Friday, February 17, 2023

LATIHAN SOAL BASA SUNDA X

 Pilihlah salah satu jawaban yang benar dari pilihan jawaban yang tersedia!

  1. Kawih téh nyaéta ….

A.  Kumpulan lagu-lagu sunda

B.  Gabungan dua unsur seni nyaéta seni musik jeung seni sastra

C.  Jenis lagu sunda nu teu kaiket ku ketukan

D.  Lagu-lagu sunda nu bisa dipirig maké kecapi suling


  1. Bédana kawih jeung tembang nyaéta ….

A.  Kawih mah sawiletan aya opat ketuk sedengkeun tembang mah bebas

B.  Kawih mah dinyanyikeun ku sinden sedengkeun tembang mah ku Alok

C.  Kawih mah bisa dinotasikeun sedengkeun tembang mah teu bisa

D.  Kawih mah hasil karya seniman baheula sedengkeun tembang mah hasil karya seniman ayeuna


Perhatikeun kawih di handap! Pikeun No 3 - 5

Malati di Gunung Guntur


Sanggian          : Mang Koko

Rumpaka         : Wahyu Wibisana


Malati di gunung Guntur

Seungitna sungkeman ati

Bodas sésétraning rasa

Jadina dadi mumunggang

Leuweung larangan

Malati di gunung Guntur

Hanjakal henteun dipetik

Béja geus aya nu boga

Ngahaja melak di dinya

Para guriang


  1. Judul kawih di luhur nyaéta ....

A.  Leuweung Larangan                                    C.  Biheung Kadongkang

B.  Malati di Gunung Guntur                            D.  Duka Kunaon


  1. Rumpaka kawih di luhur téh karyana ….

A.  Wahyu Wibisana                                         C. Mang Koko jeung Wahyu Wibisana

B.  Mang Koko                                                 D. Yayat S                     


  1. Jumlah engang dina padalisan kahiji pada kahiji kawih di luhur nyaéta ….

A.  lima                     B.  genep                         C. tujuh                           D. dalapan


  1. Tujuan tina sawér nyaéta ….

A.  ajaran agama                                                C. tata cara rumah tangga

B.  papatah keur pangantén                             D.   tanda kanyaah ti kolot


  1. Nu teu ka asup barang-barang nu sok diawurkeun dina sawér nyaéta ….

A.  béas                     B. cikur                            C.  duit                            D. koneng


  1. Puisi sawér téh sok ditembangkeun dina acara ….

A.  lebaran                 B. milangkala                  C.  munggahan                D.  nikahkeun


  1. Puisi sawér umumna ngandung ….

A.  lalakon                 B. papatah                       C. sabab                          D. tokoh


  1. Purwakanti tina sa’ir sawér téh rumusna ….

A.  a-a-a-a                  B. a-b-a-b                        C. a-a-b-b                        D. a-b-b-a


Baca wacana kapahlawanan di handap ieu! Pikeun No 11 – 14


Déwi Citraresmi atawa Dyah Pitaloka téh putri Sunda anu geulis kawanti-wanti, éndah kabina-bina, katurug-turug pribadina hadé tata, hadé basa, tur hadé tingkah paripolahna. Anjeuna téh putra cikal Prabu Maharaja ti Karajaan Kawali.

Hiji waktu, Déwi Citraresmi dilamar ku Prabu Hayam Wuruk ti Karajaan Majapahit. Lantaran niatna pikeun nambah babarayaan, éta panglamar téh ditampi ku Raja Kawali. Sang putri bakal ditikahkeun ka Raja Majapahit.


  1. Poko pikiran utama dina paragraf kahiji nyaéta ....

A.  Déwi Citraresmi atawa Dyah Pitaloka téh putri Sunda anu geulis kawanti-wanti

B.  katurug-turug pribadina hadé tata

C.  hadé tingkah paripolahna

D.  anjeuna téh putra cikal Prabu Maharaja ti Karajaan Kawali


  1. Poko pikiran utama dina paragraf kadua nyaéta ....

A.  Prabu Hayam Wuruk Raja ti Majapahit          

B.  Sang putri bakal ditikahkeun ka Raja Majapahit

C.  Déwi Citraresmi dilamar

D.  lantaran niatna pikeun nambah babarayaan


  1. Kecap cikal nu aya di wacana di luhur hartina ....

A.  budak pangleutikna                                      C. budak nunggal

B.  budak panengah                                           D. budak pangageungna


14.    Eusi dina wacana kapahlawanan nyaéta ….

A.  mimiti sajarah lahirna, riwayat atikan

B.  kalungguhanana, riwayat atikan, lobana kakayaan

C.  mimiti sajarah lahirna, riwayat atikan, kalungguhanana, jasa-jasana

D.  mimiti sajarah lahirna, riwayat atikan, ngaran pamajikanana, jasa-jasana


II.      Jawablah!


Teu honcewang sumoreang

Tekadna pahlawan bangsa

 

Cadu mundur pantrang mulang

Mun maksud tacan laksana

 

Berjuang keur lemah cai

Lali rabi tur tegang pati

Taya basa menta pamulang tarima lklas rido keur korban merdeka

 

Sinatria danalaga

 

  1. Naon tema kawih di luhur teh?
  2. Saha nu nyanggi eta kawih?
  3. Perkara naon wae nu dicaritakeun dina eta kawih?
  4. Keur saha pahlawan bajuang teh? Ngabela naon?
  5. Kumaha tekadna pahlawan teh?
  6. Hal naon wae nu karasa ku hidep sabada ngahaleuangkeun kawih di luhur?

No comments:

Post a Comment