Friday, February 17, 2023

LATIHAN SOAL BASA SUNDA X

 Pilihlah salah satu jawaban yang benar dari pilihan jawaban yang tersedia!

  1. Kawih téh nyaéta ….

A.  Kumpulan lagu-lagu sunda

B.  Gabungan dua unsur seni nyaéta seni musik jeung seni sastra

C.  Jenis lagu sunda nu teu kaiket ku ketukan

D.  Lagu-lagu sunda nu bisa dipirig maké kecapi suling


  1. Bédana kawih jeung tembang nyaéta ….

A.  Kawih mah sawiletan aya opat ketuk sedengkeun tembang mah bebas

B.  Kawih mah dinyanyikeun ku sinden sedengkeun tembang mah ku Alok

C.  Kawih mah bisa dinotasikeun sedengkeun tembang mah teu bisa

D.  Kawih mah hasil karya seniman baheula sedengkeun tembang mah hasil karya seniman ayeuna


Perhatikeun kawih di handap! Pikeun No 3 - 5

Malati di Gunung Guntur


Sanggian          : Mang Koko

Rumpaka         : Wahyu Wibisana


Malati di gunung Guntur

Seungitna sungkeman ati

Bodas sésétraning rasa

Jadina dadi mumunggang

Leuweung larangan

Malati di gunung Guntur

Hanjakal henteun dipetik

Béja geus aya nu boga

Ngahaja melak di dinya

Para guriang


  1. Judul kawih di luhur nyaéta ....

A.  Leuweung Larangan                                    C.  Biheung Kadongkang

B.  Malati di Gunung Guntur                            D.  Duka Kunaon


  1. Rumpaka kawih di luhur téh karyana ….

A.  Wahyu Wibisana                                         C. Mang Koko jeung Wahyu Wibisana

B.  Mang Koko                                                 D. Yayat S                     


  1. Jumlah engang dina padalisan kahiji pada kahiji kawih di luhur nyaéta ….

A.  lima                     B.  genep                         C. tujuh                           D. dalapan


  1. Tujuan tina sawér nyaéta ….

A.  ajaran agama                                                C. tata cara rumah tangga

B.  papatah keur pangantén                             D.   tanda kanyaah ti kolot


  1. Nu teu ka asup barang-barang nu sok diawurkeun dina sawér nyaéta ….

A.  béas                     B. cikur                            C.  duit                            D. koneng


  1. Puisi sawér téh sok ditembangkeun dina acara ….

A.  lebaran                 B. milangkala                  C.  munggahan                D.  nikahkeun


  1. Puisi sawér umumna ngandung ….

A.  lalakon                 B. papatah                       C. sabab                          D. tokoh


  1. Purwakanti tina sa’ir sawér téh rumusna ….

A.  a-a-a-a                  B. a-b-a-b                        C. a-a-b-b                        D. a-b-b-a


Baca wacana kapahlawanan di handap ieu! Pikeun No 11 – 14


Déwi Citraresmi atawa Dyah Pitaloka téh putri Sunda anu geulis kawanti-wanti, éndah kabina-bina, katurug-turug pribadina hadé tata, hadé basa, tur hadé tingkah paripolahna. Anjeuna téh putra cikal Prabu Maharaja ti Karajaan Kawali.

Hiji waktu, Déwi Citraresmi dilamar ku Prabu Hayam Wuruk ti Karajaan Majapahit. Lantaran niatna pikeun nambah babarayaan, éta panglamar téh ditampi ku Raja Kawali. Sang putri bakal ditikahkeun ka Raja Majapahit.


  1. Poko pikiran utama dina paragraf kahiji nyaéta ....

A.  Déwi Citraresmi atawa Dyah Pitaloka téh putri Sunda anu geulis kawanti-wanti

B.  katurug-turug pribadina hadé tata

C.  hadé tingkah paripolahna

D.  anjeuna téh putra cikal Prabu Maharaja ti Karajaan Kawali


  1. Poko pikiran utama dina paragraf kadua nyaéta ....

A.  Prabu Hayam Wuruk Raja ti Majapahit          

B.  Sang putri bakal ditikahkeun ka Raja Majapahit

C.  Déwi Citraresmi dilamar

D.  lantaran niatna pikeun nambah babarayaan


  1. Kecap cikal nu aya di wacana di luhur hartina ....

A.  budak pangleutikna                                      C. budak nunggal

B.  budak panengah                                           D. budak pangageungna


14.    Eusi dina wacana kapahlawanan nyaéta ….

A.  mimiti sajarah lahirna, riwayat atikan

B.  kalungguhanana, riwayat atikan, lobana kakayaan

C.  mimiti sajarah lahirna, riwayat atikan, kalungguhanana, jasa-jasana

D.  mimiti sajarah lahirna, riwayat atikan, ngaran pamajikanana, jasa-jasana


II.      Jawablah!


Teu honcewang sumoreang

Tekadna pahlawan bangsa

 

Cadu mundur pantrang mulang

Mun maksud tacan laksana

 

Berjuang keur lemah cai

Lali rabi tur tegang pati

Taya basa menta pamulang tarima lklas rido keur korban merdeka

 

Sinatria danalaga

 

  1. Naon tema kawih di luhur teh?
  2. Saha nu nyanggi eta kawih?
  3. Perkara naon wae nu dicaritakeun dina eta kawih?
  4. Keur saha pahlawan bajuang teh? Ngabela naon?
  5. Kumaha tekadna pahlawan teh?
  6. Hal naon wae nu karasa ku hidep sabada ngahaleuangkeun kawih di luhur?

Materi Rumpaka Kawih



1.PERKARA KAWIH

Menyanyikan kawih disebut juga “ngawih”. Selain itu, ada istilah “kakawihan” dan “tembang”. Kawih merupakan salah satu kekayaan seni Sunda. Pada “karawitan” Sunda, antara kawih dan tembang itu berbeda.  Kawih  itu ada birama (wiletan) dan ketukan (tempo). Ketika dinyanyikan, kawih itu mempunyai aturan birama dan ketukan. Sebalikna, tembang tidak terpaku oleh wiletan dan ketukan.


Selain dari kawih “Karatagan Pahlawan”, ada juga kawih yang lainnya seperti “Es Lilin (Mursih)”, “Lembur Kuring (R.T.A. Soenarya)”, “Mojang Priangan (lyar Winarsih)”, “Bubuy Bulan (Benny Corda)”, “Bajing Luncat (Kosaman Jaya)”, “Hariring Kuring (Djuhari)”, “Kalangkang (Nano S.)”, “Hariring nu Kungsi Nyanding (Mang Koko)”, dll. Adapun contoh dari tembang seperti “Papatet”, “Bayubud” dan “Mupu Kembang”.


Sedangkan kakawihan serupa dengan kawih. Bedanya, kakawihan dinyanyikan ketika anak-anak bermain. Karena itu, kakawihan disebut juga kawih anak-anak. Contohnya ada kakawihan "Oray-Orayan", "Pacicipoci", "Hompimpah", Eundeuk-Eundeukan", "Paciwit-ciwit Lutung'',dll.


2.UNSUR KAWIH

Rumpaka dalam kawih, kakawihan, dan tembang mempunyai nilai sastra. Umumna ditulis bentuk puisi sisindiran atau puisi bebas. Jadi, rumpaka kawih, kakawihan, dan tembang mempunyai unsur-unsur puisi. Seumpamanya dibentuk oleh bait (pada), jajaran (padalisan), purwakanti, gaya basa, dan kekecapan (diksi) yang terpilih. Oleh karena itu, bisa ditelaah temanya, nadannya, amanatnya, dan apa yang diceritakannya.


a.Jejer (sense)

Jejer yaitu pokok pikiran yang ada dalam rumpaka kawih. Tema yaitu gagasan utama yang disampaikan dari pangarang kepada pembaca. Tema dalam rumpaka kawih bermacam-macam, ada tema keagamaan, kemanusaan, cinta tanah air, dll. Umpamanya rumpaka kawih "Tanah Sunda" menceritakan kekaayaan Tanah Sunda yang sedang sakit. Jadi, bisa disimpulkan temanya tentang cinta tanah air.


b.Rasa (feeling)

Rasa itu menjiwai isi rumpaka kawih. Rasa dalam rumpaka kawih bisa ditemukan setelah dibaca. Apakah dibacanya teriak-teriak, diucapkan biasa, dinyanyikan atau di dalam hati. Rumpaka kawih "Tanah Sunda", tidak akan ditemukan rasanya seumpama dibacanya hanya dalam hati. Sebaliknya, akan ditemukan rasanya apabila dibacanya dengan keras atau biasa.


c.Wirahma (tone)

Nada yaitu sikap pangarang kepada pembaca. Dari sikap pangarang menyebabkan munculnya suasana kepada pembaca. Dari rumpaka kawih "Karatagan Pahlawan", diketahui sikap pangarang ingin memberitahukan kepada pembaca bahwa pahlawan mempunyai keberanian dan jasa yang besar untuk kehidupan bersama. Dari sikap itu sebagai pembaca bisa merasa ingin mempunyai sikap pahlawan.


d.Amanat (itention)

Amanat yaitu pesan pengarang yang terasa kepada pembaca rumpaka kawih. Tapi meskipun begitu, amanat dalam satu rumpaka kawih ditentukan oleh pembaca . Artinya kita diberikan kebebasan menentukan amanat dalam satu rumpaka kawih.


e.Purwakanti

Perhatikan rumpaka kawih ini!


Sinatril(a)danalagla]  padalisan ka-1

IBela bangs(a) jeung nagar[a] pada (bait)

Dibarengan tekad suc(i)

Berjuang keur lemah ca(i)


Rumpaka di atas jumlahnya “sapada” (bait). “Sapadana” dibentuk oleh empat “padalisan”(baris). Pada rumpaka di atas, ada suara -suara yang sama di setiap barisnya. Di baris pertama dan ke dua, serupa suaranya (a). Di baris ke tiga dan ke empat, serupa suaranya (i). Suara-suara yang sama dalam rumpaka kawih disebutnya purwakanti. Singkatnya purwakanti adalah kedekatannya atau kesamaan suara kata dalam kalimat.


Melihat jenisnya, purwakanti ada dua. Sama atau dekatnya suara yang berbaris disebut purwakanti rantayan. Cintohnya rumpaka kawih di atas. Sedangkan dekatnya suara yang berurutan ke bawah dan biasanya berada di akhir baris disebutnya purwakanti runtuyan.


Berjuang keur lemah cai Murwakanti disuara /i/ jeung /a/

Lali rabi tur tegang pati

Taya basa menta pamulang tarima lklas rido keur korban merdeka



LATIHAN SOAL 1


1.Naon anu disebut kawih, kakawihan,jeung tembang? Kumaha bedana?

2.Naon anu disebut pada jeung padalisan dina rumpaka kawih?

3.Jentrekeun naon anu disebut purwakanti dina rumpaka kawih?

4.Naon bedana purwakanti rantayan jeung runtuyan teh? Cingjentrekeun! 5.Naon anu disebut tema, nada, rasa, jeung amanat dina rumpaka kawih?



Karatagan Pahlawan

Sanggian: Mang Koko


Teu honcewang sumoreang

Tekadna pahlawan bangsa


Cadu mundur pantrang mulang

Mun maksud tacan laksana


Berjuang keur lemah cai

Lali rabi tur tegang pati

Taya basa menta pamulang tarima lklas rido keur korban merdeka


Sinatria danalaga


LATIHAN SOAL 2

1.Naon tema kawih di luhur teh?

2.Saha nu nyanggi eta kawih?

3.Perkara naon wae nu dicaritakeun dina eta kawih?

4.Keur saha pahlawan bajuang teh? Ngabela naon?

5.Saha wae pahlawan Sunda teh? Asalna ti daerah mana?

6.Kumaha tekadna pahlawan teh?

7.Hal naon wae nu karasa ku hidep sabada ngahaleuangkeun kawih di luhur?

8.Pahlawan mah teu ngingetkeun ka dirina, asal kumaha?


KUNCI JAWABAN


1.  Kawih, kakawihan,jeung tembang teh sok dihaleuangkeun atawa dilagukeun boh ku sorangan

(anggana sekar) boh bab arengan (rampak sekar).

I2. Kawih jadi bagian kabeungharan seni Sunda.

3.Dina karawitan Sunda, antara kawih jeung tembang teh dibedakeun. Dina kawih mah aya

birama (wiletan) jeung ketu kan (tempo). Waktu dihaleuangkeun, kawih mah kauger ku aturan birama jeung ketukan. Sabalikna, tembang mah henteu keuger ku wiletan jeung ketukan.

4.Kakawihan sok disebut age kawih murangkalih atawa kawih barudak.

5.Rumpaka kawih, kakawihan, jeung tembang teh mibanda unsur-unsur puisi. Upamana wae diwangun ku pada (bait),jajaran (padalisan), purwakanti,gaya basa, jeung pilihan kecap (diksi) anu dipakena pinilih pisan. Kitu deui, bisa dipaluruh naon temana, kumaha amanatna, jeung naon nu dicaritakeunana.



Es Lilin

Es lilin mah ceuceu kalapa muda
dibantun mah dibantun ka Sukajadi
abdi isin dunungan samar kaduga
sok sieun mah aduuh henteu ngajadi


Es lilin mah ceuceu buatan Bandung
dicandakna geuning ka Cipaganti
abdi isin jungjunan duh bararingung
sok inggis mah aduuh henteu ngajadi


Itu saha dunungan nu nungtun munding
digantelan geuning ku saputangan
itu saha dunungan ku ginding teuing
sing horeng mah aduh geuning jungjunan


Es lilin mah ceuceu dikalapaan
raosna mah geuningan kabina-bina
abdi alim dunungan paduduaan
sok sieun mah dibantun kamana-mana


Kamana mah dunungan ngaitkeun cingcin
ka kaler mah aduuh katojo bolat
kamana mah dunungan ngaitkeun pikir
modal balek urang nuhun satulang



LEMBUR KURING

Sanggian: RTA Sunarya


Na dimana, na dimana lembur kuring

Di nu anggang pagunungan

Ngenes ngangres duh tibelat nya pipikiran

Matak waas jeung kagagas

Ari ras émut ka lembur

Andon suka jeung nalangsa

Pangabetah pangulinan

Ka bali geusan ngajadi

Pulangkeun kuring pulangkeun

Pulangkeun ka balé pulang

Lemah cai dunungan da geusan betah


Lembur matuh, naha atuh

Milih Bandung kota kembang

Bandung nu heurin ku tangtung

Sasakala Sangkuriang

Kalingkung ku gunung-gunung

Gunung Cupu mandala ayu

Hayu sindang ka Sumedang

Ngan pacuan ngarangrangan.



Mojang Priangan' Yang Dipopulerkan Oleh Nining Meida:


Angkatna ngagandeuang

Bangun taya karingrang

Nganggo sinjang dilamban

Mojang Priyangan

Umat imut lucu

Sura seuri nyari

Larak-lirik keupat

Mojang Priyangan


Diraksukan kabaya

Nambihan cahayana

Dangdosan sederhana

Mojang Priyangan

Mojang anu donto

Matak sono nu némpo

Mun tepung sono ka

Mojang Priyangan

Gareulis maranis

Disinjang lalenjang

Éstu surup nu némpo

Mojang Priyangan mojang priyangan

Mojang Priyangaaaann



HARIRING KURING


Tengah peuting keur jemplang jempling

Kuring nyaring, teu geunah cicing

Hate melang, sumoreang

Buah ati, lawas teu patepang

 

Cuang cieung, kuring sorangan

Nenggeulis cik pangumbaraan

Lieuk dengen lieuk lain

Laya pisan kesan pamunangan

 

Rek sasambat ka saha nya nyambat

Suwung dulur, walurat sobat

Sangsang badan, nitipkeunnya diri

Iwal ti ka Gusti hyang widhi

 

Hiliwirkeun, duh angin peuting

Pangnepikeun hariring kuring

Kajungjunan nu ngantosan

Kawih ati nu keur rungsing pusing

 

Tengah peuting keur jemplang jempling

Kuring nyaring, teu geunah cicing

Hate melang, sumoreang

Buah ati, lawas teu patepang

 

Rek sasambat ka saha nya nyambat

Suwung dulur, walurat sobat

Sangsang badan, nitipkeunnya diri

Iwal ti ka Gusti hyang widhi

 

Hiliwirkeun, duh angin peuting

Pangnepikeun hariring kuring

Kajungjunan nu ngantosan

Kawih ati nu keur rungsing pusing

Kawih ati nu keur rungsing pusing


Lirik Lagu Daerah Jawa Barat - Bubuy bulan (Cipt. Benny Korda)


Bubuy bulan sangray bentang

Panon poe

Panon poe disasate


Unggal bulan

Unggal bulan abdi teang

Unggal poe

Unggal poe oge hade


Situ Ciburuy

laukna hese dipancing

Nyeredet hate

Ningali ngeplak caina


Duh eta saha

Nu ngalangkung unggal enjing

Nyeredet hate

Ningali sorot socana


Judul : Bajing Luncat

Pencipta : Kosaman Djaja


Bajing luncat -bajing luncat ka astana

Abdi lepat narosan teu ti anggalna

Ku teu sangka salira bet luas pisan

Teu hawatos ka nu kersa ngantos ngantos

api-api teu emut ka na pasini

Pasini pakait ati leuh pakait ati

Tadi na mah sugan teh dulang tinande

nu dipiceun cenah ge majar katimu

Teu Terang mah tos caket rek direndengkeun

Moal lipur ku sa taun iyeuh nambaan-nana


Arti Lagu Bajing Luncat

Tupai loncat ke pemakaman

Aku salah melamar tak sejak dulu

Tak kusangka kau begitu tega

Tak iba pada yang mau menanti

Pura- pura tak ingat akan janji

Janji berkait hati aduh berkait hati

Aku kira kau kan slalu menunggu

Yang dibuang katanya ditemukan

Tak tahunya sudah dekat akan disandingkan

Tak akan sembuh setahun aduh mengobatinya


Kalangkang

Song by Nining Meida


Mungguhing dina impenan

Geuning sakitu deudeuhna

Kanyaah nu wening bersih

Sadia jadi kakasih


Mungguhing dina impenan

Geuning sakitu leahna

Pamenteu marahmay manis

Teu isin paambung damis


Rambut panjang nu ngarumbay

Disangkeh panangan nyampay

Lalaunan raray tanggah

Rangkulan karaos pageuh


Luhur pasir tepung deter

Perlambang asih nu mekar

Kabagjaan nu duaan

Nu duaan


Hanjakal-hanjakal teuing

Endah ngan ukur kalangkang

Harepan-harepan diri

Sing nyanding jeung kanyataan


Mungguhing dina impenan

Geuning sakitu deudeuhna

Kanyaah nu wening bersih

Sadia jadi kakasih


Mungguhing dina impenan

Geuning sakitu leahna

Pamenteu marahmay manis

Teu isin paambung damis


Rambut panjang nu ngarumbay

Disangkeh panangan nyampay

Lalaunan raray tanggah

Rangkulan karaos pageuh


Luhur pasir tepung deter

Perlambang asih nu mekar

Kabagjaan nu duaan

Nu duaan


Hanjakal-hanjakal teuing

Endah ngan ukur kalangkang

Harepan-harepan diri

Sing nyanding jeung kanyataan


Rambut panjang nu ngarumbay

Disangkeh panangan nyampay

Lalaunan raray tanggah

Rangkulan karaos pageuh


Luhur pasir tepung deter

Perlambang asih nu mekar

Kabagjaan nu duaan

Nu duaan


Rambut panjang nu ngarumbay

Disangkeh panangan nyampay

Lalaunan raray tanggah

Rangkulan karaos pageuh


Luhur pasir tepung deter

Perlambang asih nu mekar

Kabagjaan nu duaan

Nu duaan