Saturday, May 7, 2016

Lirik Kakawihan Barudak Lembur

#Kakawihan Barudak ayang-ayang gung

Ayang-ayang gung
Gung goongna rame
menak Ki Wastanu
Nu jadi wadana
Naha maneh kitu
Tukang olo-olo
Loba anu giruk
Ruket jeung kompeni
Niat jadi pangkat


Katon kagorengan
Ngantos kanjeng dalem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong

Jalan ka Batawi ngemplong




















#Kakawihan Barudak oray-orayan

Oray-orayan, luar léor mapay sawah,
Entong ka sawah, paréna keur sumedeng beukah,
Mending gé teuleum, di leuwi loba nu mandi,
Saha nu mandi?
Anu mandina pandeuri.

Oray-orayan, luar léor mapay kebon,
Entong ka kebon, loba barudak keur ngangon,
Mending gé teuleum, di leuwi loba nu mandi,
Saha nu mandi?
Anu mandina pandeuri

#Kakawihan Barudak eundeuk-eundeukan

Eundeuk eundeukan lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku nini
Beunang deui ku aki

Eundeuk-eundeukan cangkuang
Bale bandung paseban
Meunang peucang pa ujang
Leupas deui ku akang

#Kakawihan Barudak bangbang kalima gobang

Bang kalima gobang...bang
Bangkong ditengah sawah..wah
Wahéy tukang bajigur...gur
Guru sakola désa....sa
Saban poé ngajar...jar
Jarum paranti ngaput...put
Putri anu gareulis....lis
Lisung kadua halu....lu
Luhur kapal udara....ra
Ragrag di Jakarta.....ta
Taun sabaraha....ha
Haji rék ka Mekah....kah
Kahar tujuh rébu....bu
Buah meunang ngala....la

Lauk meunang nyobék...bék
Béker meunang muter...ter
Terus ka Cikampék...pék
Pékna gagang kalam...lam
Lampu eujeung damar...mar
Mari kuéh hoho...ho
Otél pamandangan...ngan
Ngantos kangjeng dalem...lem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong

#Kakawihan Barudak bulantok

Bulantok-bulantok
Bulan gede bulan montok
Moncorong sagede batok

Bulantok-bulantok
Aya bulan sagede batok
Bulanting-bulanting
Aya bulan sagede piring



#Kakawihan Barudak trang-trang kolentrang

Trang-trang kolentrang
Si Londok paeh nundutan
Tikusruk kana durukan
Mesat gobang kabuyutan



#Kakawihan Barudak tokecang

Tokecang tokecang
Bala gendir tosblong
Angeun kacang angeun kacang
Sapependil kosong

Aya listrik di masigit
Meuni caang katingalna
Aya istri jangkung alit
Karangan dina pipina

Tokecang tokecang
Bala gendir tosblong
Angeun kacang angeun kacang
Sapependil kosong


#Kakawihan Barudak ole-olean

Ojok-ojok uang-aung,
Ngarojok nu di saung,
Nu di saung bau sigung,
Dirojok lumpat ka lisung,
Hup dengdo, hup dengdo.


#Kakawihan Barudak cingcangkeling

Cingcangkeling
Manuk cingkleung cindeten
Plos ka kolong bapa satar buleneng


#Kakawihan Barudak perepet jengkol

Perepet jengkol jajahean 
Kadempet jempol jejeretean


#Kakawihan Barudak cingciripit

Cingciripit tulang bajing kacapit 
Kacapit ku bulu pare
Bulu pare seusekeutna 

Jol pa dalang mawa wayang 
Jekjeknong
  


#Kakawihan Barudak tat-tit-tut


Tat tit tut daun kaliki
Saha nu hitut budak lalaki
Dibawa kasaung butut
Balikna ngaburusut


#Kakawihan Barudak oray-orayan II

Oray-orayan luar leor ka sawah
Ulah ka sawah parena keur sedeng beukah
Oray-orayan luar leor los ka kebon
Entong ka kebon, di kebon loba nu ngangon

Mending ge ka leuwi, di leuwi loba nu mandi
saha anu mandi? anu mandina pandeuri

Oray-orayan ........ oray naon
Oray bungka ........ bungka naon
Bung ka laut ........ laut naon
Laut dipa ........ dipa naon
Dipanderi ri ri ri ri .........!!!!


#Kakawihan Barudak pakait-kait

Pakait-kait suku
Bitisna patumpang-tumpang
Anyaman masing pageuh
Ulah lesot masing pageuh

Anyaman masing pageuh
Tacan lesot ulah lumpat
Nganyamna ulah rusuh
Mun rusuh sok gampang labuh

No comments:

Post a Comment