MODEL
PANGAJARAN NGAREGEPKEUN
BERBASIS
BUDAYA LOKAL
ku : Dingding Haerudin
A. Bubuka
Kiwari masarakat
Indonesia kakara eungeuh deui kana budayana sorangan. Komo sanggeus budayana
diaku ku nagara tatangga mah. Sabenerna, nagara urang (Indonesia), lembur urang
(Jawa Barat), kampung urang (tatar Sunda) kawéntar ti baheula mibanda rupa-rupa
ragam seni-budaya nu unik, sarta moal matak kéder saupama dibandingkeun jeung
budaya deungeun-deungeun.
Kitu ogé di unggal
lembaga atikan, mimit ti TK, SD, SMP, nepi ka SMA matéri perkara seni jeung
budaya lokal teu kungsi leupas natrat ayana dina kurikulum. Ngan naha kiwari
dianggap penting nepi ka diéksplisitkeun perlu ngalaksanakeun pendidikan berbasis budaya lokal?
Nilik kana kaayaan
atikan kiwari, laasna raga katineung murid kana budayana lantaran teu kungsi
nyaho kana ajén-ajén nu aya dina éta budaya. Lantaran kitu, murid samemena
pisan narima budaya deungeun nu nembrak sarta babari kacangkingna.
Tingpucunghul sakola-sakola nu dilabélan standar internasional sawadina mah
kudu bisa némbongkeun rupa-rupa kaunggulan seni budaya lokal nu unik bertaraf internasional.