Thursday, May 5, 2016

REFORMULASI KURIKULUM BASA SUNDA DUMASAR BUDAYA


  1. Kurikulum atikan di Indonésia terus barobah geusan ngaluyukeun diri kana robahna
kamekaran paélmuan katut pameredih panéka jaman. Ari robahna kurikulum téh rata-rata antara 6–10 taun. Bédana kurikulum téh pangpangna dina lebah titincakanana, nya éta dumasar kana jejer bahan, sistem unit, téma, jeung kompeténsi. Kurikulumna teu goréng alias geus hadé, da anu héngkérna mah lebah prakna, praktékna, atawa impleméntasina.
Dina awal kamerdikaan Indonesia, kurikulum nu mimiti dipaké di sakola-sakola di Indonesia nya eta Kurikulum 1947. Ieu kurikulum teh disampurnakeun taun 1950, anu tuluy diganti ku 1958 kalayan dipake nepi ka taun 1964. Najan ari resmina mah dilaksanakeun taun 1965.

Model Pangajaran Ngaregepkeun

MODEL PANGAJARAN NGAREGEPKEUN
BERBASIS BUDAYA LOKAL
ku : Dingding Haerudin

A. Bubuka

Kiwari masarakat Indonesia kakara eungeuh deui kana budayana sorangan. Komo sanggeus budayana diaku ku nagara tatangga mah. Sabenerna, nagara urang (Indonesia), lembur urang (Jawa Barat), kampung urang (tatar Sunda) kawéntar ti baheula mibanda rupa-rupa ragam seni-budaya nu unik, sarta moal matak kéder saupama dibandingkeun jeung budaya deungeun-deungeun.
Kitu ogé di unggal lembaga atikan, mimit ti TK, SD, SMP, nepi ka SMA matéri perkara seni jeung budaya lokal teu kungsi leupas natrat ayana dina kurikulum. Ngan naha kiwari dianggap penting nepi ka diéksplisitkeun perlu ngalaksanakeun pendidikan berbasis budaya lokal?
Nilik kana kaayaan atikan kiwari, laasna raga katineung murid kana budayana lantaran teu kungsi nyaho kana ajén-ajén nu aya dina éta budaya. Lantaran kitu, murid samemena pisan narima budaya deungeun nu nembrak sarta babari kacangkingna. Tingpucunghul sakola-sakola nu dilabélan standar internasional sawadina mah kudu bisa némbongkeun rupa-rupa kaunggulan seni budaya lokal nu unik bertaraf internasional.

Sajak Sunda


Sajak Budak Angon
Ku Toni Lesmana

Di pangangonan
Kuring
Jadi taneuh nu diseuseup jukut
Jadi jukut nu diremus domba
Jadi domba nu direcah maung
Jadi maung nu digorogot waktu

Tuesday, May 3, 2016

Latihan Soal 2 Basa Sunda SMA Kelas XI


LATIHAN SOAL 2
SMA KELAS XI
TAHUN PELAJARAN 2015-2016

 

                             Pilihan Ganda
            Pilih salasahiji jawaban anu pangbenerna!
            
1. Kumaha pola engang (suku kata )kecap gram?
A. KKVK
D. VVK
B. KVK   
E. VVV
C. VKK



2. Rucat(pisahkan)kecap ‘déngékeun’ dumasar (berdasarkan) engangna…
A. Dén-gé-keun
D. Dé-ngé-ke-un
B. Déngé-keun
E. Déngé-keun
C. Dé-ngé-keun



  1. Anu kaasup Pahlawan Istri ti Jawa Barat nya eta….
A. R.a. kartini
D. Ibu sud
B. Déwi sartika
E. Patimura
C. Cut nyak  dien



  1. Kanggo saheulaan artos hasil lélang disimpen dina kas OSIS. Perkawis badé iraha éta artos disumbangkeun ka parakorban longsor di Garut, ngantos piunjuk ti Bapa Kapala.
Sakitu rupina laporan ti pihak Panata Calagara Bazar & Lélang OSIS SMA Negerei 16 Bandung. Hatur nuhun kana perhatosanana.
Sempalan wacana di luhur kaasup ka nu bagian naon dina laporan kagiatan?
A. Bubuka
D. Judul
B. Eusi
E. Téma
C. Panutup



  1. Nyanghareupan poé ahir manusa bakal ditanyakeun ngeunaan amalna di dunya.
Kecap ahir ngandung basa serepan ti basa ....
A. Sunda
D. Belanda

B. Jawa
E. Cina
C. Arab





  1. Niténan eusi, basana, cara/pola nulisna, malah ilustrasi jeung sisi artistikna mangrupa (merupakan) salasahiji pagawéan….

A. Ngarésénsi buku
D. Ngoméntaran buku
B. Maca buku
E. Nyieun biografi
C. Nulis buku

Latihan Soal 2 Basa Sunda SMA Kelas X


LATIHAN SOAL 2
SMA
TAHUN PELAJARAN 2015-2016

 

                Pilihan Ganda
            Pilih salasahiji jawaban anu pangbenerna!



1.       Kedah kumaha ngungkulanana? Rupina éta mah tiasa dibahas ku grup sanés. Sim kuring saparakanca mah, mung badé ngawatesanan dugi kadinya.
Tarjamahkeun kecap ngungkulanana ka nu basa Indonesia!
A. Mengusahakan
D. Menambahkan
B. Memikirkan
E. Membaca
C. Mengatasinya



2.       Mana kalimah anu ngandung harti konotatif(injeuman)?
A. Imah kuring mah butut.
B. Dasar manéh mah bodo!
C. Mangga linggih di saung butut abdi.
D. Kuring diajar basa sunda.
E. Ucing téh mani lucu.

3.       Mana kalimah anu ngandung harti dénotatif?
A. Mangga linggih di saung butut abdi.
B. Dasar manéh mah gede hulu!
C. Imah kuring mah butut.
D. Maling nu éta mah pan panjang leungeun
E. Kuring sok ngajadi leutik burih

4.       “Naon da abdi mah jalma tuna harta jeung tuna harti, teu kabeuli nanaon!”
Kalimah di luhur ngandung harti ..........
A. Dénotatif
D. Pasif
B. Konotatif
E. Aktif
C. Persuasif



5.       Masarakat Désa Sukaluyu mangrupakeun masarakat anu ............. digawé jeung resep kabersihan.
Lengkepan kalimah diluhur!
A. Rajin
D. Hirup
B. Males
E. Diajar
C. Kerja


6.       Disebut naon kagiatan ngabadamikeun masalah pikeun néang(mencari) mana nu bener?

A. Diajar
D. Maca
B. Nulis
É. Latihan
C. Sawala




Sunday, May 1, 2016

Latihan Soal 1 Basa Sunda SMP Kelas 8



1.      Dina cara nanya ka narasunber kudu ngagunakeun pananya nu alus.
Naon antonimna kecap (lawan kata) alus ?
A. Saé
C. Anyar
B. Butut
D. Mahal


2.      Bapa Mentri teu hilap masihan konfirmasi, sual kapanggihna kotak hideung (black box), sakumaha anu diwartakeun ku koran jeung televisi. Kotak hideung atawa black box téh, pakakas kacida pentingna. Dina éta alat biasana aya rékaman omongan pilot, eusina nerangkeun kajadian nu keur kaalaman ku manéhna. Aya kajadian naon, di mana tempatna, kumaha kaayaan kapal, katut para panumpang, jeung hal-hal penting liana, pasti karékam ku éta alat. Anu matak unggal aya musibah kapal, nu pangheulana ditéangan téh black box.
Dina sempalan warta di luhur, informasi naon nu katangkep?
A. Kotak surat nu kapanggih

B. Kotak hideung nu kapanggih

C. Rekaman koran & televisi

D. Kaayaan panumpang



3.      Naon tarjamahan kecap ditéangan?
A. Dicari
C. Dibicarakan
B. Ditemukan
D. Diberitakan


4.      Kecap sasaruaan (sinonim) tina kecap diwartakeun nyaéta?
A. Dibéjaan
C. Diomongkeun
B. Dibikeun
D. Diberitakeun


5.      Mana anu kaasup kecap barang(benda)?
A. Laut, hotél, imah
C. Buku, diajar, sakola

B. Duit, koin, hideung
D. Baju, calana, kasép




6.      Mana anu kaasup kecap pagawéan (kerja)?
A. Laut, hotél, imah
C. Buku, diajar, sakola
B. Duit, koin, hideung
D. Maca, saré, diajar

Latihan Soal 1 Basa Sunda SMP Kelas 7

                                           
I.  Pilihan Ganda
       Pilih salasahiji jawaban anu pangbenerna!

1.          Naon ngaran sakola Radén Déwi Sartika?
A. Sakola kautamaan istri
C. Sakola raden dewi
B. Sakola kautamaan
D. Sakola dewi sartika


2.         wi sartika pupus 11 september 1947.
  Naon sinonimna kecap pupus ?
A. Meninggal
C. Terhapus
B. Hidup
D. Tertinggal


3.           .............. di sakola badé diayakeun éskul?
   Lengkepan kalimah di luhur!
A. Di mana
C. Saha
B. Iraha
D. Naha

4.            .............. baé nu bisa milu éskul?  
   Lengkepan kalimah di luhur!
 A. Naon
C. Sabaraha
 B. Saha
D. Iraha


5.            ............. baé waktu latihanna dina éskul?
    Lengkepan kalimah di luhur!
  A. Saha
C. Naha
  B. Iraha
D. Kunaon


6.         Barudak engké dina bulan Oktober di sakola urang baris diayakeun kagiatan        Porseni.
Naon poko caritaan kalimah di luhur?
A. Kagiatan sakola
B. Di sakola aya éskul
C. Kagiatan porseni di bulan oktober
D. Kagiatan guru bulan oktober