nyaritakeun kahirupan jalma di masarakatna jeung sajarahna, nya éta ....

a.    Prabu Kéan Santang

b.    Pangéran Diponegoro

c.    Ki Bagus Rangin

d.    Pangéran Antasari

e.    Nyi Roro Kidul


Jawablah pertanyaan di bawah ini dengan benar!


  1. Apa tujuan diceritakan dongeng?
  2. Bagaimanakah manfaat mendengarkan dongeng?
  3. Perhatikan semua gambar itu, apakah kalian menemukan dongeng yang sangat berkesan? Jelaskan manfaat yang kalian temukan?
  4. Bagaimanakah kondisi pendengar dongeng itu pada umumnya, dan di lingkungan sekitarmu khususnya? Apakah ada perubahan?
  5. Bagaimana peranan dongeng mempengaruhi terhadap karakter seseorang?

No comments:

Post a Comment