Friday, February 17, 2023

Contoh Teks Wawancara Sunda singkat beserta terjemahannya

 Contoh Wawancara Bahasa Sunda dan Terjemahannya

 

A: "Assalamualaikum wr, wb. Punten tiasa abdi nyuhunkeun waktosna sakedap kanggo ngawawancara ngeunaan pentingna urang ngagaduhan cita cita?"

B: "Wa’alaikum salam, mangga tiasa."

A : "Nurutkeun salira, naon sih sabenarna pentingna urang ngagaduhan cita-cita atanapi ngarancang kahayang téh?"

B: "Sabab cita-cita téh mangrupakeun tujuan tina kahirupan urang saenyana, ngarancang kahayang atanapi ngagaduhan cita cita téh penting pisan keur diri urang, supados urang langkung sumanget dina ngajalankeun kahirupan."

A: "Kumaha jadina lamun sasaurang teu ngagaduhan cita cita?"

B: "Urang bakal ngarasa kabingungan, sabab urang teu ngagaduhan tujuan dina kahirupan."

A: "Salaku pelajar, kumaha carana sangkan urang tiasa ngahontal cita-cita kasebat engkinna?"

B: "Salaku pelajar, tangtuna urang ogé parantos terang kumaha carana ngahontal cita-cita téh, carana nyaéta diajar sing ka getol mimiti ti ayeuna."

A: ”Saenyana, hésé apa henteu dina urang nyumponan cita cita téh?"

B: "Saenyana tina ngagapai cita-cita téh teu hésé lamun urang bener-bener di ajar di sakola ti ayeuna. Lamun dileukeunan pasti cita-cita urang bakalan ka cumponan."

A: "Kunaon urang kudu ngagaduhan cita-cita sing ka luhur?"

B: "Maksadna urang kudu miboga cita-cita sajangkung langit téh, urang ulah asa-asa keur ngagaduhan cita-cita anu luhur. Urang kudu percanten ka nyalira yén urang téh bisa ngahontal cita-cita urang sorangan."

A: "Nah, cekap sakitu waé wawancara singket ti abdi, hatur nuhun kana waktos sareng jawabanana, ayeuna abdi langkung terang kana pentingna urang ngagaduhan cita cita téh."

B: "Muhun sami-sami, sawangsulna."

A: 'Wassalamualaikum wr, wb."

B: "Wa’alaikum salam wr, wb."

 

Terjemahan Bahasa Indonesia:

 

A: "Assalamualaikum wr, wb. Permisi, bisa saya meminta waktunya sebentar untuk mewawancarai mengenai pentingnya memiliki cita-cita?"

B: "Wa’alaikum salam, boleh."

A: "Menurut anda, mengapa penting bagi kita untuk memiliki cita-cita atau merencanakan suatu keinginan?"

B: "Karena cita-cita merupakan tujuan yang sesungguhnya di dalam kehidupan. Merencanakan keinginan atau memiliki cita-cita itu penting sekali untuk diri kita, agar kita lebih semangat di dalam menjalani kehidupan."

A: "Bagaimana jadinya kalau seseorang tidak memiliki cita-cita?"

B: "Kita akan merasa kebingungan, karena hidup tanpa tujuan."

A: "Sebagai pelajar, bagaimana supaya kita bisa mencapai cita cita itu nantinya?"

B: "Sebagai pelajar, kita tentu sudah tahu caranya mencapai cita cita itu, yaitu belajar dengan bersikap rajin mulai dari sekarang."

A: "Sebenarnya, sulit atau tidak untuk mencapai cita-cita itu?'

B: "Sebenarnya menggapai cita-cita itu tidak sulit. Apabila kita belajar dengan tekun di sekolah dari sekarang, maka pasti cita-cita kita akan terwujud."

A: "Kenapa kita harus memiliki cita-cita yang tinggi?"

B: "Maksudnya kita harus memiliki cita-cita setinggi langit itu: kita jangan ragu-ragu untuk memiliki cita-cita yang tinggi dan harus percaya diri bahwa kita mampu mencapainya."

A: "Nah, sekian wawancara singkat dari saya, terima kasih atas waktu dan jawabannya.  Sekarang saya lebih paham akan pentingnya memiliki cita-cita."

B: "Ya, sama-sama."

A: "Wassalamualaikum wr, wb."

B: "Wa’alaikum salam wr, wb."

Attachment.png

No comments:

Post a Comment