Drama Sunda: Si Kabayan Ngingu Munding
Naskah kénging Ki Leuksa
Nu Ngalalakon:
Nu Ngalalakon:
- SI KABAYAN
- NYI ITEUNG
- LAMSIJAN
- ABAH
- AMBU
- MANG KARMA
BUBUKA KU JURU CATUR/NARATOR :Pamiarsa, si Kabayan anu
kakocap pinter tapi bodo, bodo tapi pinter, tina gunem caturna jeung Nyi
Iteung meunang ilham. Seja usaha, neangan pangupa jiwa pikeun maraban
kulawarga. Kumaha ketakna si Kabayan? Sumangga nyanggakeun pintonan
Drama, dina carios si Kabayan Ngingu Munding.SI KABAYAN ASUP KA PANGGUNG,
LEUMPANG SALSE, KULIAT, HEUAY, TERUS DIUK SILA TUTUG, NGAGERE CEULI KU BULU
HAYAM, SIRAH LEHEK/DENGDEK, PANON PEUREUM HAYAMEUN, MEUREUDEUY.DATANG NYI
ITEUNG NGAJINGJING SAPU NYERE/INJUK. JENGKEL, AMBEK, GEREGETEUN.
01 NYI ITEUNG——– : (NYENTAK ) Kabayan !
Kunaon ceuli téh hayoh waé digéré ?
Kumaha mun tosblong, siah ?
Digawé kadituh, kaluman kami mah nénjona ogé.
02 SI KABAYAN——- : (AYEM, LEULEUY) Jééh, kunaon
ari manéh, Jikan?
Mani taya bosena kana ambek-ambekan teh, soré isuk
euweuh eureuna.
Ulah kitu, matak téréh kolot.
03 NYI ITEUNG——– : Kaluman tuda, boga salaki téh
mani euweuh pisan guam.
Ngala-ngala suluh ka dituh.
04 SI KABAYAN——- : Aaaaah, horéam euweuh
bedogna.
05 NYI ITEUNG——– : Matak naon mun nginjeum ka
Abah?
06 SI KABAYAN——- : Embung ah, sok ngambek si
Abah mah.
Bisi nagih ongkoh, heug kami boga kénéh hutang.
07 NYI ITEUNG——– : (JENGKEL) Ih, lalaki
téh teu uyahan siah !
Heug usaha atuh, ulah ngajentul waé.
Turutan batur !
08 SI KABAYAN——- : Usaha kana naon, Teung ?
09 NYI ITEUNG——– : Nya kana naon wé atuh, kawas
batur.
Keun baé teu jadi Pagawé Nagri ogé, asal usaha nu
halal.
Tuh kawas Pa Haji, miara hayam, miara domba, atawa
naon wé atuh. Sing aya guam hirup téh, da jelema mah teu ngeunah dagingna
(SI KABAYAN NGOREJAT, TERUS NANGTUNG, SURA-SEURI
GUMASEP)
10 SI KABAYAN——– : Héhéhé, héhéhé, heueuh bener,
Teung.
Asa diingetan, puguh kami teh hayang… hayang diajar
wisarwata, aéh… naon ning, Teung?
11 NYI ITEUNG——– : (NYENTAK) Wiraswasta, belegug !
Lain wisarwata
12 SI KABAYAN——– : Jééééééééh, nya ulah maké belegug
atuh, Teung.
Salah saeutik mah meunang.
13 NYI ITEUNG——– : Heueuh rék kumaha atuh?
14 SI KABAYAN——– : Héhéhé, kieu Teung.
Akang rek badami jeung si Lamsijan.
Pokona mah Iteung ulah hariwang, Akang pasti usaha.
15 NYI ITEUNG——– : Jig atuh, ulah ulin waé. Sing mikir
hirup téh.
16 SI KABAYAN——– : Nya heueuh ieu ge rék mikir.
SI KABAYAN JEUNG NYI ITEUNG LEUMPANG NGURILINGAN
PANGGUNG.
NYI ITEUNG KALUAR, SI LAMSIJAN ASUP KA PANGGUNG.
17 SI LAMSIJAN——- : (SONO) Eéééééééh, geuning manéh,
Kabayan?
Rék ka mana, euy ?
18 SI KABAYAN——– : Heueuh, bagéa Jan.
Puguh ngahaja rék ka imah manéh.
19 SI LAMSIJAN——- : (DARIA) Euleuh, aya naon, Kabayan?
Asa rareuwas teuing, euy.
20 SI KABAYAN——– : Ulah reuwas, da lain rék nagih.
Puguh Kuring téh hayang diajar wiraswasta.
Cik ménta bongbolongan, kana naon, nya?
21 SI LAMSIJAN——- : Ooooooh, kitu?
(NEPAKAN TARANG LALAUNAN) Ké, ké, ké, kumaha, nya?
Oh heueuh, kumaha mun ngingu lauk engkoy ?
22 SI KABAYAN——– : (GOGODEG) Embung, teu boga
balongna, Jan.
23 SI LAMSIJAN——- : (SUMANGET) Ngingu puyuh atuh?
24 SI KABAYAN——– : (GOGODEG) Embung ah, leutik
endogna.
25 SI LAMSIJAN——- : (KUCIWA) Aaaah manéh mah, nya
hayang naon atuh?
Da usaha anu badag mah kudu gedé modalna ogé.
Mun hayang anu gedé endogna, nya ngingu munding !
26 SI KABAYAN——– : (ATOH, EMPRAK) Tuaaaaaaaaah enya
bener, étaaa, Jan.
(NEPAK TAKTAK LAMSIJAN) Héhéhé, nuhun, Jan.
Kuring satuju ngingu munding mah.
Manéh téh mémang sobat anu sajati, Jan.
27 SI LAMSIJAN——- : (NGOA) Hemh, boga duitna, nyah?
28 SI KABAYAN——– : (SOMBONG) Wuah, duit mah gampang,
Jan. Aya Abah.
Malah mah moal dilila-lila, ayeuna ge rék nepungan ka
Abah. Héhéhéhé, pasti méré ari jang modal usaha mah.
29 SI LAMSIJAN——- : Hemh, mani agul boga Abah galak
téh.
30 SI KABAYAN——– : Iiih, galak-galak gé boga Kuring
mah.
Hayu, manéh rék milu, Jan?
31 SI LAMSIJAN——- : Moal ah, rék nempo balong.
Jig wé, diduakeun sing hasill.
32 SI KABAYAN——– : Heueuh jig atuh rék ka balong mah.
Assalamu ‘alaikum..
33 SI LAMSIJAN——- : Wa’alaikum salam warohmatullohi wa
barokatuh
MUSIK PANYELANG.
ABAH JEUNG AMBU DI PANGGUNG, DATANG SI KABAYAN
SURA-SEURI.
34 ABAH—————- : (TATAG) Kabayan ! Ari manéh éling,
henteu?
35 SI KABAYAN——– : Iiiiih ari Abah.
Nya éling atuh. Iraha Uing gélo ?
36 ABAH—————- : Lain nanaon, éta wé bet sura-seuri
kawas anu gélo anyar.
37 SI KABAYAN——– : (NYENTAK) Naooon? Gagabah teuing ??
38 ABAH————— : Naha siah disebut gélo anyar teh bet
ngambek?
39 AMBU————— : (TENANG) Geus heubeul meureun, Bah.
40 ABAH————— : Boa enya, da geuning disebut gélo anya
mah ngambek.
41 SI KABAYAN——– : Eééééééééh boga Abah jeung Ambu teh
sarua gélona.
(REUWAS, NUNGKUP BIWIR) Aéh, bit, henteu kétang
Héhéhéhé, hampura Bah, Mbu, Abah Kembu…
42 AMBU————– : (NYENTAK) Naon siah? Nyebut Kembu ka
kami ?
43 SI KABAYAN——- : Jéééééh, saha anu nyebut kembu?
Cek Uing téh, Abah, Ambu.
44 ABAH—————- : Naha, saha anu nyebut Abah kembu?
45 SI KABAYAN——– : Nya Abah, bieu.
46 AMBU————— : Eh, Abah.
Ulah diajak ngomong waé si Borokokok mah.
Bisi tépa gélona.
Minantu nurustunjung. ka mitoha nyebut kembu.
47 SI KABAYAN——– : Waaaaaaah, ulah kitu atuh, Ambu.
48 AMBU————— : (NYENTAK) Naon siah? Sakali deui nyebut
kembu, dibabuk siah.
49 SI KABAYAN——- : Ituh geura? Kalah kanceuh, saha nu
nyebut kembu?
Heunteu, Uing mah teu nyebut kembu.
50 ABAH—————- : Geus, geus, ulah kamalinaan, éra kunu
lalajo.
Sok diuk, Kabayan. Abah rék nanya.
51 SI KABAYAN——– : Héhéhé, mangga, Bah.
52 ABAH—————- : Rék naon manéh téh, Kabayan?
53 SI KABAYAN——– : Puguh ngahaja, Uing téh hayang
tepung jeung Abah, jeung Ambu. Seja nyanggakeun silaturahmi, Bah.
54 ABAH—————- : Aaah, maké jeung hayang tepung sagala.
Tara ti sasarina manéh mah, Kabayan.
Rék ménta duit meureun, nya? Atawa rék nginjeum paré?
55 SI KABAYAN——– : Tuuuuuuuh, da. Abah mah goréng waé
ka Uing téh.
Can nanaon geus nuding nu lain-lain.
Ulah suudon, Bah, Goréng kalakuan kitu téh.
Umat Islam mah kudu alus panyangka.
56 ABAH—————- : Heueuh, heueuh, lah. Manéh meunang.
Sok, rék naon manéh téh atuh, Kabayan?
57 AMBU—————- : Wah, minantu gejul waé diladénan, léob
anggur mah.
58 SI KABAYAN——– : Aduh, Embu mah mani téga ka Uing
téh.
59 AMBU—————- : (NGANCAM) Tah.. tah… tah… awas siah,
geus nyebut deui kembu ka aing.
60 SI KABAYAN——– : Jéééééh, saha nu nyebut kembu?
Heunteu Embu, teu embu, tapi geulis.
Héhéhéhé, dasar mitoha burung…
61 AMBU—————- : Pék siah !! (NGAMANG-NGAMANG SENDAL)
62 SI KABAYAN——– : (MURINGIS) Aduh,
ampun..ampun..ampun Mbu !!
63 ABAH—————- : (NYENTAK) Eéééééh, meugeus, Ambu !
Cicing atuh, kami rek ngomong.
Sok teruskeun Kabayan rék naon sia téh?
64 SI KABAYAN——– : (DARIA) Bah, Uing téh hayang diajar
wisarwata, aéh..duh.. ku hésé ngomong téh, nya? Naon ning?
Oh enya, wi… ras.. swas..ta ! Tah kitu, Bah!
Jadi, Uing téh hayang diajar usaha,. Bah.
Tapiii, teu boga modalna.
65 ABAH—————- : Tuuuuh, pasti rék nginjeum duit ka
aing.
66 SI KABAYAN——– : Eeeeeh, salah atuh, Bah.
Salah !!
Geus goréng sangka deui baé Abah mah.
Lain, lain rek nginjeum, Bah. Tapi ngajak kerjasama.
Urang bagi hasil bagi untung, Joint Bah, Joint !
67 ABAH————— : Naon joint téh, Kabayan?
68 SI KABAYAN—— : Usaha, tapi modalna Papatungan, Bah.
69 ABAH————— : (DARIA) Oooh usaha? Usaha
kana naon, euy ?
70 AMBU————– : Wuah, moal lutreuk si éta mah.
Can aya dina kamusna, si Kabayan bisa usaha.
71 ABAH—————- : Eééh, mangke lanan, Ambu.
Urang déngékeun heula omonganana.
72 AMBU—————- : Kadéngé ti tadi gé.
73 SI KABAYAN——– : Héhéhé, Ambu mah ka Uing téh sengit
waé.
74 ABAH—————- : Sok teruskeun, Kabayan.
Usaha naon téa euy? Kumaha papatungan téh?
75 SI KABAYAN——– : Kieu, Bah.
Urang meuli munding. Modalna papatungan, miarana ku
duaan babarengan. Tapi sangkan adil, urang bagi dua miarana téh.
76 ABAH—————- : Kumaha carana?
77 SI KABAYAN——– : Urang sapotong éwang, Abah bujurna,
Uing huluna.
78 ABAH—————- : His, ké heula, ulah gagabah nyieun
kacindekan téh.
Naha manéh maké hayang miara huluna?
79 SI KABAYAN——– : Ngarah teu kudu miceunan taina.
Maraban wé wungkul.
80 ABAH————— : Ambu, cing kami ménta bongbolongan
yeuh.
Mun kitu carana, mana nu kudu dipilih?
Huluna, atawa bujurna?
81 AMBU————— : (TANDES) Nya mending huluna atuh, miara
bujur mah kudu miceunan taina.
Nu kitu patut mah bikeun ka si Kabayan.
82 ABAH—————- : (DARIA, TANDES) Satuju, bener pisan
éta pamadegan téh, Ambu. Moal enya kolot kudu miceunan taina?
Hey, Kabayan !
83 SI KABAYAN——- : Kumaha, Bah?
84 ABAH————— : Heug aing daék papatungan jeung manéh,
tapi kami huluna, manéh bujurna.
Lamun satuju kitu, heug. Henteu mah,
moal….
85 SI KABAYAN——– : Moal kaduhung, Bah?
86 ABAH————— : Naha maké kudu kaduhung? Nya moal
deuleu.
Ieu téh hasil musyawarrroh…
87 SI KABAYAN——– : Cak siah, ketok palu tilu kali.
Trok, trok,. trok ! Keputusan tidak dapat diganggu
gugat.
Kuring bujur, Abah hulu.
88 ABAH—————- : Heueuh, tah saksina si Ambu.
89 SI KABAYAN——- : Jadi lah…
(SI KABAYAN, ABAH, JEUNG AMBU KALUAR TI PANGGUNG,
DIPIRIG KU KACAPI SULING)
NARATOR :
=========Pamiarsa sadaya. Gancangna carita, si Kabayan
jeung Abah geus papatungan meuli munding bikangna. Duanana satia kana jangji,
miara munding luyu jeung bagéanana. Si Kabayan bujurna, Abah huluna.
Kacaturkeun dina hiji poé, di kandang munding, si
Kabayan jeung Abah paréa-réa
omong================================================
MUSIK TEGANG:
90 SI KABAYAN——– : (AMBEK) Abah, kumaha ieu téh, mani
ngedul geuning
Kandang kalotor, endog munding nalambru.
Bantuan meresihan atuh, ulah hayang ngeunahna waé.
91 ABAH—————- : Hahahaha, héhéhé, hehehe, pan munding
manéh téh ka bujurna, Kabayan.
Cik pikiran sing bener, naha aya.. munding anu ngising
tina huluna?
92 SI KABAYAN——– : Nya euweuh, di mana-mana gé nu
ngising mah bujurna.
93 ABAH—————- : Ari bujurna munding saha?
94 SI KABAYAN——– : Nu Uing…
95 ABAH—————- : Nya heueuh, nu ngising téh munding
manéh.
Jadi kudu diberesihan ku manéh, da nu Abah mah huluna.
Héhéhéhéhé, wilujeng… kulan !
(ABAH LEUMPANG NGAGANDONG LEUNGEUN BARI HEHEOTAN,
TERUS KALUAR TI PANGGUNG)
96 SI KABAYAN——– : (AMBEK) Dasar, mitoha atah adol.
Nurustunjung, kurang asem, bangkarwarah, licik, dan
sebagainya.
Kapaksa aing kudu meresihan tai munding.
Hemh… sial !
MUSIK, KACAPI SULING;
AMBU KA PANGGUNG, LEUMPANG DANGAH GUMEULIS.
97 SI KABAYAN——- : (NGOMONG SORANGAN) Hemh, si Kembu
datang….
98 AMBU————— : (NYENTAK) Naon siah, Kabayan?
Nyebut kembu ka aing?
99 SI KAB AYAN——- : Jééééh, ceuk saha kembu? Ambu mah,
geulis.
100 AMBU————— : Hemh siapa dulu, dong ! (LAJAG-LEJEG)
(DARIA) Hey, Kabayan ! Geus ngarit manéh?
101 SI KAB AYAN——- : (NYURENG) Naooon? Ngarit ?
102 AMBU————— : Heueuh, ngarit !! Ngala jukut atawa
jarami.
Apan ngingu munding mah kudu ngarit siah, da moal
beukieun diparaban bala-bala mah.
103 SI KAB AYAN——- : Ih ké heula,. ké heula, ké
heulaaa.
Ari munding ka huluna, nu saha?
104 AMBU————— : Nu si Abah.
105 SI KAB AYAN——- : Nya heueuh.
Jadi si Abah anu kudu ngarit mah, lain Uing.
106 AMBU————— : Naha sia téh kalah nempuhkeun ka si
Abah?
107 SI KABAYAN——- : Munding Uing mah bujurna.
Di mana aya munding anu nyatuan ku bujur?
Jadi anu kudu ngarit téh si Abah, da nu nyatuna gé
munding Abah, tugas Uing mah meresihan taina.
108 AMBU————— Dasar, minantu lebokeun tétélo.
Licik sia mah.
109 SI KABAYAN——– : Héhéhéhé, kop rasakeun lah…
Naaaaha asana téh.
(AMBU NGALEOS, TERUS NGAGERO KA SI ABAH, MUSIK
TANDANG)
110 AMBU————– : (BEDAS) Abaaaaah !
111 ABAH————— : (JAUH) Naoooon, Ambu ?
(NYAMPEURKEUN)
112 AMBU————— : (BEDAS, JENGKEL) Teu kudu ngarit, Bah.
Angon wé munding téh !
Si Kabayan mah ucut burung, licik deuih.
Ulah digugu teuing lah, tuman !
113 ABAH————— : Héhéhéhé, nya heueuh, da euweuh pabrik
hésé,
Aburkeun wé, engké gé nyatuan sorangan munding mah.
Keun, urang leupaskeun ku kami !
114 AMBU—————- : Heueuh, jig !
(MUSIK TANDANG)
MUSIK, KACAPI SULING.
(MANG KARMA, DATANG RUSUH, AMBEK, NGAJINGING GEGENDIR)
115 MANG KARMA—– : (NYENTAK) Héy, Kabayan !
Munding dugul nu saha, hah? Nu manéh lain, hah ?
116 SI KABAYAN——- : (AYEM) Jeh, naha datang-datang bet
ngambek.
Aya naon, Mang Karma ?
117 MANG KARMA—– : (AMBEK) Tuh deuleu, paré aing keur
beukah, béak sakotak dihakan ku munding sia, Kabayan !
Gantian siah, lamun henteu, aing rék lapor ka pulisi.
118 SI KABAYAN——- : Jéh, ulah ngambek ka Uing atuh.
Da éta mah urusan si Abah.
119 MANG KARMA—– : Enggeus deuleu, geus ngomong ka si
Abah mah.
Ceuk si Abah, manéh anu kudu ngagantian.
120 SI KABAYAN——- : Ey, ngeunah éhé teu ngeunah éon
atuh.
Ké, da nanaon ge kudu puguh urusanana.
(BEDAS, NGAGERO) Baaaaah, Abaaaaah !!
MUSIK TEGANG, ABAH NYAMPEURKEUN RUSUH)
121 ABAH—————- : (AMBEK) Aya naon sia téh, Babayan?
Teu sopan, ka kolot gogorowokan.
122 SI KABAYAN——- : (NUNJUK ) Ituuuuuh, Mang Karma
ngambek, paréna béak sakotak dihakan ku munding Abah.
Naha maké ménta ganti rugi ka Uing?
123 ABAH—————- : Ari sia, kalah ngambek ka kami ?
Pan éta téh munding duaan.
Nya gantian ku maneh, peupeuriheun ngarit embung.
124 SI KABAYAN——- : Ké, ké, ké… ari anu ngahakan paré,
bujurna, atawa huluna?
125 ABAH—————- : Di mana-mana gé anu nyatu mah huluna,
Kabayan!
126 SI KABAYAN——- : Nya heueuh, nu ngahakan paré Mang
Karma téh munding Abah, lain munding Uing.
Jadi anu kudu ngagantian mah Abah, lain Uing.
(NGALEOS TEU LUAK-LIEUK, KALUAR TI PANGGUNG)
127 ABAH—————- : (BARI MELONG) Ituh si Borokokok,
kalah mantog !
Dasar, minantu gejul….
128 MANG KARMA—– : (TEUGEUG) Bah, kumaha ieu téh?
Rék ngagantian atawa moal? Mun moal, hayu urang ka
Kantor Pulisi.
129 ABAH————— : (GUGUP) His, ulah kitu, ulah kitu.
Keun, ku Abah digantian, sabaraha kintaleun?
130 MANG KARMA—— : Sakintal paré garing, Bah.
131 ABAH————— : Heug, hayu ka Leuit…
132 MANG KARMA—— : Mangga, Bah.
BABAH JEUNG MANG KARMA KALUAR TI PANGGUNG, MUSIK
PANYELANG, KACAPI SULING.
NARATOR:
=========Pamiarsa sadaya. Heuleut sataun ti
harita, munding téh ngajuru, anakna dua. Si Kabayan jeung Abah bungaheun
pisan, malah Iteung jeung Lamsijan gé datang narempo===============================================
133 NYI ITEUNG——– : Tuh, Kang Lamsijan.
Da enyaan, munding téh geus anakan, heug mani dua.
134 LAMSIJAN———- : Heueuh, bagja temen, Iteung.
Sukur Alhamdulillah, ari leukeun mah teu burung aya
hasilna. Téréh batian atuh usaha téh.
135 NYI ITEUNG——– : Enya, keur mujur Kang Kabayan téh.
136 LAMSIJAN———- : Heueuh Kuring ogé milu bungah.
137 NYI ITEUNG——– : Héy, Kang Kabayan.
Selamat, yah…..
138 SI KABAYAN——– : Naon éta téh yuhyuh-yahyah sagala?
139 NYI ITEUNG——– : Iiiiih, apan milu bungah ka Akang,
ngingu munding geus batian. Kumaha, ari Abah geus dibéjaan?
140 SI KABAYAN——– : Teuing, tanyakeun wé ka si
Lamsijan.
141 LAMSIJAN———- : Enggeus, tadi dibéjaan.
Geura, moal lila deui ge ka dieu. Tuh geuning… (NUNJUK)
ABAH JEUNG AMBU DARATANG BARI SURA-SEURI, BUNGAH.
142 ABAH————— : Hahahaha, héhéhéhé, bagja Ambu.
Usaha téh téréh batian, sabab munding geus anakan.
143 AMBU————– : Heueuh, matak gé kudu rajin, Bah.
Ari ku daék jeung leukeun mah, moal burung aya
hasilna. Tah geuning munding téh anakan.
144 ABAH————— : Héy, Kabayan !
Urang teh meunang bagja, euy.
Anak munding téh mani marontok, heug mani
sadua-dua. Meureun hiji séwang, nya euy?
145 AMBU————— : Nya heueuh hjiji séwang, apan modalna
gé papatungan.
146 NYI ITEUNG——– : (NOEL) Héy, Kang Kabayan!
Ku naon haré-haré waé? Ituh Abah jeung Ambu ngajak
nyarita. Ulah kitu ka kolot téh, pamali.
147 SI KABAYAN——– : (API-API) Ngomong naon cenah,
Lamsijan ?
148 LAMSIJAN———- : Ih, manéh mah diajak ngomong ku
Iteung, kalah nanya ka kami. Abah jeung Ambu téh bungaheun, mundingna geus
anakan.
149 SI KABAYAN——– : Munding saha?
150 LAMSIJAN———- : Iiih, sok kitu manéh mah, Kabayan.
Munding manéh jeung munding Abah geus anakan.
151 SI KABAYAN——– : (TANDES) His, teu bisa, teu bisa,
teu bisa! Peun !!
152 ABAH————— : Naon, Kabayan ?? Naon anu teu bisa
téh, hah?
153 SI KABAYAN——– : (TATAG) Anu anakan téh lain
munding Abah, tapi munding Uing. Rék dibagi dua kumaha?
Sanajan anakna sawidak ogé, tetep milik Uing, teu bisa
dibagi-bagi. Teu…, teu bisa.
154 ABAH—————- : (AMBEK, NYENTAK) Naoooon? Rek nipu ka
kolot?
155 AMBU————— : Heueuh, dasar minantu ucut burung,
euweuh pisan kehidengan, kalakuan angger waé, teu aya euih-euihna.
Sia téh, iraha rek eling, Kabayan?
Kumaha urusanana, maké ngomong kitu?
Belegug !
156 SI KABAYAN——– : Haaaaar, naha ari Abah jeung Ambu
bet kitu?
Poho. atawa api-api poho?
Pan geus heula cak, Munding Abah ka huluna, munding
Uing ka bujurna.
157 ABAH—————- : Nya heueuh urusan éta mah kitu.
158 SI KABAYAN——– : Ari anu ngajuru, huluna atawa
bujurna?
159 ABAH—————- : Nya di mana-mana gé nu ngajuru mah
bujurna, belegug !
Naha ari sia bet bodo-bodo teuing, nu kitu-kitu waé
teu ngarti ??
160 SI KABAYAN——– : Lain bodo Bah.
Pan nu ngajuru téh munding Uing.
Naha Abah maké ngaku-ngaku?
Ieu mah duanana ge munding Uing, da ngajuruna gé tina
bujurna, lain tina huluna. Héhéhéhé..héhéhé…
161 ABAH—————- : (AMBEK, JENGKEL) Haduh, kéhéd siah,
borokokok.
Na sia téh kabina-bina teuing ka kolot?
Kumawani nipu deuleu? Kaya kieu mah aing téh teu sudi
najis, maké kudu papatungan jeung minantu atah adol.
(BEDAS) Peuncit wé munding teh, siah !
162 SI KABAYAN——– : (AYEM) Jéh, pék teuing rék
dipeuncit mah.
Di mana-mana ge meuncit munding mah beuheungna, tara
bujurna.
Eta mah munding Abah, munding Uing mah moal kapeuncit.
163 ABAH—————- : (NYENTAK) Lamsijaaaaaan !
Téang tukang jagal, euy !
Urang meuncit munding, sakalian jeung si Kabayan.
Tuman teuing.
164 SI KABAYAN——– : (REUWAS) Hah? mati…. Aku !
165 NYI ITEUNG——– : (NGAJERIT) Abaaaaaaah, ulah kitu !
Naha bet téga ka anak?
Kang Kabayan, ieu Iteung, Kaaaang !
MUSIK TEGANG, NYI ITEUNG NUBRUK SI KABAYAN.
ABAH, AMBU, JEUNG LAMSIJAN CAROLOHOK.
NARATOR:
=========Pamiarsa sadaya. Sakitu nu kapihatur, mugia
tiasa kahibur. Sim kuring saparakanca neda sihapunten tina samudayaning
kalepatan.
Cag.
===========================================================
TAMAT.
MUSIK PANUTUP
No comments:
Post a Comment