Tuesday, June 5, 2018

Dongeng mistis "Tarung di Alam Gaib"

Awak teuing ku leuleus taya tangan pangawasa. Diuk dina jok mobil teu nangreu, golosor deui-golosor deui ngagolosor. Mobil ngadius ka Ciater, muru penginapan Villa “Sari Alam”. Lain arék mondok, ieu mah rék ngadon réfrésing ceuk barudak ayeuna téa mah bari sakalian marandi di kolam renangna anu caina panas. Kitu sotéh bubuhan dibawa ku minantu nu ngadunungan ka nu kagungan Villa “Sari Alam”, bageur pisan aranjeunna téh. Tara ngorétkeun, ulah boro ngojay najan mondok ogé sok ditawaran, ngan kuringna wé ngarumasakeun manéh.

Sadatangna ka Villa, barudak mah teu reureuh heula, langsung bubulucun, gebrus marandi siga nu barungah pisan, silih simbeuh kokojayan bari garogonjakan. Sabalikna kuring, bororaah hayang ngojay atawa ngeueum, awak teu puguh rasakeunaneun. Leuleus téh teuing ku leuleus.
Nungguan waktu nepi ka soré asa kacida lilana. Sajam jadi karasa sababaraha jam, panonpoé siga nu horéam ngagilir ngoléséd ka beulah kulon, kalah pepedut wé mimiti rabul minuhan wewengkon villa.
Waktu soré teu burung datang, barudak ngaruniang haranjat tina pangojayan. Sanggeus diaranduk terus digaranti baju teu poho maraké jéket, nyingkahan awak tina katiris hawa gunung.
Sanggeus pamitan sarta nganuhunkeun kanu jaga, da nu kagunganana aya di Bandung terus mulang. Mobil ngoloyong ngaliwatan panto gerbang ninggalkeun villa. Sajajalan awak mingkin teu puguh rasakeuneunana. Hayang buru-buru geura tepi ka imah, barudak mah sararé bakat ku capé meureun.
Sadatangna ka imah teu sirikna meubeutkeun manéh, guprak kana risbang. Meunang saminggu diopname di rumah sakit. Sanajan boga kartu Asuransi Kesehatan teu buru kapaké, da asupna ka rumah sakit swasta. Lain gujih, ieu mah panyakit nu miheulaan datang, méméh daftar pingsan heula.
Aya di imah acan cageur bener, awak masih kénéh karasa lungsé, gawé ukur nyangkéré di balé. Ubar mah aya sababaraha rupa nalambru di juru kamar dina méja diwadahan piring alas.
Keur ngararasakeun kalungsé, diburuan aya nu nyalukan. Budak lalaki nu nyalukan téh, sorana mah sora tatangga nu aya tukangeun imah. Sababaraha kali nyalukan, tapi teu terus ditémbalan. Didédéngékeun bisi salah, tetéla sora budak pamuda Si Yayat tatangga tukangeun imah.

“Pa ... pa ... aya nu nyaur!”ceuk Si Yayat.
“Saha...?”
“Itu Pa, saurna urang tarung paduduaan ayeuna!”
Leng mikir, naha maké aya nu ngajak tarung sagala?

Pipikiran kulincas-kalinces, lir ibarat lampu cempor leutik katebak angin. Lalaunan, pes seuneuna pareum. Liwat ngaliwatan alam sampeureun, poék mongkléng buta rata, ceuk nu bohong mah teu katempo tungtung curuk-curuk acan. Poék-poék pisan, meredong taya cahaya sakolényay.
Di buruan, bener aya hiji lalaki maké sorban, awakna péndék purékel ngajega pasang kuda-kuda. Kuring turun ka buruan, nyampeurkeun lalaunan, song sasalaman. Nu ngajéga teu malesan, malah kadon mundur bari ngépéskeun leungeun kuring.

Panasaran disidik-sidik, tetéla manéhna téh lain sasaha. Nyata-nyata tatangga imah écés pisan aya tanda dina dirina, panonna pécak. Kunaon manéhna ngajakan tarung, padahal asa teu boga musuh hirup téh? Tapi ras inget kana kajadian katukang saméméh kuring gering. Kungsi pembantu manéhna ngomong, dititah ku dununganana meuleum menyan jeung ngawurkeun kembang di hareupeun warung kuring. Teu diwaro, inget téh bisi jadi ngipiskeun iman.
Teu kanyahoan manéhna luncat bari nyépak satakerna, hélob kuring ngahélob. Mun éta sepakan keuna ka kuring, piraku kuring teu ngabeng. Sépakan disusul ku peureup nu buleud, hiuk-hiuk ngaliwatan puhu ceuli, bangbaraan. Sababaraha kali kuring ngagiwarkeun peureup manéhna, manéhna mingkin nafsu sabab tonjokanana teu keuna-keuna ka kuring. Sakalina kuring malikan nonjok, ceplos deuih teu keuna, kalah angin wé ngahiuk kasurungkeun peureup. Tetéla, manéhna lain lawan-lawaneun méméh mumuluk, pangabisana teu bisa disebut lumayan.

Tarung lain sakeudeung-sakeudeung, geus karasa lilana. Buruan urut tarung ledug tapak suku, tatangkalan nu aya di sakuriling buruan tumpur katincakan. Panyawéran sawaréh kentengna pru-pre pareupeus jeung saremplek urut katéjéh.
Hiuk peureup manéhna ngahiuk. Kuring ngahelob, suku diréngkaskeun ka manéhna bari dibarengan ku peureup nu buleud, hiuk jebrod. Peureup kuring keuna kana mamarasna, soloyong manéhna ngagoloyong, bru nambru sisi kamalir.
Engapan ngahégak naék turun, peureup masih kénéh buleud. Panon muncereng nyidik- nyidik nu nambru. Koléséd manéhna hudang lalaunan. Kuring mundur saeutik, sayaga bisi manéhna narajang teu kanyahoan.
Teu salah tina panyangka, manéhna nguniang hudang. Jleg nangtung deui sabihara- sabihari jiga nu teu aya kanyeri. Kuring mundur bari metakeun kuda-kuda bisi manéhna narajang. Hiuk-hiuk aya nu ngahiuk hareupeun beungeut. Lob kuring ngelob, sababaraha kali, hiuk ka handapeun suku, gajleng kuring ngajleng, cle dina suhunan. Nu diheumbatkeun singhoréng bedog. Teu sabaraha rupana mah, ngan kaciri seukeutna, sababaraha kali diheumbatkeun sababaraha tangkal jeruk di buruan nu sakitu gedena alambruk.
Hiuk deui manéhna ngaheumbatkeun bedogna. Ku kuring digiwarkeun kabeulah kénca, disusul ku peureup katuhu nu ngeplos teu katahan kana palebah angenna. Hék cenah, koloyong manéhna ngagoloyong teu tahan nahan tonjokan. Manéhna mundur nahan kanyeri tapi bari taki-taki, masang kuda-kuda. Belesat manéhna ngabelesat, hiuk-hiuk jebrod, peurerupna ninggang kana dada. Bru kuring nambru kasurungkeun, katambah-tambah bakat ku tarik hémbosna angin nu marengan peureup, sabab kuda-kuda kuring teu teu ajeg. Kuring nyangsaya ampir teu walakaya, untung masih dibéré éling, gep kana parabot nu nyangklék dina cangkéng.
Biur, biur siga seuneu cahayaan, narajang kuring nu nyangsaya. Kuring sababaraha kali ngagiwarkeun nahan gempuran manéhna, ku cara ngagilirkeun parabot nu dicekel.        
Tayohna manéhna mingkin nafsu, terus nyerang sabulang-béntor. Sababaraha kali nyerang sababaraha kali katahan. Tungtuna nu katétér manéhna, éléh najan teu nepi ka paragat. Biur manéhna ngapung ka awang-awang jauh ka tungtung langit, mingkin jauh-mingkin jauh les duka kamana.
Bray, kuring beunta lalaunan. Késang karasa ngorolok maseuhan saluar awak. Tikoro karasa garingeun, halabhab hayang nginum. Awak ngalempréh, teu kuat malik-malik acan.

Ngahuleng mikiran nu geus kajadian. Nu disebutkeun tarung diburuan téh nyatana aya di kamar ditempat saré. Saha atuh ari nu bieu tarung jeung kuring? Ari ka lalaki batur tarung mah apal, enya tatangga, ngan pédah bajuna wungkul diganti maké sorban. Ret kana bilik, aya keris nyelap, panjangna kira-kira sajeungkal satengah. Ras inget kanu méréna, bakat ku haat cenah méré kanyaah bawana ti Cirebon. Naha éta kitu pakarang nu dipaké gelut téh? Lain percaya kanu kararitu, sanajan meunang teu ngabibisani, aya kalana jelema loba nu salah, malah muhit ka nu kararitu. Nu jelas tadi katémbong lamun enya éta, geus ngilu bébéla, mudah-mudahan wé lain pikeun ngipisan iman, tapi keur ngandelan iman. Teu aya deui nu langkung kawasa iwal ti Gusti Nu Maha Maha Suci, Nu ngajaring urang beurang jeung peuting.
Waktu geus ngagayuh ka waktuna Magrib. Awak beberesih sanajan ngan ukur ku elap baseuh. Kodomang ngadongkang ubar nu nyampak dina méja. Lep-lep sababaraha hiji, dituturkeun ku cai hérang. Barangdahar mah acan sabaraha, matak awak karasa leuleus kénéh. Jeung apan deuih ku doktor rada dicegah, barangdahar téh hususna nu ngandung sabangsa tipung kudu rada dikurangan.
Kakara gé rék golédag ngagolédag deui, aya nu ngaharéwos kana ceuli duanana.
“Ulah saré waé kudu taki-taki,” ceuk nu ngaharéwos kana ceuli beulah kénca.
“Lah baé, aluk mah sampeurkeun jelema tadi téa, tangtang sakalian!” ceuk nu ngaharewos beulah katuhu.
Astaghfirullaaharazhim, alladzi laa ilaaha ilia huwal hayyul qayyuum, wa atuubu ilaih.***

http://mangle-online.com/pidangan/perelean/1421836923
Saung Anggrék, Subang, Pertengahan November 2014

KIKD Basa Sunda SMA Kurikulum 2013 revisi





Tujuan kurikulum mencakup empat kompetensi, yaitu (1) kompetensi sikap spiritual, (2) sikap sosial, (3) pengetahuan, dan (4) keterampilan. Kompetensi tersebut dicapai melalui proses pembelajaran intrakurikuler, kokurikuler, dan/atau ekstrakurikuler.

Rumusan Kompetensi Sikap Spiritual yaitu “1. Menghayati dan mengamalkan ajaran agama yang dianutnya”. Adapun rumusan Kompetensi Sikap Sosial yaitu, “2. Menghayati dan mengamalkan perilaku (a) jujur,  (b) disiplin,  (c) santun,  (d) peduli (gotong royong, kerjasama, toleran, damai),  (e) bertanggung jawab,  (f) responsif, dan  (g) pro-aktif,  dalam berinteraksi secara efektif  sesuai dengan perkembangan anak di lingkungan, keluarga, sekolah, masyarakat dan  lingkungan alam sekitar, bangsa, negara, kawasan regional, dan kawasan internasional”. Kedua kompetensi tersebut dicapai melalui pembelajaran tidak langsung (indirect teaching), yaitu keteladanan, pembiasaan, dan budaya sekolah dengan memperhatikan karakteristik mata pelajaran serta kebutuhan dan kondisi peserta didik.

Penumbuhan dan pengembangan kompetensi sikap dilakukan sepanjang proses pembelajaran berlangsung, dan dapat digunakan sebagai pertimbangan guru dalam mengembangkan karakter peserta didik lebih lanjut.




klik donlot KIKD Basa Sunda revisi


Tuesday, March 6, 2018

Pelibatan Keluarga pada Penyelenggaraan Pendidikan di Era Kekinian - Orang Tua Zaman Now


Buah jatuh tidak akan jauh dari pohonnya, itulah pepatah yang sering terdengar ketika membicarakan tentang keluarga. Perilaku anak pasti tidak akan jauh dengan orang tuanya. Jika orang tuanya berkelakuan baik niscaya anaknya pun baik, begitupun sebaliknya. Pernyataan itu sudah menjadi hal yang lumrah diyakini oleh masyarakat kita. Ironisnya ketika orang tuanya adalah sosok terpandang tetapi anaknya seorang penjahat. Apakah mungkin jauh dari pepatah tadi, atau malah merubah pepatah itu. Mungkin buahnya busuk sebelum jatuh dari pohonnya? 

Perlu kita sadari sebagai orang tua, bahwa lingkungan pertama bagi proses perkembangan anak dan merupakan fondasi bagi pembentukan karakter anak adalah keluarga. Menurut Duvall dan Logan (1986) keluarga adalah sekumpulan orang dengan ikatan perkawinan, kelahiran dan adopsi yang bertujuan untuk menciptakan, mempertahankan budaya dan meningkatkan perkembangan fisik, mental, emosional dan sosial tiap anggotanya. Pendidikan berawal dari keluarga dan orang tua merupakan guru (role model) yang menjadi panutan utama bagi anak. Dalam berinteraksi dengan anak, segala ucapan, sikap, dan perilaku orang tua akam terekam dalam ingatan anak sebagai dasar pijak sikap dan perilaku mereka. Jadi, sudah menjadi hal yang mutlak bahwa dari keluargalah tercipta karaktek anak. Terlepas dari itu masalah baru mulai bermunculan dari lingkungan, pendidikan formal, dan teknologi.

Diabad 21 ini menjadi tantangan hebat untuk para orang tua dalam mendidik anak. Tidak sedikit orang tua yang merasa cukup memenuhi kebutuhan anak sebatas materiil saja. Orang tua lebih sibuk mencari uang dibandingkan menemani anaknya. Hal tersebut dinilai berdampak negatif kepada anak. Terkadang anak hanya bisa pasrah menghadapi kenyataan kalau mereka kurang perhatian dan mencari jalur pelarian dengan caranya sendiri. Memang menjadi orangtua bukanlah suatu hal yang mudah dilakukan. Lalu bagaimana Anda menyikapinya dengan cara berhubungan dengan anak, mendidik anak, dan mengajarkan anak sangat memengaruhi tumbuh kembang anak, termasuk fisik dan mentalnya? Bukankah itu memang sudah menjadi tugas orang tua?

Anak-anak yang merasa kekurangan kasih sayang dan perhatian mencari jati diri di tempat lain. Keadaan ini bisa membuat anak mudah tergabung ke dalam kumpulan-kumpulan atau masuk ke pergaulan yang mengarah kepada hal-hal yang tidak baik. Ditambah lagi dengan kemudahan teknologi dalam mengakses segala sumber yang mengusung ketidakterhinggaan dan kebebasan informasi bisa menjadi bumerang kepada kita sebagai orang tua. Teknologi informasi dan peralatanya tidak bisa terlepaskan dari keseharian anan-anak. Suka atau tidak suka hal ini menjadi fenomena di zaman sekarang. Kenyataannya dunia teknologi sudah merenggut anak-anak kita. Karena perubahan zaman yang merubah pola lingkungan mereka menjadi lingkungan teknologi. 

Kita hanya perlu memahami bahwa anak-anak bisa belajar dan mencari informasi sendiri dan peran kita haruslah menjadi pembimbing yang baik, agar peran utama orang tua tidak hilang dan digantikan oleh teknologi. Seringkali informasi negatif yang tersebar memicu munculnya kenakalan remaja. Tapi dari sisi positif pun banyak yang bisa didapat dari perkembangan teknologi informasi akan tetapi perlu peran orang tua, dalam hal ini mengawasi para anak dalam mengakses informasi.

Salah satu hal yang dapat menunjang hal ini adalah komunikasi dengan anak. Komunikasi antar anak dan orangtua merupakan dasar bagaimana orangtua dan anak membentuk sebuah relasi. Komunikasi menurut Anwar Arifin merupakan sebuah konsep multi makna. Dalam makna sosial, komunikasi merupakan proses sosial yang berkaitan dengan kegiatan manusia dan kaitannya dengan pesan dan hubungannya. Komunikasi yang tidak baik antara orangtua dan anak tentu dapat membuat hubungan orangtua dan anak bertambah buruk.

Prof. Dr. Didik J. Rachbini Guru Besar/Direktur Program Pascasarjana Universitas Mercu Buana Disiplin ilmu psikologi memengaruhi ilmu komunikasi karena objek pembahasan dari psikologi adalah individu. Komunikasi pada dasarnya adalah proses mental dan perilaku yang berasal dari diri pribadi seseorang. Perspektif dari disiplin ilmu psikologi melihat komunikasi sebagai proses individual yang melibatkan mental dan perilaku individu. Beberapa psikolog juga telah menemukan bahwa anak yang menjalin komunikasi baik dengan orangtuanya memiliki risiko yang lebih rendah untuk melakukan hal-hal buruk, seperti merokok, narkoba, minum-minuman alkohol, penyimpangan seksual, serta kekerasan. Jadi, temukan pola komunikasi Anda dengan anak yang baik dan membuat anak nyaman akan hal tersebut. Beberapa anak mungkin tidak terlalu nyaman jika orangtua mengetahui setiap apa yang dilakukan anak. Kuncinya adalah selalu ingin tahu tanpa mengganggu privasi anak.

Membangun komunikasi yang baik dengan anak tidak hanya melibatkan berbicara saja, tapi juga orangtua harus mendengarkan anak. Jadi, komunikasi dua arah dapat terjadi antara orangtua dan anak. Kemampuan Anda dalam mendengarkan anak dirasa sangat penting untuk membangun komunikasi yang efektif.

Selain kemampuan mendengarkan, beberapa cara dalam membangun komunikasi dengan anak yang baik adalah dengan meluangkan waktu beberapa saat setiap hari untuk berbicara dan mendengarkan anak. Memerhatikan apa yang sedang anak bicarakan pada Anda. Sebisa mungkin Anda hanya fokus mendengarkan anak, tidak sambil menonton TV atau memegang gadget. Hal ini juga dapat mengajarkan anak bagaimana cara menjadi pendengar yang baik.

Mendorong anak untuk mengungkapkan ide-ide maupun opininya terhadap suatu hal. Biarkan anak bertanya apapun pada Anda dan sebisa mungkin beri anak jawaban yang baik. Ini merupakan salah satu bentuk komunikasi positif antar orangtua dan anak (berbicara dan mendengarkan secara bergantian). Jangan takut untuk membahas hal-hal yang penting, mengkritik anak, atau menyalahkan anak. Tapi, jangan sampai berteriak atau berbicara kasar yang dapat menyakiti hati anak. Ingat, Anda adalah panutan bagi anak.

Karena menjadi orang tua adalah pilihan yang penuh tanggung jawab dalam mendidik anak-anaknya, diperlukan kesadaran akan kewajiban sebagai Ayah atau Ibu. Dimulai dengan menyadari karakter diri sebagai orang tua dalam artian introskpeksi diri sesuai dengan perkembangan ilmu kejiwaan di zaman ini dengan tidak memaksakan kehendak kepada anak-anaknya. Kenali watak dan karakter anak yang heterogen, yang tidak selalu sama dengan orangtuanya. Bekali pula anak-anak denan kebenaran yang kita anut, karena apa yang dikatakan guru di sekolah tidak sama dengan realita yang terjadi di rumah. Ajarkan juga anak-anak berimprofisasi dengan lingkungannya yang selalu mengalami perubahan kearah yang positif. Karena tak ada yang lebih penting menjadi orang tua, selain mengasuh dan mendidik anak-anaknya dan karena kita orang zaman now.#sahabatkeluarga

Sunday, March 4, 2018

Friday, March 3, 2017

SOAL LATIHAN KELAS 12


Download di sini!
Download


 Karena file yg di bawah mah acak-acakan

1. Tengetan sajak dihandap ieu LEMBUR KURING Di dieu kuring dibabarkeun Sawah ngaplak koneng Sagala hejo Hawa tiis Matak pikabetaheun ……………………… …………………….. Dina sempalan sajak diluhur , kaayaan dilembur teh kagambarna …… a. Pikakeueungeun c. Pikabetaheun e. Sedih b. Geueuman d. Harengheng JAWABAN : C 2. Tengetan sajak dihandap ieu! Aya abah atos ompong, saur saha Salirana jagjag Ngabengkot nanggung tanggungan Anak-bojo di bumi keur ngantosan .................................. ................................ Judul anu luyu dina sempalan sajak diluhur nya èta ......... a. Abah c. Dogèr monyet e. Budak sakola b. Tukang oncom d. Tukang kèrè JAWABAN : A 3. Omongan anu langsung dicaritakeun dina hiji situasi disebut.... a. Biantara c. Paribasa e. Sajak b. Sawala d. Paguneman JAWABAN : D 4. Kang Dedi : “Anisah rék di mana lebaran téh, di Bandung atawa di lembur?” Anisah : “Ah, Anisah mah badé di lembur baé. Di Bandung mah teu resep, kirang ramé.” Kang Dedi : “Iraha rék mimiti ka lembur téh, kitu?” Anisah : “Engké waé, saminggu deui ka lebaran.” Kang Dedi : “Akang mah rék di Bandung. Titip oléh-oléh waé keur mamah.” Naon inti paguneman di luhur? a. Lebaran c. Liburan e. Saum b. Oléh-oléh d. Di lembur JAWABAN : A 5. Nalika Yanti rék indit ka sakola, di jalan Pa Sujati nanya ka Yanti. Pa sujati : “ Néng, badé angkat kamana?” Yanti : “……………………………..!” Jawaban nu bener pikeun pertanyaan di luhur nya éta……. a. “Rék indit ka sakola” c. “Rék mios ka sakola” e. “Badé dongkap ka sakola” b. “Badé mios ka sakola” d. “Badé indit ka sakola” JAWABAN : A 6. Pa Maman balik ti kantor, di buruan imah panggih jeung Nova. Tuluy Nova nanya. Nova : “…………………………..?” Pa Maman : “ Wangsul ti kantor!” a. “Tos ti mana Pa?” c. “Uih ti mana Pa?” e. “Sumping ti mana Pa?” b. “Badé kamana Pa?” d. “Mulih ti mana Pa?” JAWABAN : D 7. Biantara anu dianggap hadé téh diantarana, sorana kudu kadéngé ku nu ngadéngékeun, hartina….. a. Sorana laun c. Sorana bedas e. Sorana ngajorowok b. Sorana ngaharéwos d. Sorana teu kadéngé JAWABAN : C 2 8. Dina basa asing “biantara” sok disebut….. a. Orasi c. Nyarita e. Pengumuman b. Sawala d. Berita JAWABAN : E 9. Biantara ku cara tanpa naskah tapi aya galur eusina, ngan dina prakna mah ditalar disebut … a. Biatara impromtu c. Biantara ngapalkeun e. Biantara ditalar b. Biantara ékstémporan d. Biantara dadakan JAWABAN : E 10. Di handap ieu nu kaasup ciri-ciri dongeng Sunda nya eta, iwal ti... a. teu dipikanyaho saha nu ngarangna (NN) c. nyebar sacara lisan é. caritana relatif pondok b. eusina loba nyaritakeun hal-hal anu pamohalan d. caritana panjang pisan JAWABAN : D 11. Baheula mah sumebarna dongeng teh sacara…. a. tatalepa sacara lisan c. sacara kakawihan é. ku ngawangkong b. tatalepa sacara tulisan d. dilagukeun JAWABAN : A 12. Kecap-kecap nu sorana sarua, boh vokal, boh konsonan, disebut? a. singgetan c. purwadaksi e. purwakanti b. wancahan d. purwarupa JAWABAN : E 13. Ungkara basa anu dipaké harti injeuman sarta eusi mangrupa babandingan nu ngagambarkeun kaayaan, kalakuan, jeung pasipatan disebut… a. Babasan c. Sisindiran e. Sajak b. Paribasa d. Guguritan JAWABAN : A 14. Naon babasan pikeun ungkara (ungkapan) „teu kuat hayang milu nyarita’? a. atah warah c. atah anjang e. belang bayah b. awét rajét d. ateul biwir JAWABAN : D 15. Naon babasan pikeun ungkara (ungkapan) „goréng haté’? a. atah warah c. atah anjang e. belang bayah b. awét rajét d. ateul biwir JAWABAN : E 16. Naon babasan pikeun ungkara (ungkapan) „nu laki rabi mindeng paséa’? a. atah warah c. atah anjang e. belang bayah b. awét rajét d. ateul biwir JAWABAN : B 17. Naon babasan pikeun ungkara (ungkapan) „jarang nganjang’? a. atah warah c. atah anjang e. belang bayah b. awét rajét d. ateul biwir JAWABAN : C 18. Bédana surat resmi jeung surat pribadi bisa ditingali dina... a. kop surat jeung cap c. nu ngirim surat é. bubuka jeung panutup b. titimangsa jeung alamat d. eusi surat JAWABAN : A 19. Nulis titimangsa nu alus tur bener dina surat, nyaéta... a. Bandung. 15 mei 2014 c. BANDUNG, 15 MEI 2014 é. BANDUNG, 15 Mei 2014 b. Bandung, 15 Mei 2014 d. bandung, 15 Mei 2014 JAWABAN : B 20. Karangan anu eusina mangrupa pedaran alesan-alesan (argumen) pikeun ngawangun hiji kacindekan disebut … a. Karangan déskripsi b. Karangan arguméntasi 3 c. Karangan pedaran d. Karangan narasi e. Karangan persusif JAWABAN : B 

Wednesday, August 31, 2016

Media pangajaran Mitos Pamali

Berasal dari Bahasa Yunani “mythos” adalah cerita prosa rakyat yang menceritakan kisah berlatar masa lampau, mengandung penafsiran tentang alam semesta dan keberadaan makhluk di dalamnya, serta dianggap benar-benar terjadi oleh penganutnya.

- Mitos adalah cerita yang “aneh” dan seringkali sulit dipahami maknanya atau diterima kebenarannya karena kisah di dalamnya “tidak masuk akal” (Ahimsa-Putra)
- Mitos adalah suatu cerita mengenai asal-usul semesta alam, manusia, dan bangsa itu sendiri (Kamus Besar Bahasa Indonesia)
-Mitos adalah cerita suci berbentuk simbolik yang menceritakan serangkaian peristiwa nyata dan imajiner mengenai asal-usul dan perubahan-perubahan alam raya, dewa-dewi, kekuatan-kekuatan atas kodrati manusia, pahlawan, dan masyarakat (Cremers)


Media Pembelajaran Sisingaan

Sisingaan atau Gotong Singa (sebutan lainnya Odong-odong dan Sisingan Reog) merupakan salah satu jenis seni pertunjukan rakyat khas Subang, Jawa barat, yang menggunakan media tandu sebagai sarana kreasi seni.
Sisingaan diilhami dari cerita serial Reog di Jawa Timur, yang menceritakan suka cita perjalanan para pengawal raja Singa Barong dari kerajaan Lodaya saat menuju kerajaan Daha. Meskipun sang raja terkenal bengis dan angkuh, tetapi para pengawal selalu setia memikul tandu yang ditiduri oleh Raja Singa Barong.