Monday, July 22, 2019

Naskah Drama pendek Sasalakala Kampung Genteng



[Narator : Kacaritakeun dina hiji lembur aya dua jawara kampung nu ngaranna Ki Jabrig & Ki Jambrong. Maranehna geus lila jadi sobat dalit anu ngawasaan kaamanan di lembur eta. Jawara2 eta ge katelah ku elmu silatna anu luhur. Ku sabab kitu sok loba jawara anu nangtang kasakten Ki Jabrig & Ki Jambrong.]

#Sketsa 1

(diuk dina korsi ngarobrol bari ngopi)

Ki Jabrig : "Brong, urang bojong anu nangtang
minggu kamari teh ku maneh geus diladenan can?"

Ki Jambrong : "Hahahahh, kuring mah atuh... Ngalawan budak olol leho kitu mah kari peureum gelutna ge."
(hanjat dina korsi, tuluy nyapertikeun jurus silat bari peureum. Ngan, sabot rek diuk labuh da peureum keneh)

Ki Jabrig : "Eits, kade atuh lur. Ulah poho beunta deui."  (nulungan ngahudangkeun)

Ki Jambrong : "Heueu, kabawa emosi keneh yeuh. (diuk deui bari ngusapan kumis)...
Ngan kuring mah keuheul keneh enya ge meunang gelut teh."

Ki Jabrig : " Naha keuheul kunaon?"

Ki Jambrong : "Eta pan, barang si jadol teh rek ditengkas, ngabongohan neunggeul nepi ka genteng kieu dina leungeun" (bari ningalikeun leungeunna nu lecet)

[Narator : Keur genah ngobrol ngaler ngidul, euweuh hujan euuweuh angin kurunyung aya nu datang di hareupeun 2 jawara eta. ]

#Sketsa 2

(Nini2 teh lumpat, tuluy diuk aniprek. Ki Jambrong reuwas kacida nepi ka naek ka nu korsi)

Nini : "Ki, Kiii..... Tulungan abdi.... " (semu kokosehan kanu suku Ki Jabrong bari ceurik)

Ki Jambrong : " Ke, ke, ke heula Ni aya naon ieu teh?" ( si Nini rek ngomong kapikaheulaan ku Ki Jambrong

Ki Jabrig : " Jambrong.... Ssssttt dengekeun heula  si Nini rek nyarita!" (bari curukna antel dina biwir Ki Jambrong)

Ki Jambrong : " Bhuaahhh... Heueu sok atuh Ni geura nyarita." (nepak leungeunna Ki Jabrig)

Nini : " Tulungan abdi Kiii... Si Cimung nyulik Neng Desi incu abdi." (sesegrukan ceurik)

Ki Jambrong : " Si Cimung ti lembur Cogreg! Wawanian teuing! Jabrig! Hayu ontrog! Tampolong kaleng belut ditalian" (nangtung bari metakeun narima tantangan)

Ki Jabrig : "Asyiiik...." (nembalan sisindiran)

Ki Jambrong : "Tong ngomong, gandeng! Gelut sakalian! Cag ah" (arindit nyampeurkeun ka tempat Si Cimung)

[Narator : Dina posisi hayang ngabela si Nini dulur salembur nu jadi wargana digunasika ku jawara lembur batur. Ki jambrong & Ki jabrig ngagidig masang awak rek nyanghareupan si Cimung.]

Sketsa 3

Cimung : " Hahahahah, daratang oge kadieu! Memang pamor jawara mah moal salah." ( bari ngacungkeun bedog)

Ki Jabrig : " Lalawora sia nantang, tuman hayang dipodaran!" (emosina naek)

Ki Jambrong : " Ssstttt... Ieu mah jatah kuring keneh, Brig." (bari curukna antel dina biwir Ki Jabrig)

Neng : " Niniiii... Tuluuuung... Neng mah sieun!"
(diuk dihalangan ku si Cimung)

Nini : " Tenang Cu.... Woles, aya Ki Jabrig & Ki Jambrong jawara nu siap numpes jalma nu sok ngagunasika!" ( nantung bari tutunjuk tukangeun ki jambrong)

Ki jambrong : " Enggeus Ni, keun ieu mah urusan Kami. Rek dijieun jadi dodol ieu jelema!"

Cimung : " hahahahaa... Toroktok ole-olean... "

Ki Jabrik : " Asyiiiik.... "

Cimung : " Rek dijieun dorokdok ge hayu diladenan!"

(Der garelut, pada-pada ngaluarkeun jurus silatna. Akhirna si Cimung eleh.)

Ki Jambrong : " Budak bau cikur keneh ieu mah, Brig. Neng, enggal kadieu!" ( ngadeukeutan si Neng)

Neng : " Niniiii....." (ngagabrug si nini)

Nini : " Kadieu Cu, alhamdulillah aya keneh jalma nu daek nulungan ka jalma leutik. Atos ulah sieun deui nya Cu." (nangkeup incuna bari ngusapan sirahna)

Neng : " Niniiii....  "

Nini : " Kunaon deui Cu? Keun ulah sieun deui ayeuna mah da penjahatna ge tos eleh."

Ki jabrig : " Enya Neng, ulah sieun deui."

Neng : " Niniiiii... " (semu olo-olo bari isin)

Nini : " Naon deui atuh Cu?"

Neng : " Niiii.... Neng EE." (bari nutupan raray)

Ki Jabrig : "Jiaaaaaaaaahhhhh...! (ngagubrag jeung ki jambrong)

[Narator : Akhirna lalakon ki jambrong & ki jabrik salaku jawara nu sok ngabela, ku wargana dijadikeun simbol ngaran lembur "genteng" anu kiwari katelahna. Genteng atawa raheut atawa geuneuk tilas gelut. Gelutna para jawara nu kungsi ngabela wargana....]

__Rengse__

Pamaen
Narator :
Ki Jabrong :
Ki Jabrig :
Nini :
Neng :
Cimung :

No comments:

Post a Comment