Kénging Dede Syafrudin
1. Amparan sawah nu héjo ngémploh jadi lahan kalangenan ngurek anu stratégis [Potrét/Ilustasi: ]
Dina amparan sawah anu héjo lémbok,
remen katingal jalma dodongkoan di sisi galeng, ngadon ngurek, ngala belut.
Kuring jeung Enduy katut Dudus bisa disebut rada nyandu kana ngurek. Guru atawa
“méntor” kuring saparakanca dina bag-bagan nguseup téh nyaéta Mang Dédi. Di
lembur kuring mah mémang Mang Dédi kasebut pangjagona kana nguseup.
“Nu pangutamana dina ngurek mah nyéta
ngabédakeun liang belut jeung liang keuyeup,” ceuk Mang Dédi, waktu mimiti
mapatahan kuring ngeunaan élmuning ngurek.
Ngabédakeun liang belut jeung liang
keuyeup étuning énténg bangga. Ciri nu pangumumna liang belut rupana buleud
jeung leucir, sedengkeun liang keuyeup mah ngorowong tur langkana nu
bener-bener buleud. Kawasna mah alatan struktrur awak belut mémang béda jeung
struktur awak keuyeup.
“Liang belut mah lamun digéré ku urek
téh jero, béda jeung liang keuyeup anu déét,” kitu ceuk papatah Mang Dédi.
Sok sanajan kaasup kana kalangenan
nguseup, ngurek mah éstu béda jeung nguseup biasa. Lamun rék ngurek kudu nyieun
heula pakakasna, nyaéta useup atawa eluk nu ditalian maké kenur meunang
ngarara. Kenur anu dirara ilaharna dua rangkep atawa leuwih sangkan babari
ngagarékeunana kana liang belut, sarta kuat teu babari pegat. Lantaran tanaga
belut mah kawilang bedas, dua nepi ka opat tikeleun tanaga lauk. Eluk keur urek
biasana dijieun tina kawat tina ban urut, nu diraut sarta tungtungna
dipéncoskeun.
Salian ti di sawah, ngurek bisa ogé di
sisi walungan, sisi balong, jeung di sisi ranca. Belut walungan, balong, jeung
ranca biasana leuwih gedé ti belut sawah. Malah nepi ka aya nu sagedé indung
leungeun sagala. Tapi nguseup di sisi walungan atawa di sisi balong jeung ranca
mah leuwih bangga tinimbang nguseup di sawah, lantaran kudu nyuay-nyuaykeun
galeng anu bala pikeun néangan liangan. Pikeun anu sieun ku oray mah ulah
wani-wani ngurek di tempat kitu, lantaran aya kalana lamun keur nyuay-nyuaykeun
rungkun téh manggihan oray. Belut sawah jarang aya anu gedé, rata-rata sagedé
indung leungeun, tapi rasana leuwih énak tibatan belut balong jeung belut
walungan. Ngurekna ogé henteu bangga, da puguh “lapak” beresih meunang ngurus
patani atawa panyawah.
Sacara umum jenis urek aya tilu, nyaéta
urek sisi atawa urek biasa (eluk anu ditalian ku kenur meunang ngarara/dipuril-puril
kawas tambang atawa buuk budak awéwé nu diuntun), urek palang, jeung urek
tengah. Urek palang mah useupna henteu dipelengkung jadi eluk, sarta dua
tungtungna diseukeutan sarta tengahna ditalian ku kenur meunang ngarara,
sangkan bisa niruk tur malang dina genggerong belut. Urek tengah mah méh sarua
jeung urek sisi, ngan kenurna leuwih pondok sarta tungtungna ditalikeun kana
régang awi. Baheula mah kuringsaparakanca sok ngahaja néangan kawat keur nyieun
urek, tapi sabada nyaho di tukang euseup gé sok aya urek, antukna mah mending
kénéh meuli.
Sabada apal pakakasna, tangtu kudu apal
kana eupanna. Belut kaasup sato anu sagala beuki. Jadi eupanana ogé henteu
bangga, asal hirup jeung hanyir baé. Eupan keur ngurek bisa maké bancét, impun,
jeung cacing. Bancét ngalana babari, cuckup ngagebrigkeun sisi galeng sakadang
bancét bakal racleng sarta kari néwak. Ari ngala impun mah tangtu baé kudu maké
ayakan atawa lamit, disiukeun di sisi sawah atawa solokan nu réa impunna. Ngala
cacing kudu di nu taneuh anu baseuh, tangtu baé saréréa gé geus pana nyaho kana
hal éta mah.
“Cacing sawah mah kurang hadé dipké
ngurek, lantaran regas, babari potong. Nu alus mah cacing galeng atawa cacing
koot, lantaran salian ti liat téh ogé garedé,” ceuk Mang Dédi deui.
Nu duriatan dina kalangenan ngurek
nyaéta lamun urang keur ngagéré liang belut ujug-ujug disaggut ku belut,
karasana nepi ka ngajetut kana angen, reuwas pacampur jeung atoh. Ti dinya
tuluy pakenyang-kenyang jeung sakadang belut. Ngadu tanaga.
Rata-rata liang belut aya dua, liang
paranti kaluar asup anu biasana aya di sisi galeng jeung liang pungpurutan anu
posisina rada katengah sawah. Ceuk Mang Dédi mah cenah liang pungpurutan téh
paranti modol belut. Bener atawa henteuna éstuning wallohualam.
Lamun paré anyar ditandur, strategis
pisan lamun ngurek maké urek tengah, lantaran belut réa ngaliang di sisi-sisi
paré anu anyar dipelak. Urek tengah talina teu pati panjang, tungtungna
dicangreudkeun kana tungtung régang awi. Ngahaja ngala régang awi téh anu
leutik tapi liat, kawas jeujeur. Lamun urek disanggut sarta tuluy dikenyang ku
belut, régang awi bakal melentung badis gondéwa. Tungtung régang nu dicekel ku
urang teu kudu dikenyang ngalawan tanaga belut, cukup dipanteng wé, da lamun
belutna geus leuleuseun mah bakal méréan sorangan sarta kaaclengkeun ka luhur,
kabantu ku “gaya pegas” tina régang awi.
“Ari kuring kuring mah paling resep
ningali belut nu keur ngudag eupan dina urek. Liangna katémbong ngaburial,
kiruh. Kep urek disanggut, séot disedot ka jero liang. Nikmat ngayonanana ogé,”
ceuk Dudus.
Ngurek maké urek sisi mah genahna lamun
paré geus rada garedé. Cai sawah biasana ukur ngamalir di sisi galeng, teu nepi
ka tengah sawah, hartina belut ogé bakal ngumpul di sisi sawah atawa di sisi
galeng. Salian ti liang meunangna sorangan, belut ogé sok remen cicing dina
liang cai, nyaéta liang alami tempat ngamalirna cai ti hiji kotakan kana
kotakan lianna. Belut nu cicing dina liangcai biasana garedé, ngan ngegéréna
kudu jero. Matak kenur urekna ogé kudu panjang.
Pangpelit-pelitna belut nyaéta belut
anakan. Cirina belut anakan dina liangna sok aya budah nu warnan semu abu-abu.
Lamun geus bisa meruhkeun belut anakan hartina geus hatam kana perkara ngurek.
Belut anakan mah nyanggutan nyakalikeun, tapi lamun urek dikenyang saeutik ogé
sok terus ngeplos, eupan nyaho-nyaho geus béak dihakan. Kuring sorangan kungsi
ngalaman nepi ka béakkeun cacing alatan panasaran hayang meunang belut anakan.
“Ngurek belut anakan mah, Jang, kudu
sabar. Lamun geus nyanggut ulah langsung dikenyang, tapi kudu rada dipanteng
bari diulur lalaunan. Engké lamun geus karasa ngerekek dina urek, hartina
eupanna geus bener-bener dihakan, tali urek geus bisa dikenyang. Tapi
ngenyangna ogé kudu lalaunan, ulah disakalikeun. Tah lamun geus karasa pageuh pantengwé
tali kenurna, da lamun belutna geus leuleuseun bakal méréan sorangan. Lamun
dipaksa dikenyang mah arang langka beunang,” kitu pedaran Mang Dédi ngeunaan
rusian nguseup belut anakan.
Éta tiori ti Mang Dédi ku kuring
dipraktékkeun. Enya baé beunang tah belut anakan téh. Geus kaluar atawa
kaangkat tina liangna geuwat dibabétkeun kana galeng sina leuleuseun, lantaran
lamun teu kitu belut anakan mah sok leupas deui, mubus deui kana leutak. Ngan
baé kuring sok teu sabar, babari cangkeul lamun lila pakenyang-kenyang jeung
belut. Kenur urek téh laju didurudud dikenyang, antukna belutnaogé henteu
beunang.
Kiwari tukang ngurek beuki kadéséh ku tukang nyetrum. Kawasna alatan kiwari
belut boga niléy ékonomi, payu kana duit gedé, ngalantarankeun tukang nyetrum mahabu.
Lamun baheula dina sakotakan minimal bisa meunang lima, kiwari mah meunang lima
belut dina saamparan sawah gé geus kawilang réa. Enya, kapan belutna ogé sésa
anu nyetrum.***
sumber: mangle
No comments:
Post a Comment