Thursday, July 25, 2019

Naskah drama pendek SASAKALA SITU BAGENDIT


Sketsa 1 :
[Narator : Baheula, aya hiji randa beunghar katelahna Nyi Endit. Ieu téh saenyana mah nénéhna, da ngaranna sajati mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida pisan kumedna.
Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana téh. Salian ti pakacar-pakacarna mah, tara aya nu larsup ka imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh. Ngahaja mencilkeun manéh, ngababakan di tengah pasawahan anu upluk-aplak. Maksudna taya lian, ku bawaning embung campur jeung batur, da sieun kasoro téa.]

(Nyi Endit ngagaya & ngagulkeun harta bandana ) _Nyi Endit wungkul_
[musik pengiring]

Sketsa 2 :
[Narator : Kacaturkeun keur usum panén, di ditu di dieu ceuyah dibaruat. Ka sawah Nyi Endit ogé réa nu gacong. Ari réngsé dibuat jeung sanggeus paréna dikaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sidekah. Ngondang lebé jeung sawatara tatangga. Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang ngariung tumpeng. Atuh anu ngariung téh nepi ka ratusna. Tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ka ngan sakotéap gé geus bérés, bari tingkarétap kénéh.]

(Nyi Endit ngayakeun tumpengan, ngariung taruang balakecrakan) _Nyi Endit & sabaraha warga_
[musik pengiring]

Sketsa 3 :
Keur meujeuhna balakécrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku pribumi teu ditari teu ditakon. Nya pok aki-aki téh waléh yén teu kawawa lapar, sugan aya sih piwelas. Ana gantawang téh Nyi Endit bet nyarékan, nyék-sék-nyéksékkeun, pajarkeun téh taya kaéra, teu ngahutang gawé, ménta bagian. Tungtungna nepi ka nundung, aki-aki dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun wé.

(Nyi Endit nyarekan aki2) _Nyi Endit & sabaraha warga & aki2_
[musik pengiring]

Sketsa 4 :
Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu nangan. Méméh indit manéhna ngomong kieu, “Sagala gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya wawalesna.”

Ngomong kitu téh kasaksian ku sakur nu aya di dinya. Saréngséna nu dalahar tuluy amit rék baralik. Kakara gé patinglaléos, rug-reg ngarandeg, sabab aya nu tinggarero, “Caah! Caah!” cenah.

Henteu kanyahoan deui ti mana datangna cai, ngan leb wé pakarangan Nyi Endit téh geus kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé. Nyi Endit ogé nya kitu, niat rék nyingkiran cai, tapi barang kaluar pisan ti imahna, cai téh nepi ka lir ombak laut tinggaruling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus kakeueum méh laput.

Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu weléh-weléh sasambat ménta tulung Tapi taya nu nulungan, da batur gé sarua ripuhna. Nyi Endit ngalelep. Beuki lila, cai téh beuki gedé baé. Nepi ka jadi situna, ngeueum sakabéh pakaya Nyi Bagendit.

(Nyi Endit disumpahan ku aki2 nu nyeri hate ku manehna, tuluy warga & Nyi Endit panik lantaran aya caah.) _Nyi Endit & warga_
[musik pengiring]

[Narator : Caah nu sakitu ceuyahna ngajadi situ, nu ayeuna disebutna Situ Bagendit. Jadi pangeling urang Nulung lain ku loba, nalang lain ku réa, da gening fitrah hirup manusa mah silih tulung ka anu butuh, nalang ka anu susah, ngahudangkeun kanu labuh, ngajait kanu titeuleum.
Hirup di dunya mah ukur samet roh dipisahkeun jeung raga, urang silih ingetan bisi perkara dunya meubeut meulit kana ahérat.
Cag ah]


#Dialog pamaen kedah improfisasi luyu sareng jalan caritana

Pamaen
Nyi Endit :
Aki-aki :
Warga :
Narator :

No comments:

Post a Comment