Monday, August 1, 2016

Media Pembelajaran Kawih Kelas XI

Kawih teh nya eta rakitan basa sabangsa dangding anu henteu make patokan pupuh. Ngawih nya eta ngalagukeun kaih atawa sisindiran, jste, iwal ti pupuh. Lirik lagu dina kawih disebut rumpaka. Kawih nu medalna kabaheulaan, rumpaka kawih teh nyokot tina wangun sajak antwa puisi. Biasana kawih sok dipirig ku gamelan. Nada anu digunakeun dina kawih nya eta nada pentatonic, anu patokanana dumasar kana da-mi-na-ti-la-da.
Dina kandaga kabeungharan seni sora sunda aya kawih nu dipirig ku waditra aya oge anu ditambul bae. Piriganana bias ku kilining, degung, kacapian, calung, angklung, malah tiasa bae ku alat music modern oge.
Kawih bagian tina kasenian sunda nu diwangun ku dua unsur, nya eta unsur seni music jeung unsur seni sastra. Unsur seni musik nu ngalahirkeun lagu, nada jeung wirahma nu fungsina pikeun pamirig. Unsur seni sastra mangrupa rumpaka atawa lirik laguna. Tangtuna bae dina pangajaan basa mah leuwih museur kana unsur sastrana, nya eta rumpaka kawih kaasup kana puisi.
Ti heula geus disebutkeun yen rumpaka kawih sunda aya nu diwangun ku sisindiran. 
Di handap aya media pembelajaran kanggo materi Kawih Kelas XI. Sumangga kantun didonlot ;



No comments:

Post a Comment